Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Keur ngalamun bari ngarara­sakeun hawa anu kacida panasna, hawar-hawar kadenge tembang baheula, nyaeta dikantun tugas anu dihaleuangkeun ku Hj. Upit Sarima­nah, puguh we matak waas, sana­jan teu ngalaman sakumaha anu digambarkeun dina lagu eta.

Ngan ku parigelna para pan­garang lagu dina ngaropea kalimah nepi ka nu ngadengekeunanna teh, kabawa, malah asa jadi nu boga lal­akonna. Geura we titenan rumpaka dikantun tugas, dihandap ieu.

Calik dina bangbarung, an­teng ngahurung balung,Nyawang anu ngalangkung, sedih manahna nguyung,Emut ka sang panuntan, ngantun mangbulan-bulan

Nangis henteu ngorotan, war­tos di medan perang,

Saliwat oge kagambarkeun anu keur calik dina bangbarung teh, hiji istri anu keur ngadagoan beja ngeunaan salakina anu keur ber­juang di medan perang. Sigana teh salakina tentara Siliwangi anu ditu­gaskeun ngalawan panjajajah.

Kawih sejenna anu matak mu­riding muringkak nyaeta Kembang Tanjung. Nyaritakeun hiji isteri keur kakandungan, ditinggalkeun ku sal­akina anu keur mager betis newak gorombolan, hanjakalna mulangna teh geus jadi layon.

Atawa Bulan Langlayangan peuting anu ngagambarkeun kuma­ha patuhna pasukan Siliwangi ning­galkeun Jawa Barat pikeun hijrah ka Yogyakarta.

Dua lagu di luhur, Di kantun Tugas jeung Kembang Tanjung Panineungan, sanajan kaasupna lagu perjuangan, wirahmana hen­teu kawas lagu Mars anu pinuh sumanget, tapi eusina teu eleh jero, malah matak kagagas, nyerep kana ati sanubari.

Baca Juga :  Kesenian Mabokuy, “Ondel-ondel” Khas Ciamis Berbahan Perkakas Dapur

Sedengkeun Bulan Langlayan­gan Peuting, campuran tina wirah­ma anu matak nyeeeset hate jeung sumanget anu ngagedur-gedur.

Sakabehna pastina oge ngaga­mbarkeun kumaha “heroikna” ten­tara di jaman harita, anu toh pati jiwa raga, ngabelaan lemah cai.

Salah sahijina, anu dipigawe ku Mochamad Toha, pahlawan ti Bandung Kidul anu ngancurkeun gudang senjata jeung mesiu musuh bari ngorbankeun dirina sorangan. Kajadian eta kawentar ku sebutan Bandung Lautan Api.

Siliwangi lahir, gede jeung ra­hayat, tur salawasna ngahiji jeung rahayat. Malah ditegeskeun dina buku yen Siliwangi nyaeta raha­jat Jawa Barat, rahayat Jawa Barat nyaeta Siliwangi.

Dina buku eta disebutkeun sajarah Siliwangi ti mangsa ka mangsa. Diantarana mangsa Divisi Siliwangi nyanghareupan serangan Walanda, nepi ka perang campuh, di sapanjang Bogor-Bandung.

Dina tanggal 22 Juli 1947 ter­jadi duel altileri pasukan Siliwangi dengan Belanda di Sukabumi. Tanggal 27 Juli 1947, pasukan Sili­wangi di Cirebon berjoang nahan joragan pasukan Walanda. Di Band­ung Kidul pasukan Siliwangi nge­lehkeun Walanda, ngarebut Kota Sukabumi jeung Tangerang.

Oge dicaritakeun balukar tina perjangjian Renville, Divisi Siliwangi kudu hijrah ka Jawa Tengah. Kitu oge sawaktu Divisi Siliwangi anu diping­pin ku Brigade Sadikin jeung Kus­no Utomo ngajorag tur ngepung Madiun pikeun numpes PKI anu dipingpin ku Muso. Malah kumaha sangsarana sawaktu Long March, numpes DI/TII, anu dikokojoan ku SM Kartosuwiryo, PRRI/Permesta, ngajaga perdameyan di Kongo, ngajorag pasukan Kahar Muzakar, numpes RMS sarta turun langsung dina operasi Dwi Kora, tur numpes pangbaruntakan G30S/PKI, nepi ka dikirim ka Kalimantan Barat pikeun ngabersihkeun PGRS/Paraku.

Baca Juga :  Skuad Yasbih E-sports Berhasil Jadi Raja di Turnamen Indonesia Moeda Erick Thohir MLBB 2022

Pokona mah panjang pisan lalakonna. Tah anu dikirim ka pan­gperangan teh, geus pasti ning­galkeun kulawarga anu dipikacin­tana. Sakumaha digambarkeun dina tembang Dikantun Tugas.

Nangis henteu disambat sarta manahna sabar, nyanggem dina manahna aduh engkang iraha, kumpul jeung kulawarga, mulih ti medan jaya, abdi nu ngantos-ngan­tos mugi maparin wartos. Nangis abdi tos pasti, engkang kasih sajati. Najan urang patebih, tangtos eng­kang miasih.

Sigana mah para koruptor anu ngagalalsak harta nagara anu oge harta rahayat, tur anu gawena asal wae, anu puraga tamba kadengda kudu unggal poe dijejelan kawih anu samodel kitu, ambeh marane­hanana sadar kumaha beuratna ngamerdekakeun bangsa ieu.

Atawa ka nu ngarora anu bakal mingpin nagara ieu, sugan we ku kitu mah, moal aya jalma-jalma anu kawas Gayus, Nazaruddin. jeung nu sejenna.

Karunya ka anak incu para pa­juang anu kurang meunang kasem­petan ngasaan kumaha ni’matna ka­merdekaan dina harti anu sagemlengna.

Sabab merdeka teh lain ngan saukur bebas tina pangjajahan wun­gkul, tapi oge tina pasualan anu raket patalina jeung nedunan kabu­tuhan sapopoena. Deudeuh teuing !