Hilkmah Shalat Peuting

Salah sahiji cara pikeun nam­bahan kanyaah ka batur sakasur, nya kudu remen hudang tengah peuting (lain ngan saukur kaham­pangan wungkul) nyokot wudu tu­luy ngadegkeun shalat lail, tengah peuting, tahajud tèa. Tah mangsa rèk kacai atawa saentas tahajud, hèg perhatikeun pamajikan anu keur ngageubra sarè, bari inget kahadèanna.

“Mangsa subuh geus hudang, naheur cai pikeun nyadiakeun kopi, nyiapkeun sarapan keur ura­ng jeung anak urang, ngamandian budak, nyetrika, nyeuseuh jeung pagawèan lainna,” pokna daria pisan. Terus, balikeun ka diri urang, naha geus bisa nyukupan nafkah lahir kawas nu sèjèn.

Unggal bulan diajak jalan-jalan, hiburan, dahar anu nga­rareunah, ah pokona mah dis­enangkeun kawas anu laloba dunya. Unggal perè diajak jalan-jalan kana mobil, balanja sagala kahayangna, henteu pan.

BACA JUGA :  Momen HJB ke-544, Museum Pajajaran Mulai Dibuka Resmi untuk Umum

“Dina hate pamajikan salaku manusa biasa pastina aya kereteg hayang kawas tatanggana anu baleunghar. Hayang make per­hiasan emas, dangdan make baju alus jeung mahal. Tapi kahayng èta ukur disidem dina hate, sabab nempo kaayaan salakina.

Sanajan teu kacumponan naha bakti ka nu jadi salaki ngurangan, pan heunteu nya?” ceuk Ki Tatang deui. Pan urang mah bisa mang­meulikeun baju ogè ukur sataun sakali, mangsa rèk lebaran, kitu ogè teu bisa nu mahal-mahal.

Tah pikeun golongan kawas urang kieu mah,leuwih hade boga prinsip sanajan teu bosa ny­enangkeun atuh ulah nyiksa ba­tinna pamajikan, karunya. Komo bari jeung disalingkuhan di satu­kangeun mah Sabab lamun ngawa­yuh bari jeung teu balaka, salilana bakal ngabohongan. Puguh kilir, nyebutkeun piket di kantor, kitu jeung kitu waè tah. Lain nambha­na dosa, pagawèan kitu tèh?

BACA JUGA :  Car Free Night Istimewa Akan Hadirkan Suasana Malam Penuh Warna

Komo deui lamun urang maca dina koran aya salaki anu nyarèkan pamajikanna laklak dasar bari jeung dirogahala, dige­bukan satakerna asa ku kaniaya pisan. Sabab awèwè mah dalah dikumaha ogè mahluk anu saku­duna dipikanyaah, ditangtayun­gan, lain dikaniaya.

“Bener Mang, tètèla di sagi­gireun nguatkeun kaimanan ka Gusti Allah, hikmah shalat Taha­jud tèh geuning bisa nengtrem­keun rumah tangga nya.”

Halaman:
« 1 2 » Semua

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================