Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

UYAH barang teu sapira (hargana), husus pikeun urang Sunda mah (ogè nu lianna, tangtuna) hususna dina ka­hirupan sapopoè. Sabab, uyah pastina teu bisa dipisahkeun mangsa manusa harirup kènèh. Teu kacipta lamun hirup di dunya taya uyah, kumaha rasana kadaharan, meureun hambar taya rasaan. Uyah bisa ogè disamarut­keun jeung kaayaan manusa, hususna rasa pasakan. Mangsa kurang karasa asinna, bisa dianggap nu masakna keur loba pikiran. Tapi lamun asin teuing, cenah nu popolah didapur tèh geus pangseng hayang dikawinkeun. Duka bener duka henteu. Tapi èta anu lu­maku tèh. Teuing naha kaasup mitos nu kitu tèh? Pastina pangna aya ka­limah kitu tèh dumasar kana pangala­man, sabab biasana nu masak sok asin teuing tèh, parawan, atawa randa anu rarandaanana lila pisan. Naha kurang­na uyah tèh, aya patalina jeung rasa, atawa kabutuhan biologis wungkul ? Duka tèh teuing, asa can aya panalung­tikan ngeunaan hal èta. barina ogè ka­was euweuh pagawèan waè nya.

“Masing kalah kumaha ogè kur­ing leuwih loba ngadahar uyah tibatan anjeun,”ceuk Ki Tatang, RT Lampu Beu­reum mapatahan ka barudak ngora anu kokolot begog. Loba ngadahar uyah? pastina ogè kitu, sabab lamun diitung tina lilana hirup di dunya, leuwih kolot anjeunna. Sabab budak ngora anu ma­matahan èta, saentragan jeung incuna. Tapi pastina ogè anu dimaksud ku Ki Tatang lain èta, pastina sual pangala­man hirup jeung nu lianna. Geus kara­sa uyaha aseumna, ngagambarkeun perjalanan manusa anu ngalaman pait peuheurna kahirupan. Tapi Bi Nuri nyebutkeun sing karasa uyah aseumna, pastina ogè taya patalina jeung pan­galaman kahirupan, èta mah nasèhat ka anakna nu keur masak sayur aseum. Uyah mah tara tees ka luhur, ceuk Ki Tatang mah ngagambarkeun kalakuan gorèng hiji jalma anu nurun ka anakna, sabab lamun alus atawa bakat hade digambarkeunana tèh ku paribasa buah ragrag tara jauh tina tangkalna.

Baca Juga :  Asyik Kerja Bakti, Warga Aceh Temukan Tengkorak Manusia

“Anu gorèng pisan asa aing uyah kidul, sombong, degig adigung adi­guna tah nu kitu mah,”saur Ki Tatang deui. Nu panggorèngna deui, jalma teu uyahan, bisa jadi nu kieu mah kurang atikan moral, sanajan hade dina atikan sakola. Enya sakolana mah laluhur, gelarna ogè mani ngarèdès, nyaho pisan antara anu hak jeung nu batil, apal pisan hukum, gapah pisan manu hakna jeung hak nu batur. Tapi sakabèh kanyahona tèh kapupus ku kasarakahan, tunggul dirarud catang dirumpak, nèangan kalemahan tina sèla-sèla hukum. Nu nyatut proyèk nepi ka gowang, bagian anu ukur nèangan leuwihna wungkul bari teu merhatikeun yèn èta pangwanguna tèh pikeun kapentingan rahayat, duitna ogè tina hasil kèsang rahayat, nu penting jadi duit, sual aturan mah bisa dirual-rèol, komo anu digasabna duit masjid jeung kitab suci mah, kaas­upna teu uyahan pisan. Malah kètang, hampang teuing lamun disebut teu uyahan nu kitu mah, deukeut kana sebutan jalma gèlo. Kètang nu gèlo mah teu beukieun duit, ah bèjad si­gana leuwih cocok tah. Nu bèjad iman mah pan poho ka temah wadi, tong boroning manusa, dalah ku Allah nu nyiptakeunana ogè teu sieuneun. Nu kitu biasana geus katerapan ku owah gingsir, geus teu hayang ngabèdakeun mana hakna mana nu batur, kabèh jadi ngarasa milikna sorangan.

Baca Juga :  Remaja Belasan Tahun di Bogor Tewas Usai Tertabrak Mobil Bak Terbuka

“Naha aya atuh Ki nu kaararitu tèh?” cèkèng tèh panasaran.

“Loba, tempo wè di tipi, mani unggal poè, matak bosen nongtonna ogè. Bisa jadi di sabudeureun urang ogè loba. Pèdah wè can kanyahoan, pinter balucat-balicetna. Tapi pan hukum pasti lumaku. Sabuni-bunina mungkus tarasi pasti bakal kaambeu,” ceuk Ki Tatang bangun anu gemeseun pisan. Teu bisa nyalahkeun lamun Ki Tatang ngarasa keuheuleun ogè, sa­bab nu boga lampah model kitu mah, nya geus sakuduna dihukum. Lamun hukum dunya teu nepi, sing keuna ku hukum lianna. Tapi kètang nu pangu­tamana mah sing geura arinsap, sarta saladar yèn kalakuan samodèl kitu tèh salah. Ulah nepi ka jadi jalma anu teu uyahan salilana, bisi kaburu dicabut umur. Sabab nu dibawa”balik” mah lain harta banda ieuh lin? (*)