Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
DINA unggal tanggal 21 Februari, disebut poè basa indung atawa bahasa Ibu, Mother International Language Day anu diumumkeun ku Unesco dina tanggal 17 November 1999, di Bangladesh.

Kasangtukangna, tina Poè GerÂakan Basa atawa Poè Revolusi Bahasa (Bhasha Andolon Dibosh ) nyaèta Poè Nasional di Bangladesh pikeun mièling demontrasi jeung pangorbaÂnana din raraga nangtayungan basa Bengali minangka basa nasional PakiÂstan dina taun 1952.
Lamun di Pakistan basa pituinna Bengali,tangtuna ogè di wewengkon Tatar Pasundan mah, basa indungna tèh meureun basa Sunda nya.
Ngan hanjakalna, salila mangÂtaun-taun, lamun tèa mah ti umumÂkeun ti taun 1999 (kurang leuwih saliÂla 12 taun) di Kota Bogor, asa can aya kagiatan pikeun mièlingna (duka pèÂdah kuringna tara maca Koran kitu).
Padahal di Bogor, rèa pisan inoÂhong kasundaan, organisasi kasundaan anu cenah bakal bèbèla kana basa jeung budaya Sunda. Ngan hanjakalna, (hampura) kakara ngan saukur dina biÂwir atawa kembang biwir.
Dina ngamumulè budaya Sunda, ceuk sababarah urang budayawan BoÂgor, sakapeung kaeurad ku kasenian wungkul anu ngawuwuh tari boh tari tradisi atawa modern anu cenah tari modifikasi tèa.
Da saenyana kitu tèana mah, sabab di urang anu loba digugulung ku sanggar-sanggar anu aya tèh ngan saukur ngajarkeun tari wungkul, paÂdahal budaya tèh harina lega pisan, bisa basa jeung ajèn-inajèn kaluÂhungan ajaran, tatakrama, sikep ka saluhureun, wah pokona mah loba pisan.
Patali jeung basa Indung anu dibèwarakeun ku Unesco, salah saÂhiji lembaga PBB, sakapeung mah sok rada himeng ogè, naha atuh nya taya anu ingeteun pikeun mièlingna nya? Lamun kitu tèh jadi inget kana kawihna Kang Doel Sumbang tèa, na kamarana atuh urang Sunda?
Teu percaya? salah sahiji anu reÂmen kajadian di urang, mangsa aya budak digeroan ku kolotna. Rarasaan asa can manggih aya budak anu nèmÂbalan, kulan (pikeun budak), atawa kah (budak awèwè).
Anu aya tèh, naon . Tapi keun wè lah, pan basa Bogor mah, basana ogè basa sorangan, ègaliter, sabab teu kaÂpangaruhan ku nu sèjèn.
Syukur kènèh lamun ngajawab ku aya naon pa, tapi rarasaan bakal leuÂwih sampurna lamun ku kecap kulan jeung kah, sabab mangrupa adab-adaban ka saluhureun (komo deui kolotna mah) pan Islam ogè mahing pisan lamun basa urang kurang hade ka nu jadi kolot, komo nepi ka sesenÂtak mah lin.
Tah ngeunaan mièling poè basa indung tèa, teuing pohoeun, teu paduli atawa dianggapna tèh taya hartina pisan, nepi ka mangtaun-taun taya anu ngingetan. Atawa kapikiran-kapikiranna mah, ngan meureun kaÂhengker ku tanaga, pangpangna mah waragadna.
Lamun alesanana kitu komo deui atuh, pan urang tèh hirup di wewengÂkon anu pangeusina lolobana urang Sunda lin? Lamun bener-bener teuing mah asa ku pirakuna henteu aya perÂhatian pisan, pan ceuk karuhun urang kènèh, hirupma kudu pok-pèk-prak.
Pok ngomong, pèk rencankeun, prak laksanakeun. Lamun ngan sauÂkur pok jeung pèk, bari jeung teu prakna mah moal bakal ngawujud-ngawujud atuh. Dina Surah Ar-Rum aya 30 disebutkeun yèn diantara tanda-tanda kaagungan Allah tèh nyaèta nyiptakeun langit jeung bumi, rinèka basa jeung warna kulit.
Jadi lamun tèa mah urang boga niat ngaraksa jeung ngamumulè basa Sunda, anu dina Qur’an aya corètna meureun asup kana nu ngaagungÂkeun ManteNA nya.
Jadi lamun urang ngaropèa jeung ngarawat basa Indung sorangan, rarasaan taya salahna sabab jelas pisan corètna dina Al Qur’an. Lain hartina urang ngagegedèkeun urusan sèkèsèlèr sorangan.
Kaimpleng kumaha jadina lamun di Bali geus taya nu nyarita basa Bali, di Jawa urang jawa geus embungeun nyarita ku basa Jawa, kitu ogè urang Sunda leuwih wanoh jeung kecap kamu, aku, elu, gue tibatan hidep, anÂjeun, kuring, urang jeung nu lianna. Meureun teu asa di Indonesia nya !