Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TAS ngalongok babaturanana diÂrawat di rumah sakit, Ki Madi teu buru-buru balik ieuh, hayoh kalahÂka terus ka Gunung Batu, maksudna rèk terus sarapan bubur hayam kebeukina. Di tempat anu dijugjug kasampak dulurna, Ki Tatang, keur nyanghareupan bubur hayam.
“Aèh mulih ti mana kang?â€Ki Tatang nanya ka kapilanceukna.
“Puguh tas ti rumah sakit, ngÂalongok anu keur dirawat,â€tèmbal Ki Madi bari gèk diuk hareupeun kapiadina.
“Na teu damang naon kitu?â€
“Panyakit hatè,â€jawabna.
“Kutan, na tiasa kitu anu keuna panyakit hatè diubaran di rumah sakit, anu kitu mah sanès ku para Kiai, Ulama atawa nyeueurkeun ngaos di majlis kang,â€Ki Tatang banÂgun nu bingung.
“Enya puguh ogè, meureun di urang mah nu kitu tèh liver tèa atawa hepatitis meuerun sabab mun teu salah mimitina tèh awakna panas pisan, mèncrèt atawa diare kapapanjangan, tulang jeung sanÂdi-sandi nyareri, sumanget jeung beurat awak cepet pisan nyirorot, geus kitu sok ngaco lamun keur katarajang ,†saur Ki Madi.
“Oh, mun teu lepat mah aya tilu golongan kang Hepatitis tèh, A, B jeung C, saurna tèh, leres kitu?â€
“Enya, anu A mah kawilang hampang, anuj rada beurat mah B jeung C, sabab sumebarna tèh bisa ngaliwatan getih, cimani, boh nu lalaki atawa awèwè, cipanon jeung cikiih, malah lain èta wungÂkul. Transfusi getih anu gus kaeuÂnaan virus hepatitis, ngagunakeun jarum suntik narkoba babarengan, migawè seks anu kurang sèhat, indÂung anu geus keuna ku virus HepatiÂtis B ogè bisa nepa ka orok anu keur dikandungna,†saur Ki Madi bari reg eureun, obrolanana kapegat ku tukang bubur anuj ngasongkeun pesenana.
Ari panyakit hatè anu dimakÂsudkeun ku manèh mah tadi, meuÂreun riya, sombong, sirik, dengki, fitnah, hasud, sangkaan gorèng jeung hianat.
Panyakit riya ieu anu ngarukÂsak pisan ibadah nyaèta nyieun kahadèan atawa ibadah anu maksudna mah pamèr ka manusa sangkan disangka rajin jeung puÂpujieun ambèh disebut ahli ibadah kawas shalat, puasa, sidèkah jsbna.
Ciri-cirina aya tilu nyaèta lamun dihareupeun nu sèjèn rajin pisan, lamun sorangan mah kedul, hayang meunang pujian dina sagala urusan.
Anu kadua sombong, agul, asa aing pang akangna atawa pangbisana, nganggap dirina panghèbatna sarta nu sèjèn mah taya nanaonan. PadaÂhal jelas pisan Allah ngahulag manusa sangkan ulah sombong, tur ceuceub ka mahlukna boga sikep kitu.
Sakumaha dawuhan Allah SWT dina surah Al Israa 37, “ Jeung maÂranèh entong leuleumpangan di luhureun bumi ieu bari jeung somÂbong, sabab saenya-enyana maraÂnèh sakumaha ogè moal bisa nyuÂsup taneuh (bumi) sarta maranèh moal nepi saluhur gunung. Kitu ogè sirik pidik jail kaniaya, nempo batur bagya urang kalahka susah, batur sangsara urang surak. â€
“Sigana mun diantepkeun, picilakaeun nya, Kang?â€
“Bener pisan, aya sababaraha cara ngubaran panyakit hatè anu ieu mah diantarana, tong loba ngomong sabab lamun loba teuing ngomong hatè jadi teuas, saperluna we, komo deui nepi ka ngawadul, ngomongkeun batur mah. Kadua kudu bisa nahan ambek jeung ngaÂjaga hawa nafsu. Ambek-ambekan hatè jadi marojèngja.
Ngajaga hawa nafsu tèh dianÂtarana kana harta banda, dahar, seks, jabatan jrrd. Tah hawa nafsu tèh èlèhna ku loba ngosongkeun beuteung, ngalakonan puasa wajib jeung sunnah kayaning Sènèn-KeÂmis, atawa puasa kawas Nabi Daud, jeung puasa sèjènna.
Katiluna salilana ngadeukeÂutkeun diri ka Allah SWT, saperti migawè shalat wajib, lima waktu, ngalobakeun maca Qur’an, remen ngahadiran pangajian. Kaopatna ngadeukeutan atawa idek liher jeung jalma-jalma solèh. Insya Allah lamun urang remen ngaji, deukeut jeung jalma-jalma sarolèh, hatè bakal leuleus jeung gampang nariÂma kana kabeneran ti Allah.
Sabab lamun urang deudeukeuÂtan jeung jalma buraong, anu laku lampahna gorèng dihariwangkeun bakal hatèna bakal katèpaan panyaÂkit hatè,†saur Aki Madi daria.
Dawuhan Kangjeng Rosul dina hadistna nyarioskeun yèn dina awak unggal jalma aya sakeupeul daging, lamun kaayanana alus, bakal alus sakabèh amal-amalanana,lamu rukÂsak pinasti ruksak sakabèh amal ibaÂdahna. Daging sakeupeul tèh nyaèta hatè.
“Paingan Aa Gym ngokolakeun Manajemen Qolbu nya, jigana tèh pikeun ngajaga hatè nya, sangkan ulah kiruh!†(*)