Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA
TEU karasa geus poè Senen deui nya. Padahal pikeun kuring mah, ti Senèn nepi ka Senèn deui tèh, taya bèdana. Jadi rèk Saptu atawa Senèn sarua waè, taya bèÂdana. Beuki dieu, saur Kang Ubèd tatangga anu anyar pindah ka lembur kuring ti Garut, poè tèh asa nyèrèlèk pisan cenah. BakatÂing ku betah di dunya kituna tèh. Tapi kètang teu sakabèh betah, komo deui anu keur loba hutang mah sarta diuudag waè. Mangsa keur peuting hayang buru-buru isuk. Waktu keur beurang hayang buru-buru peuting. Indit Subuh balik tengah peuting tèh lain bobÂohongan. Sabab dina waktu sakitu mah nu rèk naragih tèh geus teu hayangeun tugah-tagih.
“Kuring ogè kungsi ngalaman samodèl kitu tèh. Wah pokona mah nalangsa jeung sangsara pisan. Nepi ka budak ampir poÂhoeun ka bapana. Mangsa indit budak sarè kènèh, balikna geus tibra. Geus kitu inditna ogè, teu puguh anu dijugjug, asal kaluar ti imah, ambèh teu kapanggih jeung nu nagih hutang,â€ceuk Kang Ubèd muka lalakonna. Pasualanna mah, mangsa harita keur kagègèloan ku uka-uka, ngudag-ngudag duit tina urusan ghoib. Duit ti nu kitu tèh, mani siga nu enya gampang pisan, padahal mah nepi ka sendal bèak tujuh rampasan, harta banda bèak, hutang salaput hulu, welèh teu pernah meunang.
“Terus kumaha atuh bisa kaluÂar tina pasualan èta,â€kuring panaÂsaran.
“Tina warisan, untungna sawah kolot tèh rada lega. Jadi basa laku dijual, buru-buru wè bèbèrès hutang, aya kènèh sèsana dipakè dagang leuleutikan. AlÂhamdulillah, ayeuna mah hirup tèh tenang, sanajan ukur korèh-korèh cok ogè. Bisa kumpul jeung anak pamajikan. Ibadah ogè kagawèaan. Ah, sanajan teu boga nanaon ogè, hirup tèh asa di sorga wè, aru tenang mah,â€tèmbalna deui. Sorga di dunya?
Enya kitu,mangsa hirup tenÂang, bisa ibadah rinèh, bisa diseÂbutkeun “sorga dunyaâ€. Bisa jadi kitu, sabab aya ogè anu imahna gedong, ,mobilna ngajalagrog, mangsa kapanggih tèh ngan luhlah waè, bangun nu susah. Ti mimiti nilèy rupiah anu terus morosot, harga daging anu marahal, pikeun èta jalma mah jadi pasualan daria.
Padahal ceuk Kang Ubèd mah, urusan nu kararitu ulah sok diangÂgap hèsè. Mangsa keur taya daging hayam, atawa daging mahal, loba kènèh lauk cai, lauk asin jeung deungeun sangu nu lianna.
“Lamun urang salawasna luhlah, sagalana dianggap hèsè. Sarua wè jeung teu ngarasa syukur kana ni’mat anu dipaparinkeun ku Gusti Allah,â€pokna deui. Teu nyalahan tah, caritaan Kang Ubèd tèh. Komo mun nempo kahirupan dulur urang anu lian mah. Keur daÂhar bubur hayam tengah peuting, loba kènèh anu ngadon arusaha, nèangan plastic urut pikeun dijual sarta hasilna kakara bisa dahar. Tapi di sagigireun, èta manèhna ogè sok rada manghanjakalkeun, ka nu nasibna kurang hade dina urusan èkonomina tèh. lolobana tara daraèkeun ibadah, hususna ibadah wajib. Padahal pangna AlÂlah nyiptakeun jin jeung manusa tèh, taya lain sangkan aribadah.
“Tah nu samodèl kitu mah dua kali rugina. Dunya teu jamuga, di ahir jaga sangsara. Padahal mangÂsa ku Allah dicoba dijauhkeun tina dunya, ibadahna rajin, èngkè bakal meunang kababgyaan anu leuwih tibatan anu beunghar bari ibadahna sarua.â€
“Atuh anu kitu mah rugi dua kali nya, Kang. Di dunya jeung di ahèrat,†kuring mairan. KaÂbagyaan tètèla lain ngan saukur pikeun nu baroga dina urusan dunya wungkul, tapi ayana dina jero hate. Bisa jadi ceuk sangkaan urang mah, anu imahna gedong sigrong, naèk unggah turun mobil tèh, bagya. Tapi pan teu nyaho di sajeroeunna, naha enya kitu. Boa-boa unggal peuting gegebegan alatan mikiran hartana anu tina ladang korupsi tèh sieun kacerek deleg ku KPK, Kajaksaan atawa kaÂpolisian. Ah, kabagyaan tèh geunÂing “semu†nya lamun kitu mah.
Teu langkung anjeun, rèk nèangan jalan anu mana èta mah, sabab sagalana geus disaÂdiakeun. (*)