Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LANTARAN geus lila teu kaÂpanggih jeung Ki Tatang, duÂlurna Ki Madi tèa, kuring ngaÂhajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.
Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?.cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman. .Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeuÂnan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,.jawabna tèh, pasamoÂnana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.
Geuning Aki katingalna maÂsih kènèh bingung?
Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?.
Su.al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?. kuring panasaran.
Derekdek wè anjeunna nyaritakeun pangalamanana mangÂsa keur nungguan istrina di rumah sakit.
Hiji waktu, basa keur nungÂguan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyamÂpeurkeun ngajak ngobrol, kituÂna mah tamba kesel.
Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendiÂdikan anu luhur.
Mimitina mah anu dioÂbrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasÂar kana budaya Sunda, hususÂna ngeunaan basa.
Tah, tah kumaha Ki?.
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















