Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN tèa mah Unesco ngin­getan ka umat manusa sangkan mièling jeung terus ngagunakeun basa indungna, kusabab basa tèh mangrupa kabeungharan budaya, pikeun urang Sunda mah sakuduna dipapagkeun ku rasa gumbira.

Sabab lamun diperhatikeun, basa Sunda tèh minangka salah sa­hiji basa anu beunghar kacida tur loba pisan unak-anikna. Diantarana aya kecap-kecap atawa kalimah anu nepi ka ayeuna teu bisa dibasa Indonèsiakeun.

Contona, aya kecap pangan­teur, kayaning jrut turun, bere­bet lumpat, gèk diuk, gog nagog, tèrèkèl naèk. Kitu ogè nu sèjènna, salah sahijina basa kuring mènta tulung ka Ki Dèddy Roamer Ps, ahli basa Indonèsia di Bogor, ang­ger wè teu tiasaeun ngawaler, basa kuring meredih mènta dipangtarja­mahkeun kecap clom giriwil.

Basa Sunda, atawa basa indung sèjènna, tètèla leuwih taliti atawa ceuk basa kiwari mah spesifik dina ngagambarkeun hiji kaayaan ku ke­cap anu singket.

Clom giriwil ngagambarkeun sawaktu keur nguseup, nyaèta beubeunangan waè, clom (mangsa useup jeung eupanna) asup kana cai giriwil laukna ngait dina useup (beunang).

Eta tèh kakara dina urusan ngu­seup wungkul, encan dina kaayaan nu sèjènna, kayaning ceplak pah­ang (nyarita sabalakana bari jeung karasana pinyerieun), ngeureut neundeun, leutik mahi loba nyèsa.

Malah dina katentaraan mah, kawèntar pisan Pasukan Siliwangi mah saeutik ogè mahi. Ungkeban èta ngagambarkeun yèn saben­erna urang Sunda (baheula, teuing anu ayeuna mah) mibanda daya adapatasi, ngaragangan kaayaan, anu kacida luhurna.

Baca Juga :  Memperindah Destinasi ‘Susur Sungai’ Melalui Gerakan Beberesih Sungai Cikeas Bogor

Hal èta kagambarkeun ku pari­basa kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak. Hanjakalna, dina wangkid kiwari urang Sunda loba anu teu bisa ngindung kawaktu mibapa ka jaman. Lain hartina, kaayaan jaman èdan, urang Sunda milu èdan.

Sabab urang mah boga tetekon anu mangrupa warisan ti karuhun anu saluyu jeung ageman anu dia­gem ayeuna. Mun diperhatikeun kalayan daria, sikep èta tèh geus aya, diantarana kumaha nyangha­reupan kolot.

Pan cukup ku kalimah mun­jung kudu ka indung muja kudu ka bapa. Lain ngan dina basa wungkul kaluhungan budaya tèh tapi dina tatarian ogè aya, diantarana aya gerak-gerak kasaimbangan hirup, boh dina lèngkah atawa gerak leungeun. Anu pangkacirina nyaèta dina ngaran anak sato.

Geura wè perhatikeun, pikeun anak ieu urang Sunda boga ses­ebutan atawa istilah sorangan di­antarana, anak anjing disebutana kirik/kicik, anak bagong: begu, anak bandeng: nanar, anak ban­teng: bangkanang, anak bang­bung: kuuk, anak bangkong: buruy, anak belut: kuntit, anak bogo: cingok, anak boncel: bay­ong, anak buhaya: bocokok, anak deleg: boncel, anak embe: ceme, anak gajah: menel,anak hayam: ciak/pitik, anak japati: piyik, anak kancra: badal, anak keuyeup: bonceret, anak kuda: belo, anak kukupu: hileud, anak kutu: kuar, anak lancah: aom, anak lauk: ke­bul/burayak , anak lele: nanahaon, anak lubang: leungli, anak maung: juag/aum, anak monyet: begog, anak munding: eneng, anak reun­git: utek-utek, anak sapi: pedet, anak ucing: bilatung.

Baca Juga :  Resep Onde-Onde Wijen Isi Kacang Hujau yang Kenyal dan Empuk

Hanjakalna, sanajan basa jeung budaya urang tèh kacida beung­harna, urang Sunda bangeun anu mopohokeun kana jati dirina. Lain ngan dina basa wungkul dina seni tradisi ogè, loba anu kurang mer­hatikeun.

Sawaktu kuring nongton hiji acara anu mesèk ngeunaan tari Sunda di salaha sahiji telepisi Bo­gor, aya hiji ungkeban anu matak ngajenghok.

saur Kang Atang anu sapopoè­na gulung gumulung dina seni tari tradisi nyebutkeun yèn nonoman Sunda (Bogor) leuwih resepeun diajar tari anu dicampur (dikolabur­asikeun) jeung gerakan tari modern tibatan anu sifatna tradisi.

Sedeng bangsa deungeun anu keur dialajar di nagara urang daria pisan kana seni tradisi. Sabab, lèng­kah jeung gerak modern mah di­anggapna geus teu anèh deui.

Lamun kitu kanyataanana, boa sapuluh taun kahareup mah, urang Sunda tèh lamun hayang diajar seni tradisi kudu ka bangsa deungeun nya. Deudeuh teuing !