Hariring-Dadang-HPKEUR anteng ngalamun bari nempokeun hayam anu silih udag jeung baturna di buruan, kadèngè, hawar-hawar aya nu keur latihan qasidahan, nu ngawihna budak leutik, mun teu salah sorana Nèng Devi, incuna Bi Anah, anu imahna  deukeut warung sangu Ceu Anih. Rumpakana tèh kieu:

Belajar di waktu kecil, ibarat  menatah diatas batu

Belajar waktu dewasa laksana menatah diatas air

Kalimah  dina lagu qasidahan èta meneran pisan jeung kaayaan manusa. Sabab diajar mah kudu ti leuleutik, lamun geus badag atawa kolot mah, hèsè inget gancang poho. Sabab salain ti daya ingetna mimiti ngurangan geus kolot mah pastina loba pisan pasualan anu kudu dihareupan. Lain pasualan diajar waè anu kudu dilarapkeun atawa dibiasakeun mangsa keur budak tèh, tapi ogè kadisiplinan, hususna dina milampah pagawèan anu hade, diantarana ibdah shalat. Lamun geus dibiasakeun ti leuleutik, insya Allah, geus gedèna moal tinggaleun-tinggaleun teuing, malah aya diantarana anu nganggap shalat tèh hutang, lamun can shalat asa can mayar hutang. Numutkeun Kang Wandi anu kulawargana aya 7 urang, 2 awèwè 5 lalaki. Dina urusan nitah sholat anu panggetèn jeung pangstrèngna, indungna.

“Mangsa subuh, kabèh kamar digedoran dititah sholat. Nepi ka babaturan anu ngarèndong hèg biasa hudang beurang mah teu daèkeun ngèndong deui,” pokna bari mesèm nginget-nginget mangsa leutik dirina. Malah indungna mah nepi ka ngabsèn, naha kabèh anak-anakna geus sharolat acan. Sakabèh sendalna dipariksa, lamun masih kènèh pastina can kacai, sabab lamun geus wudu mah, pastina sukuna baseuh. Tah palebah dieu mah, kanyaah indung tèh lain ngan saukur ngeusian jasmanina wungkul, tapi ruhanina ogè kudu pepek, sangkan hirup anak-anakna teu nyasab, tanggungjawab kana ajaran agama anu bakal nyalametkeun  di dunya jeung ahèrat.

“Karasa ayeuna mah didikan indung tèh, sigana lamun harita teu ajar disiplin kana shalat, meureun ayeuna tèh kuring jeung adi sarta lanceuk kuring rada mumul kana shalat. Tapi Alhamdulillah dina urusan èta mah, asa tara tinggaleun,”pokna daria. Sikep disiplin anu diterapkeun mangsa keur leutik, diantarana henteu miceun runtah padu waè, nyimpen sapatu dina wadah rak, diajar, ulin aya waktuna, lalajo tipi ogè diatur ulah nepi ka teu migawè PR gara-gara nongton tipi atawa ulin games dina computer atawa HP,  pagawèan anu kudu dibiasakeun mangsa keur leutik. Numatak teu salah upami saur Kang Wahyu, Bu Yayah sareng Kang Ikat, di SD mah, barudak tèh leuwih dititikbeuratkeun kana pendidikan karakter.

“Lain dititah pinter. Budak kahareupna di sina mandiri, bisa milah-milah mana anu salah jeung mana anu bener lamun cerdas mah. Maranèhanna bakal bisa ngaheulakeun anu bisa dipigawè jeung leuwih penting,” saur Kang Wahyu. Urusan shalat upamana, di sakola ogè geus dijarkeun, boh shalat Duha atawa shalat Dzuhur babarengan. Kitu  ogè mangsa keur Qurban, pan barudak ogè dicontoan pikeun miluan sakurangna diterangkeun kumaha pangorbanan Nabi Ibrahim kudu meuncit anakna Nabi Ismail, minangka ujian kaimanan anu sumpingna ti Allah SWT.

“Tah èta lamun di jaman Bapa Edgar mah anu disebut Ngabogor Bodas, najan hèsè tapi rèngsè,”saur Kang Ikat. Ngeunaan diajar ti leuleutik ieu, aya carita anu rada ahèng ti babaturan kuring, Kang Herlan Sonjaya. Lamun parengan shalat atawa nempokeun manèhna shalat, mani asa sakolèpat pisan, malah kuring mah nepi ka nanyakeun langsung naha shalat Lohor tèh 4 rakaat atawa  2 rokaat, mani asa ku cepet-cepet teuing.

“Mana aya shalat Lohor 2 rakaat èntè mah nanya tèh kawas ka budak bolon waè,” pokna tèh.

“Naha mani ku asa cepet pisan shalat tèh?”

“Yeuh kuring mah diajar shalat tèh ti leuleutik kènèh jadi geus gapah pisan, lamun cepet tèa mah pantes. Nu naèk tangkal ogè beuki pinter mah beuki cepet. Sopir ogè pan kitu, beuki gapah beuki hèbat mawana beuki ngebut. Jadi lamun shalat kuring cepet ulah anèh nya,” jawabna tèh bari seuri. Hè…hè……hè.