Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
GEUS lila pisan teu kapanggih jeung Ki Sobat tèh, aya kana sapuluh taunna. Mareng papanggih, geus pada cetuk huis, alias geus ninggalkun dunya, hiÂdeung alias geus haruisan kabèh. Tapi sanajan dina raga mah robah, alatan ku umur tèa, ari heureuyna mah henÂteu leungit, angger kawas baheula.
Mimiti panggih mah, biasa wè pinuh ku sempal guyon, nyaritakeun pangalamanana salija jadi guru. Saur Kang Anang, sabenerna mah cita-citaÂna tèh teu hayangeun jadi guru. AlesaÂnana mah, kulantaran teu bisa nyarita lancar kawas lanceuk-lanceukna. Enya sanajan indung bapa, aki nini jeung lenceukna jadi guru, tapi manèhna mah ngarasa teu boga bakat.
Numatak basa bapana nitah miluan testing di SPG jaman harita, sakabèh patanyaan tèh dijawabna ngahaja disalahkeun, ambèh teu lulus. Bener wè, teu lulus tah dina tèstingÂna tèh. Tapi Kang Anang daria kacida basa aya testing sakola kajuruan sèjèn nyaèta di pertanian, malah hasilna ogè kawilang pangalusna.
Di sakola èta anjeunna soson-soÂson diajar, sabab yakin pisan, mangsa geus lulusna moal bakal jadi guru. Teuing mèmang takdir teu bisa diÂpungkir, geus dituliskeun ti azalina, saentas lulus tèh kalah meunang bèa siswa kaluar nagri, sarta hiji-hijina tempat lowongan gawè di sakola temÂpat manèhna tèh ngan saukur jadi guru.
Tapi geuning ku dileukeunan mah, nya teu burung jadi karasaan kumaha ni’matna jadi guru, utamana mah lamun nilèy murid-muridna aralus kabèh, sarta diantarana aya anu jadi jalma penting.
“Sanajan ukur nyaho, yèn urut murid tèh jadi jalma penting, bungah wè nu aya. Kitu ogè sabalikna mangsa nempo aya murid anu kajiret ku uruÂsan hukum, angger wè ngarasa salah. Asa teu berhasil ngadidik murid. SanaÂjan teu hir walahir, jeung taya pataÂlina baraya, ari hate nu jadi guru mah, moal bisa dibohongna,â€pokna tèh daria pisan. Dasar nasib mah geus aya nu ngatur, mangsa meunang jodo tèh guru SD. Atuh lamun di imah tèh sok tukeur pikiran, ngeunaan kajadian di sakola salila ngajar.
“Tah pamajikan kuring mah, kuÂlantaran ngajar kelas hiji SD, loba pisan unak-anikna,†ceuk Ki sobat ka kuring. Hiji waktu, pamajikanana keur ngaÂjarkeun agama, meneran sakolana tèh di tengah-tengah kota anu muridna tèh rupa-rupa pisan. Ti mimiti anak pajabat, pangusaha jeung tukang bèca oge aya. Derekdek wè Kang Tatang tèh nyaritakeun pangalamabn pamajikÂanan.
“Saha budak solèh,†ceuk pamaÂjikanana ka barudak kelas hiji. DianÂtara muridna anu sakitu lobana tèh, ukur saurang anu ngacung, kitu ogè budakna tèh kuleuheu pisan. Taksiran lamun henteu sapopoèna di pasar èta budak gawèna ulin langlayangan atawa ngebak di walungan. Geus kitu irungna tèh ngan ingsreuk-ingsreukan waè deui.
“Manèh budak solèh ?†ceuk pamajikan nanyakeun ka èta budak Dijawabna tèh ukur ku unggeuk.
“Sok solat?†budak èta gideug.
“Sok ngaji?†angger gideug.
“Har, kunaon ngaku anak solèh,†ceuk pamajikan.
“Bapa abdi namina Pa Mad Solèh bu !†tèmbal budak èta lalaunan pisan mèh teu kadèngè. Pamajikan Kang Tatang, tèh ukur bisa mèsèm ngadèngè jawaban budak tèh. Anu kadua mah matak pireuwaseun. SaÂbab aya budak anu nilèyna enol kabèh.
“Har kumaha atuh tah,â€cèkèng tèh panasaran.
“Enya mangkaning keur ujian ahir sakola deuih. Atuh pamajikan tèh bingungeun paisan, ahirna mah kapaksa dihèr kabèh. Alhamdulillah sanggeus dihèr mah, èta budak tèh nilèyna pangalusna. Malah jadi juara kelas,â€tèmbal Ki obat.
“Kunaon bisa kitu tahâ€. Derekdek Ki Sobat tèh nyaritakeun kajadianana, teuing budakna tèh pinter teuing atawa panuduh dina kertas soal anu salah. Sabab ampir sakabèh patanÂyaan dijawabna ku benar jeung tepat. Dina patanyaan, saha Presiden RI anu munggaran, dijawabna tèh benar.
Saha Gubernur Jawa Barat diÂjawab tepat. Horèng basa dibaca piÂtuduhna aya tulisan kieu, jawablah pertanyaan dibawah ini dengan benar dan tepat.
“Tah èta budak calon Presidèn. Sabab pinter pisan,â€ceuk kuring bari teu kuat nahan piseurieun. Tuh enya pan, ari tukang heureuy mah, anggèr wè teu robah. (*)