Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

CARITA Pajajaran (Karajaan Sunda Ga­luh), pikeun sabagèan masarakat anu ngarasa masih kènèh aya rawayanna, atawa seuweu siwina, sakurangna ngarasa mibanda kareueus anu kacida gedèna, sanajan kajadianana tèh geus ratusan taun katukang.

“Sanajan teu kungsi ngarandapan jeung moal kaalaman deui mangsa di jaman harita, paling henteu urang boga katineung yèn karuhun urang tèh raja digjaya, bijaksana, gagah sakti mandraguna, nyaah ka nu leutik jeung mawa karaharjaan ka rahayatna,” ceuk Ki Madi basa ulin ka bumina Ki Tatang.

“Muhun Ki, sabab dina buku-buku sajarah mah nu kitu tèh teu aya, dina carita atawa babad rahayat mah aya bagèan-bagèan carita ngeunaan raja-raja Pajajaran anu luput Ki,” cèkèng tèh.

“Geus pasti atuh, moal lengkep, sabab lamun carita rahayat diasup­keun kurang kuat dasarna, sabab pan sajarah mah kudu puguh jeung kuat buktina. Carita naon tah nu meunang ngunduh tèh?”

“Carita Mundinglaya Dikusumah anu dipiwarang ngala salaka domas tèa, ah resep pisan Ki,” jawab kuring.

“Kumaha tah, panasaran ngadèngè­na,” saur Aki Madi. Atuh derekdek wè kuring nyaritakeun carita ngeunaan Mundinglaya Dikusumah tèa. Prabu Sili­wangi dina èta carita ngagaduhan dua permaisuri nu kahiji Nyimas Tejamantri kaduana Nyimas Padmawati.

Ti Nyimas Tejamantri namina, Guru Gantangan sedeng ti Nyimas Pad­mawati, Mundinglaya. Samangsa Guru Gantangan nyangking kalungguhan Bupati Kutabarang jeung geus lakirabi, Mundinglaya mah budak kènèh.

Baca Juga :  Menjajaki Saung Pelestarian Penca Pusaka Cimande Bogor

Lantaran teu gaduheun putra Prabu guru Gantangan ngangkat anak, Sunten Jaya. Samangsa anjeunna nyu­hunkeun Mundinglaya kanggo dirorok, Nyi Mas Padmawati teu ngorètkeun, sabab uningaeun, Prabu Guru Gan­tangan kacida nyaaheunana ka Mund­inglaya.

Kanyataanana, Guru Gantangan tèh leuwih nyaaheun ka Mundinglaya tibatan ka Sunten jaya, kusabab kal­akuanana bèda pisan. Mundinglaya mah handap asor, Sunten jay amah sabalikna.

Kulantaran indungna ogè leuwih nyaaheun ka Mundinglaya, Sunten Jaya nyieun tarèkah jahat nepi ka Mund­inglaya diasupkeun ka jero pangbuian.

Dina hiji peuting Nyimas Pad­mawati ngimpi nungali Guriang Tujuh anu diantarana nyanyandak jimat Lay­ang Salaka Domas.

kakuping ku anjeunan diantara para guriang tèg nyarita yèn Pajajaran bakal tengtrem lamun aya satria anu bisaeun nyokot èta jimat ti Jabaning Langit.

Singket caritana Pangeran Mund­inglaya, dikaluarkeun ti pangbuian pikeun ngala jimat èta, sabab Pangèran Sunten Jaya mah teu sanggupeun.

Di satengahing jalan, Pangèran Mundinglaya papendak jeung Dèwi Kania, putri ti Karajaan Muara Bèrès, dua­nana jangji bakal papanggih deui, lamun tugasna geus bèrès. Ku kasaktianana, Jonggrang Kalapitung bisa dièlèhkeun.

Saentas ngèlèhkeun buta Jong­grang, Mundinglaya ahirna bisa nepi ka Jabaning langit sarta kapanggih jeung Guriang Tujuh. Tah di Jabaning Lan­git, Mundinglaya ditawaran sangkan ngabatalkeun tèkadna bari ditawaran putri anu kacida geulisna.

Baca Juga :  Sempat Diajak Jadi Pengemis, Umang Konsisten Buat Besek

Prabu Mundinglaya keukeuh teu daèkeun, sabab niatna ka Jaba Langit tèh, tujuanana nèangan Layang Salaka Domas pikeun kama’muran nagarana.

Pangèran Mundinglaya (diban­tuan ku Nyi Pohaci) adu jajatèn jeung Guriang Tujuh, dina adu kakuatan èta taya anu èlèh. Ahirna, Layang Salaka Domas tèh dibikeun ka Mundinglaya.

lantaran geus bisa ngala jimat Lay­ang Salaka Domas, Mundinglaya diis­trènan jadi Raja kalayan dileler gelar Prabu Mundinglaya Dikusumah.

“Tah carita Prabu Mundinglaya Dikusumah tèh saluyu jeung Prabu Surawisèsa anu ngagantian Sri Baduga Maharaja,” ceuk Aki Madi.

“Eta ogè aya dina carita pantun Ki Cilong samèmèh nyaritakeun sok nga­rajah anu eusina kieu,” ceuk Ki Tatang bari tuluy mantun.

Ahung! Ahung! Ahung!,ka sampun, ka luhur ka sang rumuhun, ka batara ka batari ka Batara Susuk Tunggal,ka babak-babak di kahiangan, agungna ka Sunan Ambu jembar ka Bujangga Seda, ka Bujangga Sakti, ka Pohaci Naga Ganaka Pohaci Naga Gini Jisim abdi, pangrajah­keun, pangmunahkeun, pangnyilarkeun, Jisim abdi seja mantun mantunkeun ,Sang Mundinglaya Dikusumah.

“Prinsipna mah lamun urang bu­leud tèkad salawasna aya dina beben­eran pinasti hasil maksud jeung bakal meunang kabagyaan,” saur Ki Madi.