Hariring-Dadang-HPDINA nyanghareupan panyakit anu narajang kana dirina, sikep manusa rupa-rupa pisan. Aya nu ngantepkeun malah dilawan. Mangsa geringna ukur paranas tiris mah, kalah ngahajakeun huhujanan.

“Tuman panyakit mah ulah diturutkeun, kudu dilawan pokna tèh,” bari muka bajuna anu jibrug baseuh ku cihujan Cageur? Sigana mah henteu, sabab peutingna katempo kaluar ti imah dianteur ku pamajikanna, berobat ka dokter cena, awakna tambah nirisan. Enya mangsa keur  budak atawa rumaja kènèh mah, bisa diantepkeun atawa dilawan, sabab anti bodi di jero awakna alus kènèh, kitu ogè jeroanna teu ruksak. Mangsa umur geus  leuwih ti satengah abad mah, beuh ulah coba-coba. Tong boroning kudu huhujanan, sanajan geus make jas hujan anu sakitu rekèpna ogè, nepi ka imah tèh kudu dikerokan sarta sagala dirasa. Lima puluh sigana tèh jadi wates kayaan awak anu geus kudu loba “diservis” sabab geus loba anu ruksak. Pan lamun  ngabungbang sapeuting ogè, dibayarna tèh kudu tilu opat poèna, Lamun ceuk basa ayeuna mah recoveryna tèh  lila pisan, jaba lamun geus kaganggu hèsè balik deui kana kondisi sabihari deui. Kitu ogè dina urusan kadaharan, kudu ati-ati pisan, teu meunang sambarangan atawa sagawayah, salah anu didahar, balukarna  bakal aya anu dirasa, lamun teu cararangkeul nya hèsè sarè, ah pokona mah asa aya anu dirasa wè. Umur lima puluh ogè sigana wates kasadaran manusa mangsa hirup di dunya, kudu kumaha jeung naon anu disiapkeun pikeun bekel balik. Lamun dina umur sakitu masih kènèh “ngoboy” teu daèk pisan tobat, tara ngalaksanakeun kawajiban agama, daèk kènèh nyèkèk botol, tipsani, tipu sana-sini, daèk kènèh ngaranyèd atawa dahar daging atah, bisa dipastikeun geus sasab, sarta mulangna ogè teuing  kamana tah.  Kamurahan Allah ka mahlukna diantaran ku pangbèrèan panyakit pikeun ngurangan dosa-dosana. Sabagèan deui nyebutkeun yèn panyakit tèh rejeki. Allah maparin panyakit ka hambana, boh mangrupa cobaan atawa ujian.. Aya ogè anu ngarasa bagya mangsa keur gering. Dina salah sawios hadistna  Kangjeng Rasusullah SAW nyanggem. Saenyana Allah  berfirman dina poèan kiamat, Hè anak Adam  saenyana kuring gering,kunaon teu ngaralayad. Anak Adam nembalan,  Kumaha kuring ngalongok ANJEUN Pangeran, padahal ANJEUN Rabb sakuliah alam.  Allah ngawaler : Naha maranèh teu nyaho yèn hamba KURING si Fulan keur gering  jeung kusabab maranèh teu ngaralongok , KURING bakal aya di dinya . (H.R. Muslim). Tina hadist ieu jelas disebutkeun yèn Allah teu ninggalkeun jalma-jalma mukmin anu gering, sarta kacida manghanjakalkeun ka umat Muslim anu tara ngaralongok ka  sasamana anu keur nandangan panyakit.

Pikeun ieu Rasulullah SAW kantos nyabda,  kacida manghèrankeun urusan jalma anu arariman  èta, sakabèh urusanna nyaèta  kahadèan pikeun dirina, sarta moal mungkin kajadian lamun lain pikeun jalma anu airman. Lamun meunang nikmat maranèhanna ngucap jeung ngarasa syukur  nepi nu kitu tèh mangrupa kahadèan pikeun dirina.  Mangsa meunang cobaan mangka maranèhna salabar mangka  èta ogè jadi kahadèan ogè pikeun dirina. (HR. Muslim). Kusabab kitu sikep nyangka alus ka Allah mangsa keur nandangan panyakit jasmanina aya sajuta kani’matan minangka pangwujudan kanyaah Allah ka anu garering sangkan sabar, sabab sagalana geus disiapkeun ku Allah.

“Ulah ngarasa hina ku kayaan gering, kuduna mah syukur kusabab anu gering èta kapilih ku Allah  pikeun narima rejeki  gering . Bisa jadi ku gering èta, jadi panyabab deukeutna ka Allah anu salila ieu ditinggalkeun kusabab kasibukan dunya .  Gering ogè salah sahiji cara Allah malikeun hambana sangkan balik deui ka asal,” ceuk salah saurang Ustad anub remen  ngeusian pangajian di sababaraha majlis  Ta’lim.  Dina hadist sanèsna Kangjeng Rasul nyabda anuy eusian yèn  manusa anu pangbeuratna narima cobaan nyaèta para nabi, saterusna  jalma-jalma solèh jeung jalma-jalma anu saentraganna sarta saterusna. (HR Bukhari)

Jadi lamun tèa mah aya sababaraha anu keur nandangan gering sakuduna mah ngarasa bungah, lamun teu ujian  èta tèh cobaan sarta salah sahiji cara pikeun ngurangan dosa. Tibatan asup kana golongan kana  jalma-jalma anu disungkun ku Gusti Allah, teu dibèrè gering, dibèrè harta anu sakitu  lobana, pangkat  luhur bari tara pisan ngarasa syukur.