Hariring-Dadang-HPHIJI waktu sobat kuring anu pituin urang Bogor anu geus mangpuluh-puluh taun cicing di saluareun Bogor, nanyakeun kaayaan Bogor ayeuna. Puguh wè rada bingung kudu kumaha ngajawabna. Naha kudu dijawab yèn Kota Bogor mah kota panganu dipikacintana  ku pangeusina sadunya, pèdah loba pisan anu nyieun lambang nyaah (Love) di hareupeun hatèna bari marèjèng, atawa kota anu pangpikasebeleunna ka dua sadunya hususna mangsa keur naèk kandaraan? Nu pangjelasna mah dina urusan jalan asa beuki leutik kusuna anu muteran Kebon Raya Bogor, padahal ceuk para ahli sumber kamacètan tèh pan kulantaran jalanna sempit. Ari ieu kalab beuki dileutikan.

Patanyaan anu kadua basajan, naha Kota Bogor jeung nagara urang kaasup nagara miskin? Tah ieu mah hèsè pisan pikeun ngajawna. Tapi lamun ukuranna kandaraan, unggal imah di Kota Bogor, pasti barogaeun motor, aya kana dua tiluna. Naha èta motor meunang meuli ngiridit atawa meuli lunas duka tèh teuing. Sebutan nagara miskin sorangan sabenerna geus teu aya sarta diganti ku nagara berkembang. Salah sahiji cirina nyaèta kakurangan bahan atawa kabutuhan sapopoè diantarana kadaharan (pangan) pakèan (pangan), imah, jeung palayanan kasèhatan. Kamiskinan dina hal ieu hartina, minangka kaayaan kalangkaan barang jeung palayanan anu sakuduna aya (dasar).

Sedengkeun kabutuhan social diantarana  teu mampu ilubiung du masarakat  kaasup dina dunya pendidikan jeung kabutuhan bèja atawa informasi. Dumasar kana panghasilan nu miskin geus puguh panghasilan leutik sarta teu bisa nyukupan kabutuhan sapopoè. Ceuk bèja dina Koran kènèh, sababarah taun kaliwat, urang Indonèsia masih kènèh anu panglobana kondomonium di Singapura disbanding 11 nagara lianna. Malah anu dibeulina ogè lain kelas umum tapi kelas èlit. Numutkeun pamadegan Kepala Riset Janes Long Lasalle Indonesia, Anton Sitorus dalapan taun kaliwat, 21 persèn kondominimum anu aya di Singapura dibareuli ku urang Indonesia.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Tapi lamun dasarkan kana ieu wungkul asa masih kènèh tojaiah, sabab loba kènèh kulawarga anu can barogaeun imah sorangan (kaws kuring) masih kènèh jadi pilot, alias nyempil di kolot. Lain teu hayangeun boga imah sorangan, tapi panghasilanna teu nyukupan pikeun meuli imah. Dalah mangsa dibèrè gering dua poè ogè (purah nèangan duitna) sakulawarga geus bingungeun pisan, sabab umumna nu panghasilan handap mah teu boga tabungan pisan, èstuning korèh-korèh cok, beunang ayeuna pikeun ayeuna, teu bisa diteudeun pikeun isukan. Numatak sakudana mah, mimiti ti pusat, provinsi nepi ka pamarèntahan kota tèh nyiptakeun lapangan pagawèan  pikeun rahayatna, lain ngan saukur mapantes jeung mapaèsan kota wungkul sangkan èndah tapi ngawangun gawè bareng jeung pihak anu lian nyadiakeun lapangan pagawèan pikeun wargana.

Salian ti èta, di sagedèngeun urang aya kènèh anu dahar isuk henteu sore atawa dina manggihna ogè ukuranna ukur seubeuh wungkul jajauheun tina opat sèhat lima sampurna. Ukuran kamiskinan absolute (saenyana) ceuk  Bank Dunia mah lamun anu panghasilanna kurang ti sadolar sapoèna. Jadi lamun sadolar ayeuna pangajina Rp 12 rèbu meureun di sahandapeun èta disebut miskin atawa masakat enyaan. Naha aya kènèh? Rarasaan  mah aya, anu marulungan  runtah di Galuga jeung plastic pikeun jualeun (kusabab nu narèangan beuki loba) sigana mah kurang ti sakitu. Conto lianna loba kènèh anu tingtarangkèl dina angkot bari namprakeun gelas plastic kosong, salian ti anu darangdanna araranèh.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Tah anu nararangkèl bari namprakkeun gelas kosong  tèh lolobana sakuduna meujeuhna sakuduna meujeuhna sakola, atawa nu daragang tissue di lampu beureum,” saur Kang Totong urang Warung Jambu anu imahna di sateukangeun taneuh anu geus dibeuli ku Pemda Kota tapi teu bisa dipakè kusabab aya pasualan korupsi di jerona. Puguh wè duit puluhan milyar tèh jadi taya hartina, mun dibeulikeun bèas hèg dibagikeun mah, pasti aya mangpaatna.  Ciri nagara miskin ceuk Kang Sam mah, nempo tina kaayaan jurigna. Di luar nagri mah, jurig tèh marakè jas alus, sedengkeun di urang mah, Kunti pan pakèanna geus gorèng bari jeun teu ganti-ganti.

“Tuyul mah pan teu bogaeun baju-baju acan. Tandana nagara urang masih miskin,”pokna bari seuri.

============================================================
============================================================
============================================================