Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
CENAH, Urang Sunda baheula, saÂditueun barèto, teu leupas ti kecap pamali sarta mitos. Anu disebut paÂmali mah, sarèrèa ogè pastina pada apal, kecap “sakti†anu sifatna nyaram dipigawè sabab aya balukarna tur taya pernah aya pangjelasan kunaon matak kitu. Tapi, lamun dititènan kalayan daria tètèla aya mangfaatna pangna dicaram ogè. Anu kadua nyaèta mitos.
Numutkeun ètimologi basa, mitos asalna tina kecap bangsa Yunani nyaèta carita anu aya di rahayat anu nerangÂkeun kajadian di mangsa baheula, anu ngawengku panafsiran ngeunaan alam sabudeureun jeung kaayaan mahluk di jerona, sarta dianggap bener-bener kaÂjadian ku nu bogana atau anu ngagemna.
Jujutanana kana carita kabaheuÂlaan. Umumna mitos nyaritakeun jadina alam dunya, para pangeusina anu sifatna gaib (supranatural) jeung nu lianna. Anu karasa haneut kènèh pisan, tur di urang mah masih kènèh rada dipercaya (?) nyaèta lamun keur bobogohan hèg dibawa ka Kebon Raya, cenah remen aya nu tuluy pepegatan atawa papisah.
Bisa jadi tah tuluy pepegatan, laÂmun di jero Kebon Raya kabogohna anu bener-benet ngajaga pisan kahorÂmatanana dipaksa pikeun milampah ruca, atawa mangsa manèhna keur cicing di tengah Jambatan gantung ditÂinggalkeun sorangan ku kabogohna, komo lamun kabogohna ngaheureuyÂan awèwè lian mah. Mitos (?) lianna nyaèta lamun hayang hujan, kudu ngamandian ucing, atawa lamun keur hujan gelap dordar dibarengan ku anÂgin ngagelebug, pikeun ngeureunkeun atawa nguranganana tèh sok ngalungÂkeun calana jero awèwè kana kèntèng.
Naha lamun keur halodo entrag-entragan, hèg ngamandian ucing naha bakal hujan? Taya anu bisa ngajamin, dina enyana ogè ukur kabeneran, anu pangjelasna mah, ucingna pasti tiÂriseun, sabab ucing mah paling teu reÂsepeun kana cai, kusabab teu bisaeun ngojay, kawas meri atawa anjing.
Atawa naha ku ngalungkeun calana jero kana kentèng, hèg gelap dordar jeung hujanna tuluy eureun, sami maÂwon, taya anu bisa mastikeun. Sabab naon patalina antara ngalungkeun jeung hujan anu ngagebrèt? Kitu ogè, mangsa dikersakeun hujan poyan, sok aya nu nyebutkeun loba anu paèh teu dahar.
Tah palebah ieu mah, rada bisa dilelebah, sanajan taya patalina jeung kaayaan alam. Bisa jadi di jaman baÂheula, mangsa nagara urang dijajah ku Walanda jung Jepang, loba anu nemaÂhan pati alatan ku kurang (henteu) daÂhar. Bangsa urang disina “kerja paksa†rodi atawa romusha, dititah gawè beurÂat pisan bari jeung teu dibèrè dahar.
Atuh nya teu munasabah lamun loba anu perlaya ogè. Kakejeman dua bangsa ieu, pastina moal bisa dipopoÂhokeun nepi ka iraha ogè, tur kudu tetep dicaritakeun terus ka anak incu urang, utamana kumaha para pajoang ngabèbaskeun nagara ieu nepi ka merdèka. Boa lamun taya perjoangan marantenna mah, urang tèh moal bisa merdèka kawas ayeuna.
Hujan poyan anu disambungkeun jeung loba anu maraot teu dalahar bisa ngandung dua harti. Anu kahiji sifatna heureuy, sabab pastina ogè anu geus maot mah, moal jeung teu beukieun dahar, teu kawas RT Lampu Beureum, Ki Tatang tèa. Anu kadua, bisa jadi nyÂindiran ka nu baleunghar, anu pakayan loba, ka hajina nepi ka sababaraha kali, tapi di gigireun jeung tukangeun imahna, loba anu sarwa kakurangan.
Dahar isuk sore henteu, kitu ogè sabalikna. Padahal teges pisan, Kangjeng Rasul nyanggemkeun yèn pangalus-alusna jalma nyaèta anu loba mangfaatna pikeun sabudueuÂreunana. Jadi lamun èta manusa bisa ngalaksanakeun nepi ka dua tilu kaÂlina, samangsa dipènta sidekah hèsè pisan. Atawa dina barangbèrè ka tatanggana tèh kadaharan pasèsaan bari jeung wujudna tèh teu matak piÂkaresepeun.
Sawatara kecap pamali mah, sanaÂjan henteu dibèjèrbèaskeun hartina, lamun dilenyepan loba pisan mangÂpaatna. Diantaran lamun tas ngadahar dawegan, pamali cangkangna ulah ditangkarakeun. Sabab lamun ditangÂkarakeun, cai bakal nyalangkrung tur dipakè sayang reungit.
Pamali ulah cicing di lawang panto bisi hèsè jodo, padahal mah ngahalanÂgan nu rèk ngaliwat, Kitu ogè, barudak leutik, awèwè rumaja dipahing pisan (pamali) mangsa Magrib arulin di buÂruan, bisi dirawu kèlong. Padahal mah èta tèh ditaritah Shalat Magrib, sabab teu dipamalikeun ngabaring ka masjid jeung tajug mah !