Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

RADA prihatin ogè basa ngadèngè cari­taan ti salah saurang warga, yèn di salah sahiji tempat di Kota Bogor, aya hiji kam­pung anu geus “ngabakukeun” silih jor­ag, atawa tawuran. Jadi lieur puguh ogè geus mah barudak sakola anu teu kapok-kapok, ieu ditambahan ku kolotna. Naha maranèhanana anu jalebrog tèh diajar ti badudak sakola jeung mahasiswa ngeu­naan hal èta. Atawa kumaha? Tawuran budak sakola ayeuna jadi antar kam­pung tèh, lamun didalidis panyababna mah biasana dimimitianana ku pasualan anu teu sapira pisan, bisa urusan baru­dak rumaja anu bogoh ka wanoja di hiji kampung, tuluy digaranggu ku pamuda di tempat èta. Tuluy diluluguan ku lan­ceuk-lanceukna jeung kulawargana, jadi wèh ramè. Lamun kitu kaayanana beuh pikumahaeun bangsa urang, pan aya paribasa, guru kiih bari nangtung, mu­rid mah bari lulumpatan. Pan meureun budak tèh nyonto kalakuan kolotna. Lamun hiji waktu digeungeureuhkeun, gampang pisan tah si budak tèh ngaba­likeunana.

“Ah bapa ogè kitu?” tèmbalna tèh.

Padahal kolot urang baheula, dina ngadidik anakna tèh kacida lantipna, lamun tèa mah dina kuduna nyarèkan atawa pasèa jeung pamajikana, tara kungsi di hareupeun budak, sok tuluy ka kalamar. Sabab lamun pasèa hareupeun budak bisi mangaruhan jiwana. Geun­ing loba kacaritakeun, loba budak anu nèangan katenangan di saluareun imah, alatan indung bapana parasèa waè. Geus kitu, aya kabiasaan anu wijaksana kacida, anu remen dipigawè ku hiji kolot, sakumaha anu dicaritakeun ku Ki Mar­dud, basa papanggih keur meuli iket di Pasar Anyar.

Baca Juga :  Tradisi minum teh di Solo yang Berkembang Sejak Zaman Kolonial

“Lanceuk uing jenatna Ki Mardi, la­mun nyarèkan budakna tèh tara kungsi huak-haok jeung popolotot. Geus kitu lamun perlu mere piwejang ka pala pu­trana, ku sabab nyieun kasalahan tara di payuneun putra nu sèjènna. Budak tèh cukup diajak ngobrol duaan di kamarna. Ukur dipapatahan lalaunan ku basa anu lemes, tapi seukeut.

“Kaluar ti kamar tèh sadayana ram­bisak. Basa ku emang ditanya, naha di­kumahakeun ku bapa salila di jero kamar tèh?”

“Ah, teu dinanaonkeun, mung dipa­sihan terang wungkul yèn anu parantos dipidamel tèh lepat. Tapi mani asa ny­elekit pisan karaosna mang?” tèmbal salah sahiji alona. Tètèla ku cara kitu mah, anak-anak lanceuk Ki Mardud tèh jadi balageur, sabab dibèrè nyaho yèn kalakuan kitu tèh salah. Tapi kètang samèmèh dibèrè piwejang tèh ditanya heula kasangtukangna pangna kitu. Sakurangna dibèrè kasempetan pikeun ngabèla diri, heunteu ujug-ujug divonis yèn èta budak tèh salah.

“Cara kieu tèh ngadidik budak sang­kan tanggung jawab, jeung wani ngalu­arkeun pamadeganana lamun ceuk diri­na bener. Pan umumna mah kolot-kolot tèh, sok asa bener jeung hayang meu­nang sorangan,”saur Ki Mardud deui. Geus tangtu dina palebah dieu, kolot kudu boga ambahan anu lega, jeung bisa ngendalikeun dirina. Anu jadi pasualan henteu sakabèh kolot di urang mibanda wewesen anu sarua jeung kasangtukang pendidikanana ogè rupa-rupa. Anu re­men kaalaman ku indung-indung nga­rora nu ayeuna, pan dina nitah, komo nyarèkan budak tèh, teu sirikna jalma salembur nyarahoeun. Salian ti gogoro­wokan tèh sok ditambahan ku kalimah atawa kecap anu teu pantes diucapkeun. Atuh kecap kasar tèh napel dina uteuk budak, kitu ogè adina. Matak teu hèran, lamun barudak leutik tèh ngomongna kasar jeung garihal, kusabab dicontoan ku indungna. Balukarna, salian ti budak ngomong kasar tèh, wani ngaralawan, sabab ari dikitu-kitukeun teuing mah (komo hareupeun babaturanana), èta budak tèh ngarasa disapirakeun pisan.

Baca Juga :  Lirik dan Terjemahan Lagu 'Left and Right' - Charlie Puth ft Jungkook BTS

Kucara kitu, salian ti ngatik budak kurang hade tèh, budakna jadi ngalawan, wibawa kolot jadi ngurangan, geus kitu tatangga deukeut jadi nyarahoeun yèn di kulawarga èta mah ngan parasèa waè.

“Ngaran tatangga tèa teu alus kabèh atuh kajadian èta tèh sumebar kamana-mana, majarkeun tèh kulawarga Si Anu mah gawèna ngan parasèa waè.” Jadi alusna mah, lamu keur parasèa ulah nepi aya nu nyahoeun, komo cak-cak bo­das mah. Cukup duaan wè dijero kamar, kadiruna kumaha anjeun! (*)