Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

HANJAKAL ukur sajorèlat atawa sakolè­bat pisan mun ceuk ukuran papanggih jeung kabogoh mah, meujeuhna sono nyoso geus lila teu kapanggih, ari hèg ku indung bapana sina asup, da waktu geus manjing ka peuting. Atuh lamun diibarat­keun dahar mah gantung areuyeun, dahar keur ninimatna ari hèg sanguna geus èrèp. Tapi kètang lamun adab-adaban dahar mah, mèmang kitu kuduna, kudu eureun samèmèh wareg, pamali lamun nepi ka kamerekaan tèh. Sabab eusi beuteung tèh kudu dibagi jadi tilu bagèan, saperti­luna sangu, cai jeung hawa. Sabab lamun sakabèhna dieusian “kèjo” salian ti kamer­ekaan tèh balukarna lumpat kana panon, seubeuh teuing mah salian ti sangheuk gawè atawa ibadah tèh, ogè matak tun­duh. Bèda deui jeung nungtut èlmu, beuki jero tèh asa beuki nyoso, malah kadituna kakara sadar yèn saujratna lamun diri tèh beuki leutik jeung teu nyaho nanaon. Mungguhing èlmu Allah tèh geuning ka­cida loba, luhung jeung jerona.

Padahal ceuk ukuran waktu mah kawilang lumayan aya kana lima jamna ngobrol sareng Ki Haji Jatnika tèh, tapi bubuhan anu dikaluarkeunana kacida leubeut jeung pepelna, sara daya rèkam uteuk geus mimiti ngurangan, atuh anu kapulungan tèh ukur saeutik. Ki Jatnika tètèla lain ngan saukur “ahli awi” wung­kul, tapi sajarah anu teu katulis dina buku buku anu geus aya ogè kacida leubeutna. Salah sahijina ngeunaan awi anu aya pa­talina jeung wasiat Prabu Haur Konèng anu masih kènèh putrana Prabu Sili­wangi ti permaisuri Nyai Buniwangi. Saur anjeunna, lamun urang Sunda sangkan teu kakeunaan ku kasusahan dina urusan èkonomi atawa hayang sejahtera kudu melak awi sarèbu dapur.

BACA JUGA :  Jaga Kadar Gula Darah dengan 5 Kebiasaan Pagi yang Penting Ini

“Sadapur awi ngahasilkeun lima puluh leunjeur sedeng harga awi tèh sarèbu rupiah, lamun dikalikeun sabara­haeun tah, geus kitu awi mah salawasna dipikabutuh ku sarèrèa. Komo ku urang Sunda baheula mah,”pokna basa ngobrol di Kampung Pajèlèran anu jadi kantorna Yayasan Bambu Indonèsia. Urang Sunda baheula ti mimiti gubrag lahir ka alam du­nya, dipotong tali ari-ari jeung balina tèh harita mah ku hinis awi, disunatan ku hinis kènèh, geus kitu mangsa maot ti mimiti digogotong dina pasaran, dikubur jeung tutunggulna ogè teu leupas tina awi.

“Jadi tegesna urang Sunda mah teu leupas tina urusan awi, kitu ogè budaya jeung senina,”saurna deui. Ngokolakeun awi tètèla teu sambarangan, ti mimiti nuar ogè loba pisan saratna. Diantarana, pantrang nuar awi isuk-isuk, sabab kadar gulana loba kènèh pisan bisa nyababkeun gancang ditarajang ku rinyuh, ogè teu meunang nuar mangsa peutingna caang bulan, utamana tanggal 13, 14, 15 bulan purnama, ulah poè Salasa jeung Saptu, ulah keur kaluar iwung jeung keur kem­bangan. Lamun pantangan di luhur teu di­rumpak, kakuatan awi bisa ngèlèhkeun kai.

BACA JUGA :  Resep Membuat Sayur Gurih Nangka Muda, Dijamin Keluarga Nambah Terus

Wasiat anu kadua ti Prabu Haur Ko­nèng tèh nyaèta lamun urang Sunda em­bung dijajah ku bangsa sèjèn kudu melak unggal jinis awi. Misalna di jurang anu lungkawing ku awi gereng, wates imah ku awi konèng amèh teu parasèa jeung dulur atawa tatangga.

Katiluna lamun urang Sunda em­bungeun katerap panyaki to’un, nyaèta panyakit anu gancang tèpa sarta nerek­ab kamamana, kudu melak haur konèng. Malah leuwih jerona ngawinkeun awi konèng awèwèna jeung harupat lalakina bari dicocokan ku madu teuweul bari dib­acaan ku hiji jangwakon anu dipapatkeun ku Prabu Sèda.

Tètèla pikeun Ki Haji mah awi tèh lain ngan saukur barang anu bisa dijieun rupa-rupa anyaman, seni jeung imah wungkul, tapi jero pisan. Malah nepi ka eusi palsafahna. saur anjeunna ngajujut kana sajarah ka tukang , sakurangna Bo­gor kudu mibanda lima pilar sangkan jadi wewengkon pajugjugan manusa sadu­nya. Diantarana maheutkeun budaya awi dina kahirupan sapopoè, budaya kacapi, budaya tani, budaya penca, hanjakal hiji deui mah poho tah. Malah saurna an­jeunna budaya awi pangmunggaranana di Bogor pisan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================