Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA

PIKEUN anu resep kana kawih-kawih Sunda, boh Cianjuran, atawa Pop Sunda, pastina rada apal kana tembang Bangbung Ranggaèk, kinaryana Mang Koko, anu nyindiran ka hiji awèwè anu tampikan tapi ahirna mah, lila-lila ditarima ogè. Meureun ceuk basa kiwari mah, acuh tapi butuh atawa benci tapi rindu. Lamun teu salah rumpakana tèh kieu :

Pajar manèh mang, rèk ka Ci­macan, sihorèng tèh ngalantung sisi walungan

Pajar manèh mang, teu wawuh acan, Sihorèng angen ratug ses­eblakan

Bangbung ranggaèk, tadi em­bung ayeuna daèk, Bangbung rang­gaèk, tadi embung ayeuna daek. Bakasi neng sok seueur kiray, di­ical mah, ratusan di kakotakeun

Yang aksi sok miceun raray, padahal mah ngantosan direremokeun

Baheula, jaman kud ngègèl beusi jeung tai kolot dilebuan, mangsa listrik can aya, anu hay­ang nongton tipi kudu ngecas aki heula, mangsa caang bulan, barudak arulinna tèh di buruan, silih èlègan, jeung silih jangjaruh­keun. Saur Aki Mardud anu kungsi ngalaman jaman èta, dina bobogo­hanana ogè ukur silih delèk jeung kèlèt ku juru panon. Tapi nyeblak­na hate mangsa paadu rèrèt tèh lain lumayan, nepi peutingna tèh teu daèk peureum jeung aya anu kasengsem sagala, hayoh ngadon papanggih di taman, lulumpatan kawas dina film Boliwood.

“Tah pikeun nepikeun eusi hate ka anu dimaksud tèh di­pancingna ku sisindiran, silih tem­balan, Salian ngasah uteuk ogè, unggal rèk malem Ahad, komo mapag bulan purnama mah, mak­sakeun nyieun rumpaka soran­gan, sangkan teu bobor karaha­yuan. biasana di jerona tèh aya galura rasa anu dititipkeun, husus pikeun calon pibèbènèeun,” Ki Mardud bari sura-seui sorangan, sigana mah ingeteun kana mangsa rumajana. Kulantaran bobogoha­nana babarengan, taya kacarita­keun aya kajadian ahèng, kawas kamari, anu nepi ka diarak ku masarakat ka polisi kusabab ka­peregok keur ngalampahkeun anu teu uni di kamar. Beuh komo deui mangsa nyaho anu ngalakonana tèh guru jeung muridna. Mani asa ku harianeun nya.

Baca Juga :  Afan Belum Juga Ditemukan, Pemdes Setu Sebar Informasi Melalui Medsos

Kitu ogè lamun si lalaki tèh, kacaritakeun apèl ka imahna, tara ieuh diantepkeun sina duaan, biasana mah sok dibarengan ku “hansip” sagala, lamun teu adina atawa lanceukna. Pikeun anu di­anggapna gawat darurat, koman­danna anu turun tèh, biasana mah indungna anu maturan. Hal èta tètèla saluyu jeung ajaran Islam, sabab aya corètna, yèn lamun awèwè jeung lalaki paduduaan bari jeung lain muhrim, anu kati­luna tèh syètan. Sakumaha dina hadist Kanjeng Rosul anu eusina, sing saha jalma iman ka Allah dina poè ahir, mangka ulah sakali-kali manèhna sosorangana jeung hiji awèwè anu lain muhrimna, sabab anu katiluna syètan ( HR. Ahmad).

Lamun dijagaan mah, pastina ogè sacara sarèat bakal dijauhkeun tina zinah, sakumaha firman Al­lah SWT, jeung entong maranèh ngadeukeutan kan zinah, sabab zinah èta hiji pagawèan anu keji jeung jalan anu gorèng (QS. Al-Isra: 32). Kitu ogè dawuhan kangjeng Rasul SAW, leuwih hade nyekelan beusi panas tibatan nyekel atawa rumpu-rampa ka anu lain pamaji­kanana (lamun manèh nyaho yèn siksaananan bakal beurat kacida). Kitu ogè dimana waè, urang kudu ngajaga panon, sabab koncina panon tèh hate, jeung tetempoan èta pangutus fitnah anu mawa kana pagawèan zinah. Sakumaha ung­gelna dina surat An-nur ayat 30-31 anu tarjamahan bèbasna, carita­keun ka lalaki mu’min supaya ma­ranèhanan nyieuhkeun panonna (tina anu haram) jeung ngajaga kahormatan maranèhanana. jeung caritakeun ka kaum hawa supaya meureumkeun panon maranèha­nana tina anu haram sarta ngajaga kahormatana. Anu dimaksud tèh sigana mah nempo bari dbarengan ku hawa nafsu tèa.

Baca Juga :  Begal Kembali Beraksi di Bogor, Polisi Kejar Pelaku

Jadi teu salah lamun kolot-kolot baheula teu pernah ngan­tepkeun anakna, bobogohan nepi ka duduanan, komo nepi ka di­antepkeun leuleumpangan kaluar imah bari jeung teu dibaturan mah, sabab sarua jeung mere kas­empetan pikeun ngalakonan anu henteu diharepkeun.

Sakapeung mah sok rada teu ka­harti ka kolot-kolotna anu ngantep­keun anak awèwèna kukulayaban lain wayah. Sabab awèwè mah teu bèda ti cangkir, lamun geus songhèk geus taya hargana pisan, lin. (*)