Hariring-Dadang-HPTEU salah lamun urang Sunda dina nangtukeun calon pamingpin tah loba pisan  saratna, salian ti Nyunda, Nyantri, Nyakola, Nyanatana oge kudu Nyamen, Dina harti sakolana kudu tamat. Nyunda hartiana nyaho  kana adab-adaban, ajeun-inajeun kaluhungan budaya Sunda. Kumaha nyanghareupan anu  leuwih kolot. Sakurangna dina  panggunaan basa mah nyaho undak-usuk basa. Ulah nepi ka ngagunakeun kecap pikeun sato ka manusa.

Bapa keur hees, ceuk salah sahiji  pamingpin ka babaturanna. Tah ulah nepi ka kitu. Ngeunaan pamingpin butuh sarat sakumaha disebutkeun di luhur sabab geus pernah kajadian. Lamun diantepeun matak picilakaeun. Kètang pamingpin mah lain ngan saukur pinter tapi kudu dibarengan ku jujur jeung ahlak anu hadè.  Loba pamingpin anu pinter wungkul tapi tungtungna loba anu urusan jeung hokum. Sanajan geus loba anu kacareg deleg tuluy dijebloskeun ka jero bui nu korupsi bangun taya kapokna. Jumlahna kalah beuki ngalobaan. Siga anu ngahajakeun atawa mèmang ngahaja nèangan duit pikeun pangsieun kitu.

Sanajan ukur lulusan SD, Ujang Nahrowi dina urusan nyiar dunya  mah teu èlèh  ku nu sakarola luhur. Imah sigrong, motor jeung mobil nampeu, sawah upluk-aplak, kebon lega, balong jeung eusina ngaleuya. Ceuk paribasa mah, hartana bru di juru, bro di panto ngalayah di tengah imah. Lain warisan ti kolotna, tapi meunang itikurih sorangan Mimitina mah sok ngaborongan tangkal, tuluy dijieun kayu dikirimmkeun ka toko bahan bangunan. Lila-lila mah bakating ku junun, boga toko material sorangan. Tuluy ngagadèan sawah, balong jeung kebon nepi ka kabeulina. Usahana beuki maju saentas boga heleur sorangan. Sabab di kampungna anu masih kènèh loba sawahna lamun ngaheleur jauh pisan. Salian ti èta ampir unggal poè panèn lèlè dijual ka tukang wuduk anu ngaleuya di kacamatan. Salian ti bèrèhan daèk nulung ka nu butuh nalang ka nu susah, Ujang teu pernah robah sikep, angger handap asor, teu adigung adiguna. Pamajikanana ogè sarua bageurna, pokona mah nurub cupu jeung Ujang mah, kawas botol jeung cocokna. Sanajan geus kaasup kulawarga anu dipikaserab, Ujang angger encan ngarasa cukup.

“Uing kudu jadi Kuwu, mana teuing bagyana. Urusan waragad mah moal mundur,”pokna ka alona anu sarjana, Komar. Nempo tèkad mamangna anu buleud, Komar ahirna tunyu-tanya ka nu ngarti, Horèng salah sahiji saratna sakurangna kudu lulusan SMP.

“Kumaha atuh, Mar? pan Emang ukur lulusan SD,”pokna tèh.

“Tenang Mang, ayeuna mah aya PKBM. Emang kantun ngiringan Paket B, sadarajat jeung lulusan SMP. Insya Allah tiasa nyalon, Mang,” tèmbal Komar bari tuluy ngaharèwoskeun syarat-syarat sèjènna. Nu diharèwosan unggeuk, ngarti bari jeung bungah.

Lantaran boga modal sagalana, enya wè Ujang Nahrowi tèh kapilih jadi Kuwu atawa Kepala Desa, Sekdesn  nya Komar, alona anu sarjana tèa. Teu keueung aya Komar mah, sakabèh pagawèan ditangkes ku manèhna, bèrès roes wè.

Hiji waktu Kades Ujang Nahrowi jeung Camat Medi diondang pikeun ngaresmikeun pabrik Tekstil. Kulantaran aya pasualan daria, Camat Medi digentraan ku Bupati. Atuh pikeun ngaresmikeun pabrik tekstil anyar the dipasrahkeun ka Kades Ujang. Nempo galagat kitu gancang manèhna ngaharèwos ka Sekdesna sangkan nyieun konsep pidato. Hanjakal kulantaran buru-buru tulisanna tèh teu pati jelas. Basa diumumkeun ku panata acara yèn Pa Kades anu rèk muka kalayan resmi, Sekdes Komar hideng maturan.

Teu panjang lebar pidato, gancang wè Kades tèh ngaresmikeun pabrik anyar.

“Dengan Rido Tuhan Yang Maha Esa Pabrik Tektil ini saya resmikan,” pokna tèh tarik pisan.

“Pa kurang ès,” ceuk Sekdes Komar ngaharèwos ngabenerkeun sabab nyebutna Tektil lain Tekstil.

“Mohon maaf Pabrik Tektil dan Pabrik ès,” Kades nyaritana angger kenceng. Nu haladir bingung, sabab anu katempo ukur pabrik  tekstil wungkul, taya pabrik esna.