Hariring-Dadang-HPBAMBANG SUDARSONO
Pemerhati Hukum dan HAM

KEUR ngarariung di Pos Ronda bari ngararasakeun nyecepna hawa Bogor, kusabab geus di­guyuran hujan ti Magrib kènèh, jol Mang Opik jeung pamajik­anna, mani angkaribung, mawa kopi jahè jeung pisang gorèng. Atuh anu keur ngarariung tèh, mani rikat harudang.

“Tah, tiris-tiris kieu mah mending ngopi jahè jeung pi­sang gorèng, ambèh ngarondana sumanget jeung teu asup angin,” ceuk Mang Opik bari nunda ba­bawaanna. Teu lila tuluy pami­tan deui jeung pamajikanna.

“Nuhun Mang Opik, nuhun pisan ieu mah ninggang kana paribasa keur tunduh aya nu ny­orongkeun angel, puguh pelem. Keur tiris bari jeung lapar, aya kopi jahè jeung pisang gorèng, puguh wè pas pisan,” ceuk Mo­mon bari nyicikeun kopi jahè kana gelas.

Momon, Somad, Rohim jeung Ugan, sirikna nepi ka sa­babaraha kali gideug, bangun nu ni’mat pisan. Teu ni’mat kumaha atuh, kopi jahèna panas kènèh pisang gorèngna cau oli anu geus ladu, salian ti amis tèh haneut kenèh.

“Tètèla kani’matan mah teu kudu mahal-mahal, teu kudu ka­daharan beunang masak urang bulè kayaning chiken-chiken kitu, pikeun lètah urang mah, cau oli tèh ni’matna luar biasa nya,” cauk Somad bari narik sarungna sangkan nutupan ceu­lina, sabab hawana karasa beuki tiris.

Baca Juga :  Sejumlah Klinik di Kota Bogor Diduga Langgar Kebijakan Tes Covid-19

“Aya deui panyababna tèh kang?” Momon mairan.

“Naon tah?”

“Waktuna pas jaba haratis,” tèmbalna bari seuri. Nu aya di dinya, unggeuk-unggeukan, panujueun pisan kana omongan Momon.

“Eum tukang naon nya, anu geus tara aya ngulam­preng tengah peuting?” Somad nanya ka nu keur tingharuleng deui, saentas kopi jeung pisang gorèngna èrèp.

“Tukang Putu!”

“Tukang Skoteng!”

“Ah, ilaing mah ngan kana dahareun waè, nya. Lain èta.”

“Teras tukang naon atuh kang?” nu tiluan mèh bareng.

“Tukang ngala bangkong deuleu. Pan baheula mah, mun urang keur ngaronda tèh sok aya tukang ngala bangkong atawa swikè, mamawa korang badag jeung senter gas, bari ramè tah,” ceukk Somad.

“Leres nya kang, ayeuna mah asa geus teu manggihan deui tu­kang bangkong ngalanto tengah peuting tèh,” ceuk Rohim. Der­ekdek wè Somad nyaritakeun yèn tayana nu ngala bangkong atawa swikè tèh mangrupa ciri lamun sawah di wewengkonna geus bèak.

Sabab bangkong mah hir­upna pasti di sawah, mangsa sawahna bèak diwangun ruko, komplèk paimahan, geus pasti sato anu samodèl kitu bakal kalabur nèangan tempat anyar pikeun kahirupanna.

Baca Juga :  Forum Ekonomi Kreatif Kota Bogor Dilantik, Bangun Karakter Anak Muda Masa Depan

“Naon deui tah anu karasa ku urang ayeuna?”

“Hawa tambah panas.”

“Bener. Nu lianna geus pasti loba reungit,” ceuk Somad. Sa­bab salah sahiji panyaimbang sangkan reungit reu loba tèh nyaèta bangkong. Teu pati ba­heula teuing, sapuluh taun ka­liwat, ceuk Somad, lamun tas Magrib tèh di sakuriling lembur ramè ku sora bangkong jeung nu lianna, tanda kahirupan di sabudeureun lingkungan masih kènèh lengkep.

Numutkeun tiori èkosistim bangkong jadi salah sahiji sato panyaimbang, hususna nguran­gan panyakit reungit. Tapi kulan­taran bangkongna bèak reungit napuk. Tah pikeun ngungku­lanna, loba anu leuwih resep ngagunakeun obat nyamuk ti mimiti anu dibeuleum atawa nu diolèskeun kana leungeun, anu sakabèhna tina bahan kimia.

“Enya lamun sakali dua kali mah, moal matak nanaon. Tapi lamun ku remen-remen teuing mah, bisa jadi panyakit dianta­rana keuna kana paru-paru,” ceuk Somad.

“Atuh lamun kitu mah kudu aya kawijakan atawa peraturan anu ngatur nya kang,” ceuk Momon.

“Geus aya nu kitu mah, tapi gumantung kumaha pamingpin­na. Atuan-aturan nu ngarumpak teu saeutik komo lamun geus aya urusan jeung duit mah sarta pamingpinna hèjo pisan kana duit.’ (*)