Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA

NGADÈNGÈKEUN carita Prabu Siliwangi ti para kasepuhan atawa maca ti situs, blog anu aya di du­nya maya, rarasaan tèh teu bosen-bosen jeung nambah kapanasa­ran. Sanajan sakapeung mah, sok rada himeng bari jeung bingung, kusabab loba pisan “tafsiranana”, boh ngeunaan ngahyangna Eyang Prabu, atawa Uga Wangsit Sili­wangi. Ceuk sakaol, ngahyangna Prabu Siliwangi tèh, ngan sa­kolèpat ngahiji jeung alam, mang­sa caang bulan ditambah ku hujan sakeprulan.

Ceuk anu kabaca dina salah sa­hiji sajarah, yèn ngahyangna tèh mangsa keur mujasmèdi di kamar saentas lèngsèr tina kakawasaa­nana, mangsa di tingali ka kamar, mantenna tos teu aya. Dina carita sèjèn disebutkeun, mimiti miang­na tèh ka Gunung Gedè, sawaktu ditèang ku putrana, Kèan San­tang Raja Sangara putra ka tilu ti Subanglarang) aya anu masihan terang ka Leuweung Sancang. Disusul ka ditu,enya wè pendak, malah kungsi ngobrol heula.

Ngeunaan Prabu Siliwan­gina sorangan, aya sababaraha pamanggih, umumna urang Ta­tar Pasundan, komo urang Bogor mah, boga pamadegan yèn anu di­maksud Prabu Siliwangi tèh nyaè­ta Sri Baduga Maharaja Ratu (H) aji Pakuan Pajajaran, anu samang­sa anomna gaduh gelar Radèn Pamanah Rasa, atawa Prabu Jaya Dèwata, putrana Rahyang Dèwa Niskala. Tapi kungsi ogè aya nu nyaritakeun yèn Siliwangi tèh teu ngajojo kahiji jalma, sabab man­grupa gelar kahormatan pikeun Raja-Raja Sunda jeung Galuh, anu mibanda kaleuwihan dina sagala rupa dibanding raja-raja Sunda Galuh sèjènna.

BACA JUGA :  Resep Rendang Kentang untuk Menu Makan Bareng Keluarga Dijamin Bikin Nagih

Tapi, lamun ngudag kana sebutan yèn akina, Maharaja Nila Wastukancana, disebut Prabu Wangi, sepuhna, Dèwa Niskala, Wangisutah (anak Prabu Wangi), Pamanah Rasa, disebut Silih Wan­gi (gaganti Prabu Wangi) kusabab sagalana nyeplès akina, boh dina kawijakan, pamikiran, kawani jeung kasaktènna, asana nu dise­but Silih Wangi (kadieunakeun jadi Siliwangi) anu dimaksud keu­nana ka Sri Baduga Maharaja èta.

Anu kasohor “warisanana” tèh nyaèta wangsitna, sarta di ja­man kiwari “tarjamahanna’ tèh rèa pisan hartina. Ku peting jeung ngahargaanana ka karuhunna sorangan, Wangsit Prabu Siliwan­gi remen dibacakeun dina upaca­ra-upacara kasundaan.

Eusina ceuk para kasepuhan lamun dititènan kalayan daria sarua jeung anu kaalaman ku nagara urang, kacida nyèplèsna, ti mimiti urusan anu ngarajaan (Presidèn) nepi ka bakal ayana Budak Angon anu imahna di birit leuwi pantona batu satangtung tèa. Sabagèan masyarakat yakin bakal aya Pajajaran Anyar, lain Pa­jajaran nu kiwari anu anu saluyu jeung obahna jaman.

Tah Pajajaran Anyar anu dimaksud tèh cenah mah boa kaalaman, boa moal ku nu harirup ayeuna. Sabagèan deui mèrtèlakeun yèn Pajajaran Anyar anu dimaksudkeun tèh, ayeuna pisan, kaayaan anu keur dialaman ku urang. Sabagèan wangsitna anu disanggemkeun sateuacan “ngahyang” tèh nyaèta ; Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada sa­tia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Jumat 19 April 2024

Dia mudu marilih, pikeun hir­up ka hareupna, supaya engké ja­gana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pa­jajaran anu anyar, nu ngadegna di­geuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sa­bab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak….jstna

Kalimah lalakon urang nepi ka lebah dieu, bisa dihartikeun rupa-rupa, naha lalakon Prabu Siliwan­gi atawa lalakon urang Sunda? sa­bab ti harita can aya urang Sunda anu manggung? Tapi pan masih aya lalakon Budak Angon anu keur ditaranggoan téa nya. Malah disebutkeun bakal “ngarajaan” di lemah cai ieu, sarta hiji waktu nag­ara Pajajaran Anyar, bakal gemah ripah répéh rapih.

Naha bakal kalaksanakeun? Lamun merhatikeun kumaha beungharna sumber daya alam anu di Gunung Halimun, Palabu­han Ratu jeung Pakidulan Cianjur (Lebak Cawéné?) rarasaan mah aya caritana. Nu kudu diperha­tikeun téh, kumaha ngaguar jeung ngokolakeunana. Sakumaha anu diamanatkeun dina UUD 45, Pasal 33 ayat 3, anu mertélakeun yén bumi, cai jeung kakayaan anu aya di jerona dikawasaan ku nagara, sarta digunakeun pikeun sagedé-gedéna kamakmuran rahayat. (*)

============================================================
============================================================
============================================================