
Tapi tèkad anu kuat, kalayan niat anu buleud kana kayakinan anu keur dipigawèna, yèn anu dijalankeun aya dina jalan bener, teu ngajadikeun Pangeran Sakè unggut kalinduhan gedag kaangiÂnan dina ngajarkeun agama Islam ka masarakat Bogor nepi ka tutup lalakonna.
Malah pikeun nyiasatan sangÂkan teu diudag-udag ku Walanda, Pangèran Sakè nyieun kuburan dirina sarta dibèjakeun tiwas ataÂwa maot. Ti harita Walanda teu pati ngudag-ngudag deui, ahirna Pangeran Sakè jongjon ngalakÂsanakeun pancènna ngajarkeun agama Islam.
Syeh Saheh tètèla masih kèÂnèh turunan atawa katalian dulur jeung kulawarga Sultan Banten jeung Cirebon. Mantenna putra ti Sultan Ageng Tirtyasa anu saterÂasna ka Syeh Abdul Fatianu ahirna ka Syeh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunungjati.
Dumasar kana catetan sajarah anu aya Sunan Gunungjati tèh, puÂtrana Lara Santang anu ibuna Nyi Subang Larang prameswari ti Sri Baduga Maharaja. Jadi sok sanaÂjan Pangeran Sake asalna ti Banten tapi bibit buitna mah ti Bogor kèÂnèh, sarta Raja anu pangkasohorÂna ti Tatar Sunda.
Nami Pangeran Sakè tètèla lain kawèntar di Bogor wungkul, tapi sumebar nepi ka luar Pulo Jawa dianatarana ka Sumatera jeung Kalimantan. Salah sahiji buktina, nu jaliarah ka makam Pangeran Sake lain saukur ti BoÂgor jeung Banten wungkul, tapi loba ogè anu ti Sumatera jeung KaÂlimantan. Malah teu saeutik anu ti Lombok sagala. Dumasar katerÂangan ti salah saurang turunanna, ajaran agama Pangeran Sake kaÂcida raketna jeung Salafiyah.
Amanatna anu kudu dijaga jeung nyaèta kudu tetep aya MauÂlid Nabi Muhammad SAW, Isra Mi’raj atawa Rajaban sarta nyaah ka kaum dhuafa jeung barudak yatim.
Teu anèh lamun anu jaliarah ka tempat ieu diperedih pisan pikeun merhatikeun barudak yaÂtim. Ajaran-ajaran ieu anu tetep dijaga jeung dilaksanakeun ku tuÂrunan Pangeran Sake anu ayeuna geus nepi ka nu ka tujuh. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















