DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN di rèngrèngan pasantrèn aya kecap manjada wajadda anu hartina lamun enya-enya, daria ngalakonan hiji pagawèan bakal laksana, karuhun urang Sunda ogè bogaeun paribasa anu sarimÂbag atawa sarua hartina, nyaèta lamun keyeng tangtu pareng.
Malah paribasa ieu dilengkeÂpan ku comtona sagala, cikaraÂcak ninggang batu laun-laun jadi legok. Paribasa anu dihandap jelas pisan, nempo tina kajadian alam. Malah anu ieu mah, bisa dilarapkeun kana sagala hal, bisa kana sagala rupa, salah sahijina dunya atikan.
Sanajan sakumaha bandelna budak ari ku remen digelenduÂtan mah, insya Allah bakal nurut, sakumaha anu digambarkeun dina paribasa èta.
Kajadian alam ieu (legoÂkna batu kulantaran karagragan cai), rada kagambarkeun basa nganjang ka Guha Gudawang di wewengkon Cigudeg. Di jero guha ieu, loba pisan sèsa sèsa kajadian anu dilantarankeun ku keyengna cai.
Numutkeun Kang Karyawan, sifat cai bisa ogè dilarapkeun jeung kapamingpinan urang Sunda. Cai boga sifat gampang ngahiji jeung kaayaan, mangsa diasupkeun kana gelas, nyaruÂpaan gelas, diasupkeun kana sèèng wujudna jiga sèèng, harÂtina kudu kabula-kabalè, bisa ngamènak bisa jiga rahayat biÂasa, sakumaha anu kungsi dilakÂsanakeun ku Eyang Prabu SiliÂwangi (ceuk cariat kolot jaman baheula) sok nyamur jadi aki-aki, ngalanglang nagri, ngariksa kumaha kaayaan rahayatna, mantenna kawèntar Prabu TanÂduran Gagang.
Sifat cai lianna, nyaèta cai mah nèangan tempat anu leuwih handap, hartina orièntasina ataÂwa jejerna kudu leuwih loba kahÂandap, ulah ngan kalaluhur wungÂkul. Lamun tèa pamingpin remen turba ka handap, diantarana dina mangsa hujan, pastina nyaho kaayaan di kotana sorangan.
Naha anu dibarendo tèh apaleun yèn lamun di Kota BoÂgor, sanajan hujanna ukur satenÂgah jam, jalan di wewengkon Taman Kencana, Sempur, KapÂtèn Muslihat nepi ka Jambatan Mèrah kakeueum ku cileuncang.
Cai hujan ampir tujuh puluh persèn bahèna ka jalan, henteu kana kamalir ieuh. Padahal sauÂjratna apaleun pisan lamun Kota Bogor tèh katelah Kota Hujan. Pikeun anu marakè mobil mah taya pasualan, sawatara pikeun anu marakè motor mah, nya kaÂsiksa pisan, komo palebah anu mawa mobilna rada eusleum, ngebut mangsa keur hujan, atuh nu dina motor tèh jibrug kakècrètan ku cileuncang. Komo deui ceuk Ki Wahyu di sapanjang jalan Katulampa mah, jiga wahÂangan panjang.
Teuing tah, naha Kapala Dines anu aya patalina jeung urusan èta, sok turun ka lapanÂgan mangsa hujan gedè, ambèh nyaho kaayaan anu sabenerna? Sabab pastina kawijakan ngurus anu kararitu mah aya dina panÂangan anjeunna, lain di RW lain di RT, komo Ketua DKM mah.
Lain mamatahan ngojay ka meri, sabab anu ngarasakeun mah nya jalma leutik, anu teu bisa nanaon, sarta nyorana ogè ukur bisa ngaharèwos lalaunan. Geus waktuna para pamingpin di nagara ieu, nurutan ketak pamingpin baheula.
Di Timur Tengah baheula anu kawèntar sederhana jeung remen ka handap tèh, aya Umar bin Khatab sareng Harun Al RaÂsyid, di Tatar Sunda mah geus disebutkeun di luhur. Sugan wè atuh ti saprak ayeuna jeung kaÂhareupn aya anu kawas kitu. Conto samodèl kitu tèh taya salahna diturutan, sanajan teu kudu nyeplès pisan, sakurangna ngadeudeukeutan. Sabab teu sakabèh anu dilakukeun ku paÂmingpin gorèng kabèh, ogè sabaÂlikna. Ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, trotoar dialusan, taman dihade-hadè, ari jalan kaÂkeueum.
Sugan ari turun langsung ka jalan bari bèbècèkan mah aya jalan kaluarna, kumaha kuduna kaayaan anu samodèl kitu bisa dibèrèskeun. Pastina pikeun kaÂpentingan rahayatna.
Tangtu para pamingpin nyaho pisan, yèn di pangadilan Allah, anu pangheulana ditanÂyaan tèh para pamingpin heula, samèmèh rahayatna.
Sabab aya mangsana sakabèh anu dipigawè di alam marcapada ieu,kudu ditanggungjawabkeun, bari kaayanana tèh teu bisa mènÂta tulung ka sasaha, jeung bisa ngabohong samangsa di dunya, anu hukumna bisa dibeuli jeung dibalucatbalicetkeun sangkan diÂrina salamet. Punten ah lur ! (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















