Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
IEU mah kirata jeung susuganan, ngaÂranna kirata tèh pan asalan dikira-kira tapi nyata, ari dikira-kira pan dilelebah henteu pasti kawas itungan matemaÂtika, èta mah èlmu pasti. Matematika mah jelas dua kali dua hasilna pasti opat. Ari kirata tèh dulurna sugan, sugan keuna, sugan meneran. Tah ceuk Ki MarÂdud, lamun sawaktu Kangjeng Nabi MuÂhammad nampi wahyu munggaranana, dipiwarang maos ku kecap Iqro anu hartina maca tapi dina jujutanana mah kacida jero jeung lega ambahanana.
Urang Sunda mah ku karuhunna, dititah maca siloka. Sabab anu diaÂjarkeunana tèh siloka anu kudu diguar, dibèjèrbèaskeun ku generasi anu ayÂeuna. Basa pamali anu hartina teu meunang dilakonan, di jaman harita mah kawilang “sakti†pisan. Ukur ku pamali manusa teu wanieun ngalamÂpahkeun anu dipahing. Tah siloka-siloka tèh munn geus kabuka mah, èsÂtuning matak hookeun. Salah sahijina, anu kungsi dilumakukeun tèh nyaèta, pamali atawa teu meunang miceun batok kalapa dina kaayaan nangkarak. Saliwat mah jiga teu sapira, tapi lamun dilarapkeun di jaman kiwari tètèla matak pikareuwaseun. Lamun tèa mah di Kota Bogor, aya tukang ès kalapa sakurangna 200 urang, hèg saurangna dina sapoè mèsèk nepi ka 10 atawa 20 puluhna kalapa ngora (dawegan) bari jeung dipiceunna padu waè (ditangÂkarakeun) bakal aya 4000 nepi 8000, tempat ngendog reungit, sabab reunÂgit tèh kaasup anu ngalumangsungÂkeun siklus kahirupanana dina cai. Jadi bakal pegat siklusna lamun taya cai. Reungit mangrupa sato anu ngalaman metamorfosa sampurna (holometaboÂla) ti mimiti endog, jentik, nepi ka jadi reungit. Reungit neundeun endogna dina cai, sakali ngaluarkeun endog anÂtara 100 nepi 300-na, sarta bakal netes dina waktu 1 nepi ka 2 poè satuluyna sarta bakal jadi reungit kira-kira 10 poè. Kadaharan reungit awèwèna nyaèta getih pikeun ngabayuan endogna.
“Tah numatak ayeuna mah geuning dina usum hujan ogè reungit tèh mani napuk pisan, komo deui dina usum halÂodo. Malah di salah sahiji rumah sakit di Kota Bogor, sanajan geus dipasangan AC, ih reungit tèh mani rabeng,â€saur Ki Mardud. Tah jigana, saur Ki Mardud, pangna kolot baheula ngahulag miceun batok dina kaayaan nangkarak tèh loyogna ka dinya, sangkan ulah loba reÂungit. Hanjakalna kecap pamali tèh di jaman kiwari mah nungtut laleungitan, dianggapna tèh geus katinggaleun jaÂman. Lain ngan saukur pikeun kalapa wungkul, kayaning teu meunang dahar danas, cau ambon pikeun rumaja putri, mani taya tunggul-tunggulna acan.
Kaasup sikep dulang tinandè pikeun kaum hawa, dianggapna tèh kuno pisan. Padahal sikep kitu tèh manÂgrupa pangwujudan tina ngadegkeun harga diri, ulah nepi ka dimurah-marèh.
“Ah,geus teu jaman lamun urang kudu ngadadago si lalaki ngaluarkeun eusi hatèna mah, lamun bogoh mah tèmbak wè tiheula, bisi ku batur mantèn,â€ceuk hiji rumaja awèwè anu remen gunta ganti kabogoh. Enya jaÂman mèmang geus robah, boh tina sisi pangeusina anu ayeuna mah beuki ngalobaan, sikep jeung paripolahna kusabab loba pangaruh ti bangsa deungeun anu deres kacida. Saujratna pamohalan pisan pikeun malikeun kaayaan ka jaman harita, tapi ulah nepi ka incah balilahan udar tali gadangan mah, sabab sanajan kalah kumaha ogè urang mah bèda jeung bangsa deungeun. Anu garorèng mah kayaning pergaulan bèbas mah ulah diturutan komo bari ninggalkeun adat kabisaan kolot urang anu mibanda ajèn inajèn budaya luhung. Kitu ogè dina mere ngaran budak, alusna mah ulah poho kana asal-usulna, lamun tèa mah rèk dilarapkeun jeung ngaran-ngaran anu alus jeung aturan agama Islam tangtuÂna bakal leuwih afdol, misalna MuhamÂmad Engkus, atawa anu rada bau-bau Sunda. Da geuning, ngaran anu rada bau bangsa deungeun tèh ayeuna mah geus nerekab ka lembur-lembur. KiÂwari mah ngaran Mikel (tina Michaèl) tèh geus kapanggih di sisi gunung. (*)