Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PARENGAN naèk 03 anu trayèkna BuÂbulak – Baranangsiang, palebah Tugu Kujang, ayeuna mah, jadi rada ngahuÂleng, sabab di satukangeunana, ngaÂjegir wangunan anu can anggeus, anu ceunah mah èta tèh hotel. Hanjakalna, ceuk panumpang dina angkot, kunaon wangunan hotel ieu “diidzinan†leuwih luhur tibatan Tugu Kujang anu jadi lamÂbang tur kareueus urang Bogor.
“Teu ngarti kuring mah, aya naon ieu tèh?†pokna nanyakeun ka babaturaÂnana nu diuk di sabeulaheun. Nu ditanya teu nèmbalan, kalah gogodeg. Teuing pèdah èta jalma tèh pagawè PNS (kaÂtempo dina bajuna) embung nèmbalan tèh. Keuna paribasa heurin ku lètah. Hanjakalna mata batin tèh lolong, moloÂtot kawas peda, jadi teu apal eusi hatena.
Kètang urusan eusi hate mah, taya nu nyahoeun, ukur dirina jeung Nu NyipÂtakeunana. Ngan dikira-kira, sigana mah eusi hatèna tèh sarua jeung eusi hate kuring, salaku urang Bogor nganaha-naha jeung manghanjakalkeun ayana wangunan anu luhurna leuwih tibatan Tugu Kujang. Palebah dieu mah teu maidokeun, sakapeung manusa mah kudu remen ngusap dada jeung istigfar, ngawayahnakeun manèh migawè anu teu saluyu jeung eusi hate, sanajan anu digawèanana tèh pakètrok jeung bebenÂeran. Kumaha deui atuh, lamun teu kitu sieun kieu.
Dina facebook, sual ieu tèh mani ramè pisan, lolobana manghanjakalkeun kana ayana èta, basana rupa-rupa, aya anu ku sindir sampir, aya ogè nu nyacamÂpah laklak dasar, bari nyebut hiji ngaran.
Sanajan kitu aya ogè anu nyatujuan bari nyebutkeun yèn di luar nagri ogè aya kajadian samodèl kitu. Teuing naon tah maksudna, nepi nyokot conto di luar nagri sagala. Saujratna urang kudu geus bisa nangtukeun prinsip sorangan saluyu jeung budaya sorangan, can tangtu anu diimpor ti bangsa deungeun bisa dilarapkeun di dieu. Gogorowokan tèh teu ngajadikeun matak, ukur sawates nepi ka palebah dinya. Sabab sanajan gogorowokan nepi ka bèak sora, wanÂgunana geus jadi kari nganggeuskeun. Ceuk anu manghanjakalkeun èta, kuÂduna mah para gegedèn tèh bisa ngahaÂrgaan kana jasana Walikota nu baheula, anu geus ngadegkeun Tugu Kujang nepi ka Kota Bogor boga ciri nu mandiri.
“Lain kalahka dihalangan ku wanguÂnan hotel,â€pokna tèh bari kekerot banÂgun nu keuheul kacida.
Monumen Tugu Kujang anu salila ieu jadi kareueus urang Bogor, dina salah sahiji katerangan disebutkeun diÂpasangna tèh dina taun 1982, samangsa Walikota Bogorna, Achmad Sobana dina rarangka mièling milangkala BoÂgor anu ka 500 taun. Ceuk sababaraha sumber anu ilubiung masangkeun tugu kujang ieu, diteundeunna dina tugu anu luhurna 17 meter tèh ngagunakeun helicopter sagala. Malah teu gampang, nepi ka sababaraha kali masangkeunana tèh. Di jaman Achmad Sobana kènèh, dicitak buku Sajarah Bogor beunangnga Drs. Salèh Danasasmita, tur dina taun kamari dicitak ulang ku Panitia Sarèbu Pikeun Buku dina basa Sunda, sarta geus dibagikeun ka sakola-sakola.
“Pikeun masangkeunana nepi ka aya acara husus sagala, sabab ieu mah raket patalina jeung urusan karuhun baheula, hususna Eyang Prabu Siliwangi Raja PakÂuan Pajajaran anu kawènta,†ceuk hiji sumber anu ngaku milu marancahan sangkan èta Kujang anu beuratna kurang leuwih 800 kg, tur luhurna 7 meter ieu dijieunna tina campuran tambaga jeung kuningan sarta dilapisan ku bahan stainÂless steel. Unggal taun dina raraga mièling milangkala Bogor tugu ieu sok dikumbah, sangkan tetep mèncrang. Eta tèh minangÂka tanda nyaah kana Tugu Kujang.
Enya, sakapeung mah ngarasa teu ngarti tah, kana pamikiran para gegedèn jeung jalma palinter tèh. Sabab nepi ka kiwari sanajan geus loba anu nanyakeun jeung manghanjakalkeun ogè, taya jawaÂban resmi ngeunaan hal èta. Lamun diÂantepkeun waè, bisa jadi kapanasaran ayana tèh disimpulkeun kana hal-hal anu negatif.
Sabab teu sakabèh pasualan dicicÂingkeun, diantepkeun kamana ngamalirÂna, bisi “caina†ngagèdèan ngaruksak ka mana-mana. Sabab èta mah nembrak pisan, katempo ku sarèrèa, sirikna nyolok panon buncelik. Mangga ah, diantosan walerananana ti nu dibarendo, ulah balem waè, komo bari jeung nyumput waè gorèng pisan nya. Tariiik Mang !