Kajadianna mangsa keur ni­kah jeung Nyimas Subanglarang, putrina Ki Gedeng Tapi, anu jadi santriwati Syech Qurotol Ain nu boga pasantrèn di wewengkon Wadas Karawang.

“Teu mungkin Syech Quro anu madzhabna Hanafi ngiz­inkeun anak didikna nikah jeung nu bèda agama,” saurna tatag pisan. Dumasar kana catetan sa­jarah, pasantrèn anu diadegkeun ku Syeh Hasanuddin atawa Syech Quro geus aya ti jaman akina Raden Pamanah Rasa, Maharaja Nilawastu Kancana.

Pasantrèn anu teu sabaraha gedè tèh diantepkeun teu dijorag, tapi diantepkeun salila sabaraha puluh taun. Raden Pamanah Rasa anu harita masih belejag, buta tu­lang buta daging sarta mibanda kasaktian dipiwarang ngariksa ka pasantren ieu.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Mangsa tepi ka dinya, kadan­gu ku Raden Pamanah Rasa Ny­imas Subanglarang keur maos Qur’an. Kabandang ku sora nu halimpu sarta bacaan anu nem­bus ati maragat kana manah sumarabah kana bayah, Raden Pamanah Rasa kapupul bayu, hatèna kabandang ku nu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Ahirna mojang Subang ieu ditikah kalayan mas kawinna lint­ang kerti jajar saratus.

Ceuk sabagèan lintang kerti jajar saratus anu dimaksud tèh tasbèh anu aya di Mekkah. Tah ngeunaan lalakon kumaha Raden Pamanah Rasa meunangkeun tas­bèh ieu aya deui caritana.Mun di­caritakeun matak hookeun jeung hèsè pisan dipercayana.

“Di palebah deui pisan Pra­bu Siliwangi ngagem agama Is­lam. Kunaon make teu balaka lamun mantenna geus Islam? Lamun balaka karajaan Pajaja­ran anu bakal dirajaana bakal geunjleung malah bisa jadi nolak anjeunna,” saur salah sahiji kas­epuhan Bogor.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Kayaan nagara Sunda di Bo­gor harita keur bancang pakèwuh sabab antara Galuh jeung Sunda keur harènghèng. Di palebah dieu ogè, lumaku madarat jeung maslahat.

Dumasar kana pangalaman èta, pamingpin tèh kudu singer, naha kaputusan anu dijieun tèh leuwih loba madaratna atawa maslahatna. Ulah maksakeun, komo bari didasaran asa aing pan­gpinterna, nu sèjèn mah bodo. Bogor dina poè isukan bakal mi­langkala anu ka 534, geus leuwih ti dèwasa sakuduna mah nya.

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================