Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
RADA reueus ogè basa maca dina salah sahiji blog yèn salah sahiji filem anu pangheulana diÂjieun jeung film layar gedè anu pangkolotna tèh nyaèta “LoetoÂeng Kasaroeng†dina èjaan baÂheula. Malah filem anu masih kènèh pireu tèh geus dijieun dina taun 1926, samèmè h nagara uraÂng merdèka.
Nu nyieunna NV Jaya Film Company, gambarna dicokot di Bandung tur disutradaraanana ogè ku urang Walanda, nyaèta G. Kruger dan L. Heuveldorp. SanaÂjan kitu bèntang filmna mah uraÂng pribumi asli. Film ieu kungsi dimodèrnkeun, dijieun dina wangunan anyar, keliran jeung aya soraaan dina taun 1952 jeung 1983.
Kabèhdieunakeun dongèng Lutung Kasarung anu asli ti wewengkon Tatar Pasundan ieu, leuwih remen dipaènkeun dina wanda gending karèsmèn. Ngan ayeuna mah lebeng pisan, boh Lutung Kasarung atawa carita sèjènna, taya caritana deui.
Kètang aya diputer dina salah sahiji telepisi swasta, ngan boh eusi caritana atawa pakèananan jauh pisan tina kaayaan aslina. Tokoh-tokohna, marakè mobil jeung didarasi deuih, geus kitu barogaeun èlmu “gaib†bisa saÂlin jinis jadi sasatoan atawa tina leungeunna kaluar cahya anu merlambangkeun yèn èta tokoh boga tanaga jero.
Legenda Lutung Kasarung nyaritakeun lalakon Sanghyang Guruminda ti kahyangan anu diturunkeun ku ibuna, Sunan Ambu, ka buana panca tengah dina wujud sato nyaèta monyèt hideung. Lutung èta bakal ngaÂjanggèlèk deui jadi wujud aslina lamun aya awèwè anu bener-bener mikacinta ka dirina.
Di bumi tegesna di Karajaan Galuh, lutung papanggih jeung Purbasari anu dipiceun ka leuÂweung ku alatan sifat sirikna Purbalarang, Ari Purbalarang tèh nyaèta, dulurna bèda indung, ataÂwa ti selir. Salila disingkurkeun di leuweung Purbasari dibaturan ku lutung èta. Dongèng Lutung kasÂarung lamun dititènan kalayan daria, sakurangna mere pangajaÂran yèn anu hak tetep hak.
Dalah dikumaha ogè, PurÂbasari tèh meureun hak pikeun ngarajaan Galuh leuwih gedè tiÂbatan Purbalarang, sabab pani ndungna Purbasari maha ratu atawa pramèswari tibatan PurÂbalarang anu ngan selir. KaduaÂna, nyaritakeun yèn cinta sajati bakal ngèlèhkeun sagalana.
Kasatiaan jeung kahadèan LuÂtung Kasarung geus bisa ngalèèhÂkeun hatèna Purbasari sanajan harita mah wujudna tèh ukur monyèt. Katiluna, kaalusan bakal ngèlèhkeun kagorèngan, harÂtina ahlak nu mulya akhirna mah bisa ngèlèhkeun sirik dengki jail kaniaya. Carita Lutung Kasarung ampir sarimbag jeung Ciung WaÂnara (duka pèdah kajadianana saÂrua di Karajaan Galuh kitu?).
Ciung Wanara dina keur laÂhirna kudu dipaèhan ku Dewi Pangrenyep (selirna Permana Dikusumah) anu bogaeun anak Hariang Banga. Pikeun nyalamÂetkeunana nepi ka orok beureum tèh dipalidkeun ka wahangan tur dirorok ku Aki jeung Nini BalanÂgantrang. Pikeun nyiasatan sangÂkan henteu kanyahoan ku Dèwi Pangrenyep, Naganingrum nepi ka meuncit anjing, tur getihna dibikeun ka maruna Dèwi Pangrenyep tèa.
Carita ahirna ampir sarua, Ciung Wanara bisa ngèlèhkeun musuh-musuhna ku alatan ngadu hayam tèa, Malah kungsi ogè kaÂcaritakeun antara Ciung Wanarah jeung Aria Banga tèh bitotama, nepi ahirna kadèsèh tulu ngadeÂgkeun karajaaan di wewengkon Wètan. Diantara Karajaan anu diadegkeun ku dua dulur anu saÂbapa bèda indung ieu diwatesan ku Cipamali.
Anu teu kurang ahèngna tur matak jadi kareueus urang PaÂjajaran nyaèta sajarah Bujangga Manik anu dina sababaraha situ dibuka ku runtuyan kalimah kaÂwas kieu:
ngalalar aing ka Bubat, cunduk aing ka manguntur, ka buruan Majapahit, ngalalar ka Darma Anyar, na karang Kajramanan, (brs. 800-804)
Lalakon Bujangga Manik anu leuleumpangan ti Karajaan PajaÂjaran nepi ka Brebes di Jawa TenÂgah tur anu kaduana nyaba nepi ka wewengkon Jawa Timur jeung Bali anu ditulis ku para penulis Sunda dina wangunan pantun. Sakurangna aya 450 ngaran temÂpat anu aya patalina jeung Pulo Jawa.
Dina naskah-naskah èta diseÂbutkeun ngaran-ngaran tempat kayaning Majapahit, Demak, jeung Malaka. Dumasar kana lalakon anu aya dina naskah, BuÂjangga Manik ieu, geus ngalalana ampir sakabèh basisir Kalèr jeung Tengah Pulo Jawa sarta balik deui ka Pajajaran sarta ngalalana ka basisir pakidulan. Puguh hèbat lah Bujangga Manik mah. TeuÂreuh satria Pajajaran nu leber wawanèn.