Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

HUDANG subuh tèh rada kabeurangan, sabab peutingna teu bisa sarè, kata­rajang panyakit jaman ayeuna, irung mangpet jeung batuk sapeupeuting. Eta sakadang batuk tèh mani ku hèsè diusirna, ti mimiti ubar warung, Pusk­esmas jeung Pangobatan 24 jam geus didatangan, ih angger wè teu daèkeun leungit. Gura-giru ka Masjid, pas keur komat pisan. Kang Dèdèn,anu biasa ngaimaman, dina subuh harita mah, teu daèkeun ngaimaman, kalah mas­rahkeun ka nu sèjèn. Paingan atuh, mana kitu ogè horèng keur gerig sarua jeung kuring, pilek jeung batuk.

Dina shalat Subuh poè èta mah, nu batuk tèh mani patarèmbalan, mimi­tina mah ti shaf pangtukangna, teu lila ditèmbalan ku nu di hareup. Sigana anu keur sèhat pisan mah, imamna wungkul, sabab anu gigireun kuring, boh anu ti beulah kènca jeung anu katuhu, sarua ting alingsreuk. Kuring onaman, geus ampir sapuluh poè, irung ngan ngocor waè, batuk jeung nirisan wèh. Ceuk dok­ter 24 jam mah, kudu loba istirahat. Lan­taran nasèhat ti dokter nya kapaksa ditu­rut, sapoè sapeuting teu kaluar ti imah, èstuning hardolèr, dahar, ngisang jeung ngagolèr. Hasilna, awak karasa nyarèri. Rada mendinganna mah, mènta dipeu­seul jeung dipangerokeun, lumayan rada hampang, kuat hudang isuk jeung shalat Subuh berjamaah. Ceuk sakaol, di jaman pancaroba, rèk pindah usum ti usum halodo ka usum ngijih, lamun awakna kurang kuat, geus pasti katarajang pa­nyakit sakumaha anu disebutkeun di luhur. Anu jadi patanyaan dina jero hate, naha hawana anu mèmang ngandung panyakit , awak nu geus rèmpo atawa ubarna anu kurang matih kitu?

BACA JUGA :  Maraknya Kasus Pencurian Hewan Ternak Resahkan Warga Kecamatan Leuwisadeng

Baheula mangsa keur ngora mah, lamun katarajang panyakit kitu tèh cu­kup ku ubar kampung. Ngaleungitkeun batuk cukup ku jeruk peres dikècapan, teu kungsi jam-jaman, batuk tèh leun­git. Terus lamun pilek, ubarna gampang kacida, tengah poè èrèng-èrangan, kurang leuwih jam dua belas beurang, gebrus mandi malah sirah anu keur rieut tèh dikopyokan ku cai nepi ka sa­babaraha kali. Teuing naon patalina tah antara mandi tengah poè jeung panya­kit anu keur dirasakeu, asup ka waktu Ashar tèh, irung mangpet teu ngocor deui, kitu ogè panyakit rieut leungit teu sakara-kara. Di jaman kiwari mah, ubar anu anèh kawas kitu tèh geus tara aya anu makèkeun. Gering saeutik, gan­cang ka Puskesmas, ukur mayar karcis tilu rèbu pèrak, atawa anu boga BPJS jeung Askès cukup nyodorkeun kartu­na, dipariksa dokter, teu lila meunang ubar, biasana pikeun dua poèeun.

Sigana gara-gara remen teuing ka dokter, awak tèh jadi rurumbu, teu kao­pan, sabab pan ubar anu di dahar tèh geus pasti obat kimia. anu tangtuna aya pangaruhna kana awak. Bisa jadi bakat­ing ku remen pisan mah, panyakit anu aya cageur, tapi organ awal sèjènna ngu­rangan kakuatanna, ditambah ku umur anu beuki dieu beuki ngolotan. Tapi di jaman kiwari siga rèk balik deui ka ja­man baheula, lolobana ngagunakeun obat herbal anu bahanna tina tutuwu­han. Ngan bèdana tèh, lamun baheula mah, “ubar herbal” tèh didaharna keur cageur, kagunaanna pikeun nyegah sagala panyakit. Anu ayeun mah, ubar herbal anu geus diolah heula, wujudna ogè geus jadi tablet jeung kapsul atawa sirop. Sawatara ubar baheula mah ma­sih wujud anu saèstuna kayaning randa midang, daun gedang ngora, tèspong, mamangkokan, ah pokona mah loba pisan rupana. Malah sakapeung mah, sok ngabaheum bawang bodas sagala, Bau-bauna mah, tapi da panyakit asup angin tèh tara daèkeun datang atuh. komo nepi ka beuteung kembung mah.

BACA JUGA :  Sekda Burhanudin Ingatkan Jajaran Diskop UKM Untuk Bekerja Superteam

Tah mangsa keur gering kawas ayeuna bari jeung teu cageur, jadi hayang malikan jaman baheula, dina keur barang dahar di­campuran ku rupa-rupa uubaran, boh anu mangrupa lalab-lalaban atawa bawang bodas jeung bawang beureum. Sabab keur gering mah geuning sagala ogè karasa teu ngeunah ceuk paribasana mah, nginum asa tuak bari, dahar asa catang bobo.

Jadi tètèla ngajaga kasèhatan tèh geuning leuwih utama, tibatan uubar. Nya mending urang atur dahar wè ay­euna mah, ngarah angger sèhat nya. (*)

============================================================
============================================================
============================================================