Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAENTAS sababaraha poe langit salilana bèngras, tadi peuting dipa­parin hujan, mani asa sono, kana cihujan tèh, sanajan tengah peuting bari jeung asa didodoho ogè.

Enya kusabab salila ieu yakin pisan tara turun hujan, nepi ka jas hujan anu biasana digigiwing kamamana tèh, ti saprak “usum halodo” mah, nya ditinggalkeun dina sampayan.

Ngan mangsa turun hujan peuting jadi bingung lumampah, kapahung ku hujan. Rèk huhujan­an rumasa geus ohir, tong boron­ing keuna cihujan, sakali mangsa parengan teu make jakèt ogè, pan urusana panjang, lamun teu dikerokan ku patih goah, sakujur awak kudu dibalur ku minyak ha­neut.

Lamun teu kitu sapeupeuting teu bisa sarè, guling gasahan, sa­gala karasa. Palebah dinyana mah kudu ngarumasakeun beuki kolot mah, “onderdil” tèh geuning beu­ki kurang kuat.

Motor onaman bisa diganti ku nu anyar, anu aya jero awak mah rèk kumaha ngagantina. Paling ogè ukur miara jeung mulasara wungkul. Jadi tegesna mah, lu­maku tah sadia payung samèmèh hujan, jadi mangsa hujan geus siap-siap pikeun nyanghareupana.

Saur Ki Tatang, paribasa sadia payung samèmèh hujan tètèla lain ngan saukur pikeun hujan, dina harti sabenerna, cai anu tu­run ti langit. Tapi ceuk Ki Tatang mah jero kacida, hususna pikeun sakabèh manusa, hususna anu geus boga kawajiban.

BACA JUGA :  Jadwal dan Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Jumat 29 Maret 2024

Pikeun anu geus akil balèg, tumiba kawajiban ngadegkeun Shalat, nya buru-buru adegkeun, sabab shalat tèh bisa jadi salah sahiji siloka tina payung, jeung amal-amal kahadèan nu lianna.

Payung lianna sakumaha disabdakeun ku Kangjeng Rasul Nabi Muhammad SAW, dianta­rana lamun kahadèan urang dina poè ieu, kurang ti nu kamari, dosa, lamun sarua kaasup jalma anu rugi, nu pangafdolna nya unggal poè kahadèan leuwih loba ti samèmèhna jeung ayeuna.

“Unggal poè darajat ibadah kudu leuwih alus, lamun dina poè ieu urang shalat berjamaah Magrib wungkul, isukanana tam­bahan ku Isya, subuh nepi ka afdol lima waktu,”pokna daria pisan.

Saterusna, tambahan ku sun­nah, boh hajat, tahajud jeung shalat sunnah sèjènna. Tamba­han wè ku sodaqoh, tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah, ngajait anu ti teuleum nyaangan nu poèkeun.

“Tah èta ngaranna sadia pa­yung samèmèh hujan, bisi hujan atawa maot datang bari urang teu nyaho iraha pidatangeunana,” ceuk Ki Tatang. Lamun hujan aya cicirènna ku mega hideung sarta dimimitian ku girimis, manusa ogè aya tanda-tandana.

Kahiji buuk anu tadina hi­deung meles geus salin rupa jadi bodas, panon anu tadin awas, geus kudu disambung ku kaca­panon, kulit anu tadina mulus bangles sabagèan geus mimiti kariput, kani’matan geus mimiti dikurangan.

Komo dina umur geus leuwih ti satengah abad mah, ciri èta tèh jelas pisan. Lamun umur geus tunggang gunung, angen-angen geus teu wayahna pecat sawed, sabab bakal tojaiah.

BACA JUGA :  Tega! Kakek Bejat Perkosa Keponakan Berusia 11 Tahun di Taput

“Maenya geus aki-aki resep kènèh ulin ka cafè, bar, diskotik jeung migawè rucah. Sabab ceuk sarèatna geus ngadeukeutan li­ang kubur. Nambahan umur tèh lain nambahan kasempetan hirup di dunya, sanajan urusan maot mah, Hak Nu Gaduhna,” ceuk Ki Tatang deui.

Asa ku pantes pisan, nu geus aya umur, ngariung di majlis, datang ka masjid jeung musholla samèmèh waktuna shalat, sabab aya waktu ngadu’a anu kawilang diijabah pikeun ngadu’a, nyaèta diantara azan jeung qomat.

Komo deui bari aya babasan, èngkè wè tobat mah lamun geus kolot. Har, saha anu bisa ngaja­min urang bakal hirup nepi ka ko­lot. Pan dalah nepi ka poè isukan ogè can tangtu lin? Loba kajadian budak leutik, rumaja anu dicabut umur ku Allah. Jadi dina urusan jodo pati, bagya, cilaka mah, manusa teu bisa pipilueun pisan, teu daya teu upaya.

“Tah sangkan aman kama­mana, urang tetep kudu sadia payung samèmèh hujan, boh dina harti sabenerna, sabab Bo­gor mah Kota Hujan, atawa tadi tèa payung dina harti siloka,” Ki Tatang negeskeun bari amitan rèk dagang wuduk di hareup. Nu­hun Ki ah !

============================================================
============================================================
============================================================