Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BASA diajakan “ulin†ku Kang Wawan ka wewengkon Gadog, hate bungahna mah nataking. Bungah ka giri-giri, bungah anu taya papadana. Geus lila pisan tara momobilan, komo dina moÂbil alus sakelas sedan mah.
Salila ieu tong boroning naèk mobil alus angkot ogè beunang disebutkeun teu sataun sakali. Kukuluyuran tèh cukup dina Si Jimat motor heubeul bari jeung butut meunang ngaririhan ti Wa Haji Idar anu taun jeung merkna ogè geus leungit bakating ku lila pisan.
Dina STNKna ditulis tahun pangjieunan samèmèh masehi, cebah. Lumayan sanajan butut-butut ogè bisa nguntar-nganteur ka ditu-kadieu bari jeung tepi ka anu dujugjug. Kunaon pangna ditegeskeun tepi ka tempat anu dijugjug? Sabab di jaman ayeuna mah loba pisan kajadian anèh. MoÂbilna alus, supirna aya, bèngsinna cukup, tapi loba anu teu nepi ka tujuan. Dina nepina ogè rada lila.
Anu ceuk ukuran normal mah bisa satengah poè, ieu mah nepina tèh sanggeus saminggu. Teuing tah anu genep poè èta kamana heula. Kunaon keukeuh make Si Jimat? Panimbang ka hiji teu boga deui motor sèjèn (ngan èta-ètana) jadi teu bisa milih.
Panimbang kadua cepet jeung murah. Lamun naèk angkot dina sapoè kudu udulan duit nepi ka Rp 35 rèbuna, ngagunakeun Si Jimat mah duit sakitu tèh bisa 2 minggu. Urusan kahujanan kapaÂnasan mah, nomer saratus lah.
Mangsa dipapagkeun di wewengkon Gadog ku nu gaduh tempat, Mama Mukawali bari terus diajak ka hiji tempat anu anyar diwangun rarasaan geus bèda. Di jerona loba patung anu bèda jeung anu sumebar foto-fotona ti mimiti patung Buddha, Giok Naga Beureum, rupa-rupa arca nu hijina beuratna nepi ka 4 kwintalna.
Wah lamun dipèrèkeun mah puguh loba anu teu kacatet, bakatÂing ku loba jeung ararahèng. Nu pangahèngna basa Mama muka hiji lomari anu eusina pinuh ku peti laleutik. Basa hiji-hiji dibuka matak olohok mata peda, euÂsina jenglot atawa manusa anu ngaleutikan anu ceuk sakaul teu bisa ditarima ku taneuh kusabab ngamalkeun ajian Batara Karang, Aji Pancasona jeung lianna. WuÂjudna masih manusa, buukna jeung kukuna panjang aya kana 40 petina. Rek pata-potona hpna pareum bèak batrena.
“Kuring mah lain rèk nanaÂon. Hayang ngabèwarakeun ka balarèa yèn Sunda atawa Jawa Barat tèh beunghar. Bukti ayana jenglot atawa mummy ieu, baÂlukar tina ayana èlmu anu aya di dieu. Ogè hayang ngayakinkeun ka jalma-jalma anu nyebutkeun yèn Pajajaran jeung Prabu SiliÂwangi ukur mitos. Sok datang ka dieu. Di kuring aya rupa-rupa panÂinggalan budaya, boh ti Karajaan Pajajaran, Galuh, Majapahit anu sakabèhna bogana Eyang. Lain ngan saukur carita wungkul tapi bukti fisikna,â€pokna daria pisan.
Anu matak hookeun jeung nepi ka nyiwit kulit nepi ka saÂbabaraha kali basa diajak ka roÂhangan husus di tingkat dua. Di tempat ieu aya karya-karya peluÂkis dunia anu hargana kawilang mahal, diantarana beunangna Vincent van Gogh anu harga lukisanna nepo ka Rp, 1,5 trilyun Rembrandt van Rijn, Paul CeÂzanne jeung nu lianna. Boa ngaÂran-ngaran sèjèn ogè aya, sabab loba pisan patumpuk.
Beunangna urang Indonesia Raden Saleh Bustaman, Basuki Abdullah sarta nu lianna. Pikeun ngariksa naha èta tèh bener beuÂnang pelukis anu disebutkeun di luhur. Dina luhureun mèja nyampka buku literature dina basa Inggris jeung Francis lengÂkep jeung gambarna. Hanjakal teu ngarti kana dua basa ieu. Eta tèh kakara nepi kana lukisan, komo kana barang-barang kayanÂing arca anu mangrupa emas anu beurat hijina aya kana sapuluh kiÂlona. Mangkaning lain ngan ukur hiji, tapi loba pisan. Kitu ogè aya cingcin, kalung anu sakabèhna dijieun tina emas. Anu harita hadir, kalebet Kadisbudpar KabuÂpaten Bogor, Kang Rachmat nepi ka nyiwit leungeun sababarah kalaka basa Mama ngaluarkeun batu Black Diamon ditarètès berÂlian sarta dibeungkeut ku emas.
“Tah ieu certifikatna,†saur Mama bari nuduhkeun surat anu nerangkeun batu èta ti InternaÂsional Colored Gemstone (?) anu ukurana 180 karat. Wah loba pisan puguh ogè, hèsè matak perÂcayana lamun teu datang. (*)
Bagi Halaman