SALAHSAHIJI kasenian anu pituin Sunda nyaèta angklung anu wadiÂtrana dijieun tina awi, tur laras nadana loloban salendro jeung pèlog. Malah geus didaftarkeun minangka Karya Agung Warisan Lisan jeung Nonbendawi Manusa di UNESCO ti mimiti taun 2010. Jadi lamun geus kieu mah moal bakal aya anu ngaku-ngaku deui.
Angklung tètèla loba jinisna aya Angklung Kanèkès, Dogdog Lojor, Gubrag, Badèng jeung Buncis. Taya katerangan anu pasti, tapi ceuk dina Kang WikiÂpedia mah, bisa jadi dina wanÂgun kabaheulaan geus aya keur jaman kultur anu mekar di sakuÂliah Nusantara nepi ka panangÂgalan modern tur mangrupakeun bagèan tina relik pra-Hinduisme (samèmèh jaman Hindu) dia kaÂbudayaan Nusantara.
Catetan ngeunaan angklung kakara aya dina mangsa Karajaan Sunda abad ka 12 nepi ka abad 16, saluyu jeung kabiasaan masaraÂkat Sund anu agraris. Kitu ogè sakumaha anu dicaritakeun ku Aki Haji Jatnika ti Yayasan Bambu Indonèsia, yèn urang Sunda dina kahirupanana ti mimiti lahir nepi ka maotna teu leupas tina awi.
Nepi ka aya paribasa pet ku hinis (samangsa lahir) sarta sawaktu mulih ka jati mulang ka asal, pan awi mah angger marenÂgan. Kitu ogè amanat Prabu Haur Konèng sangkan urang Sunda melak awi lamun hayang dijauhÂkeun tina hèsè dahar. Dina budaÂya Sunda baheula, seni angklung rada deukeut jeung ka Nyi Sri Pohaci minangka lambang Dèwi Parè, anu mere kahirupan, hirup jeung huripna.
Di Kanèkès misalna, angklung digunakeun pikeun upacara adat sawaktu ngamimitian melak pare, sakumaha anu dilumangÂsungkeun di Kanèkès, lain ngan saukur pikeun hiburan wungkul, angklung disadakeun sawaktu melak pare di huma, ditabeuhna aya anu dikurulungkeun utaÂmana di Baduy Jèro (Tangtu) aya ogè dina wirahma anu tangtu, contona di Baduy Luar. Kajeroan (Tangtu; Baduy Jero), dan ada yang dengan ritmis tertentu, yaiÂtu di Kaluaran (Baduy Luar).
Sanajan kitu, di saluaÂreun melak pare, osok ogè diÂmaènkeun mangsa ngubaran pare, anu lilana tilu bulan saentas melak. Sedengkeun salila genep bulan saterusna dipahing pisan pikeun dipaènkeun. Malah dina ngasupkeun angklung ogè, teu meunang sambarangan, aya aturanana, anu disebut musungÂkeun angklung tèa. Dina mintÂonkeun hiburanana ogè biasana di buruan atawa tempat anu lega mangsa caang bulan.
Kawih anu ditembangkeuÂnana diantarana, Lutung KasaÂrung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, DengÂdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, jrrd. Ngaran-ngaran angklung di Kanekes ti mimiti anu panggedèna nyaèta angklung indung, ringkung, dongdong, gunjing, engklok, indung leutik, torolok, dan roel. Bedug anu panÂgpanjangna, bedug, talingtit, dan ketuk.
Sedeng di wewengkon Bogor tegesna di Kampung Cipining KaÂcamatan Cigudeg aya anu disebut Angklung Gubrag. Numutkeun katÂerangan Abah Rusèn carita disatuÂkangeunana kawilang ahèng. AnÂgklung Gubrag geus aya di jaman Karajan Pajajaran, sakurangna dina abad ka 16. Anu nyiptakeuÂnana, nyaèta Buyut Muhtar, anu harita mah pamuda anu belejag kènèh, dina kaayaan buta tulang buta daging. Dina mangsa harita, kaayaan di wewengkon sabudeuÂreun dinya ngalaman halodo anu kacida lilana, leuwih ti katiga, taÂneuh sawah bareulah, tatangkalan pararaèh, wahangan ngolètrak, harianeun sumur mah geus saat caina.
Muhtar anu harita pemuda kènèh cenah mah meunang piÂtuduh pikeun “tapa†di salah saÂhiji gunung anu aya di wewengÂkon dinya lilana 40 poè. Cenah mah Nyi Pohacina bendu. Bèrès mujasmedi, anjeunna meunang pituduh pikeun nyieun angklung. Singket caritana angklungna tèh bèrès wèh dijieun, tuluy ku saÂbabaraha urang angklung tèh di tabeuh, teu kungsi lila gubrag wè hujan badag.
tah ti harita angklung beuÂnang nyiptakeun Buyut Muhtar tèh dingaranan Angklung Gubrag anu tujuanana ngadatangkeun hujan. Angklung Gubrag anu dijieun tina awi hideung, sanaÂjan umurna geus ratusan taun, barangna masih kènèh beleger disimpen di salah sahiji bumi katurunan Buyut Muhtar di KamÂpung Cipining Dèsa Argapura KaÂcamatan Cigudeg. Malah nepi ka ayeuna ogè masih kènèh mibanda kaahèngan, pikeun katurunana. Nu jelas mah, angklung ieu manÂgrupa titinggal budaya anu luhur ajènna. (*)
Bagi Halaman