Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BASA ngaliwat di hareupeun komplek SD Gunung Batu, dina elang tukang baso colok aya tulisan anu matak pikaÂseurieun anu eusina téh kieu : Calon Mantu yang Baik Selalu Bawa Baslok untuk Calon Mertuanya Saat Apel. LaÂmun disundakeun kira-kira eusina kieu meureun calon minantu anu hade sok mawa baslok pikeun calon mitohana mangsa keur nganjang.
Eta basa iklan, maksudna mah sangkan mareuli baso colok. Basa iklan biasana mah sok pinuh ku pangaÂjak (rayuan gombal lamun ceuk budak rumaja ayeuna mah).
Geura wé perhatikeun dina teleÂvise, radio atawa dina Koran-koran, majalah basana alus pisan, tapi saentas dibeuli mah eusina teu saluyu jeung basa dina iklan téa. Basa iklan ogé remen digunakeun ku calon pamÂingpin anu rék tandang makalangan, sakumaha di sababaraha daérah ayÂeuna keur lumangsung pamilihan kaÂpala daérah (pilkada).
Pan keur kitu mah, jangjina téh muruluk jeung maralak kawas kacang ninggang kajang, teu eureun-eureun. Tapi sanggeus jadi mah, jangji anu sakitu lobana téh sok (di)poho(keun).
Malah sakalina didatangan ogé ditagih jangjina, boh ka imahna atawa ka kantorna, tara daékeun manggihan. Sakalina kapanggih di jalan ogé api-api teu nempo, antukna anu baheula kungÂsi mantuan nepi ka bébéakan ogé ukur bisa kutuk gendeng di satukangeun, bari susumpahan goréng, sarta jangji moal bakal daék mantuan deui.
Beuh geus telat atuh nya, nuÂmatak ceuk karuhun omat-omatan pisan, méméh eunteup intip heula, ulah gampang kabongroy ku jangji amis, anu ahirna bakal pipaiteun. Ceuk Kang Sam, salah saurang panitén politik jeung budaya, aya bédana anÂtara pilkada jeung pil kb.
“Lamun Pilkada geus jadi biasana poho, pil kb mah, lamun poho sok jadi,â€pokna téh. Patali jeung pilkada mareng anu lumangsung di sababaraÂha tempat di Indonesia, geus pasti nu maranggung hayang kapilih téh ngumbar jangji, lamu pareng kapilih mah bakal anu, bakal anu bakal anu, malah di sabagéan wewengkon, béja tina TV bari dibungbuan ku babagi duit sagala,diantarana aya ditéwak ku patugas kapolisian. Asa ku harianeun, hayang jadi pamingpin kudu meuli sora ku duit bari jeung teu sabaraha saurangna téh.
Tah lamun kaya kieu kalakuanna geus pasti dina mulangkeun modalna bakal ngagadabah duit nagara boh tina APBN atawa APBD. Sanajan geus loba conto para pajabat anu diasupÂkeun ka pangbérokan boh ku KPK atawa Kajaksaan manusa téh geuning taya kapok jeung sieunna.
Sigana mah maranéhna nu korupÂsi téh geus itung-itungan, bakal dibui sabaraha taun, sarta mangsa kaluar masih boga kénéh bekel, urusan éra jeung dos amah nomer sabaraha boa. Tah éta téh katembong pisan, mangsa diwawancara ku wartawan TV, siga taya riuk-riuk éra jeung hanjakal, maÂsih kénéh bisa cengar-cengir.
“Palebah dieu, hukum kawilang gaÂgal nyababkeun jalma kapok dina ngalÂakonan korupsi, sabab geus loba conto anu dibui, tapi korupsi angger mahabu. Naha kudu dipaéhan waé kitu?’ ceuk Kang Wawan basa ngariung di salah saÂhiji padépokan di Kacamatan Dramaga.
Tah pikeun nyiptakeun basa iklan sangkan kabongroy ku propaganda éta, biasana ngagunakeun tanaga ahli anu mémang husus nyiptakeun nu kararitu. Sabab lamun ku jalma sawagayah mah, hasilna pasti goréng. Nu rék marilih téh lain kalahka ngaÂdeukeutan tapi ngajauhan. Tong boÂroning milih ngadéngékeun jaung nempo ogé geus arembungeun.
Nu jadi pasualan pikeun nu kapilih éta, kabéhdieunakeun geus dianggap biasa jeung lumrah (teu ngarasa boga hutang atawa boga dosa) mangsa geus kapilih teu nedunan jangjina.
Naha henteu sieuneun diasupkeun kana golongan jalma munafik anu ciri-ciÂrina téh aya tilu, lamun jangji tara diteduÂnan, lamun dibéré amanah sok hianat, sarta lamun nyarita ngan bohong waé.
Lamun diantepkeun éngké lumpÂatna kana panyakit hate atawa qolbu téa, lila-lila mah ninggalkeun karatan satuluyna sasar kamana mendi.
Mun geus nepi ka palebah dieu, sagala naséhat timana waé geus tara asup, tong boroning jalma sahandaÂpeun dalah alim ulama ogé teu bisa ditarima. Panyakit séjénna nu marénÂgan, mérégéhésé, korét cap jahé. Eta biasana dimimitian ku basa iklan téa. Di urang aya teu nu kitu nya?