Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG HP

MANG Sarmud, anu di kamp­mungna mah kawèntar legok tapak genteng kadèk luhung èlmu jembar pangabisa, kuat ngahuleng salila-lila nepi ka ngaraga meneng sagala, basa ditanya alona su’al ka­pamingpinan anu boh ceuk buda­ya Sunda atawa ceuk agama, komo basa dipakaittalikeun antara PKL jeung Amaroosa.

“Ari patanyaan silaing tèh ka­mana loyogna tah, asa pabeulit pisan geuning, make los-los ka PKL jeung Hotèl Amaroosa sagala?” Mang Sarmud malik molotot.

“Nya teu langkung Mamang, bade nu mana heula anu bade diwaler,”tèmbal alonna halon pisan, ngarumasakeun. Rumasa sahandapeun, rumasa jadi jalma leutik jeung rumasa jadi jalma pangabutuh.

“Tah kitu atuh, jadi kumaha aingnya jawabanna,”pokna deui. Seentas, ngahuleng rada lila, bara­bat wè manèhna nyaritakeun yèn pola kapamingpinan ceuk Sunda mah ukur tilu, Nyunda, Nyantri, Nyakola. Nyunda hartina ngabu­daya, Nyantri, kuat agamana jeung nyakola, pinter, junun lulus sako­lana. Baheula mah pangwujudan anu tilu tèh ayana dina Ratu, Rama jeung Resi anu disebut Tri Tangtu, meureun ceuk urang Yunani mah Trias Politika. Legislatif, Eksekutif jeung Yudikatif.

“Palebah dieu mah urang kudu reueus kana karuhun urang baheula, anu geus boga ajaran anu kurang leuwih sarua, sanajan wandana rada bèda. Tilu-tilu kè­nèh, hanjakal bangsa urang leuwih percaya kana bangsa deungeun,” ceuk Mang Sarkum. Di jerona pamingpin kudu adil, ulah cueut ka nu beureum pontèng ka nu konèng, adil palamaarta, nyaah ka nu leutik wijaksana ka sasama. Lamun ceuk agama agama mah kahiji kudu anu solèh, ngagaduhan katangguhan fisik, ilmu anu luas, profesional sareng amanah.

Baca Juga :  Habiskan Uang Rakyat Rp 595 Juta, Taman Tematik Jasinga Dibangun Asal-asalan

sakumaha dicirikeun dina Al Qur’an, (Al-ambiya: 105)

Dina ayat anu sanes Allah ngadawuh :

Nabi maranehna nyarita ka maranehna: saestuna Allah geus ngangkat Thalut jadi raja aranjeun. Maranehna ngajawab: Kumaha Thalut bisa marentah kami?, pa­dahal kami leuwih hak (ngatur) pamarentahan batan manehna, sedengkeun manehna henteu di­bere kakayaan anu loba. (Nabi ma­ranehna) nyarita: Saestuna Allah geus milih manehna jadi raja an­jeun jeung ngaruniakeun ka mane­hna ilmu anu luas jeung awak anu gagah. Allah mikeun pamarentah­an ka saha anu dikersakeunna-Na. Jeung saestuna Allah Maha luas pamaparin-Na, oge Maha Uninga” (Al Baqarah : 247)

Ku kriteria eta, para pamingpin anu dipilih diharepkeun mampuh ngajalankeun sareng negakkeun kaadilan ka rahayat, sareng henteu dzalim ka maranehna; nyebarkeun rasa aman sareng katengtreman; mampuh nyadiakeun kabutuhan jalma loba; sareng mampuh nga­manfaatkeun potensi sumber daya alam kanggo kasajahtraan rahayat.

“Edas teu sangka euy, hèbat mamang uing tèh teu salah, lamun urang dieu nyebutkeun yèn Ma­mang mah, legok tapak gentèng kadèk,” Ujang Sukro muji Ma­mangna. Nu dipuji beungeutna ngadadak beureum, liang irungna ngabeukahan. Wah pokona mang­sa harita mah mani asa aing pan­gpinterna, asa aing pangpinterna, asa aing uyah kidul basa dipuji kitu tèh.

Baca Juga :  DPD Jabar Meminta Arteria Dahlan Dipecat Sebagai Kader

“Tah saur Mamang tadi pam­ingpin mah kudu adil palamarta, ulah cueut ka nu beureum pon­tèng ka nu konèng. Hukum kedah sarua adilna boh kanu leutik atawa ka nu gedè, leres kitu Mang,”

“Enya kudu kitu, sabab pam­ingpin anu teu adil bakal pang­heulan asup kana naraka, komo anu ngagunakeun kawenangan pikeun kapentingan dirina soran­gan bari jeung ngagalakasak harta rahayat,”tèmbal Mang Sarmud tatag pisan.

“Tah numutkeun Mamang kumaha lamun ka PKL mahluk le­mah mani galak pisan sawatara ka Hotel Amaroosa mah geuning taya tindakan nanaon, sarua ngalanggar Perda-na, Naha èta kaasup pam­ingpin anu adil? naha moal bakal ditungtu ku sikepna mangsa di du­nya sawaktu di ahèrat èngkè?”

Nu ditanya teu nèmbalan, beungeutna ngadadak reup geuneuk, ray pias, tong boroning nèmbalan, kalahka ngayekyek pa­ranaa tiris. Siga anu ditanyaan ku malaikat Munkar-Nakir.

“Kumaha Mang?”

Kuniang Mang Sarmud hu­dang, tuluy ngawakwak nyarèkan laklakdasar ka alona.

“Bangkawarah siah, nanya tèh ngagebruskeun aing,” bari tu­luy indit anu molohok ngembang kadu. Teu ngarti.

Har kunaon bet jadi kitu nya ?