Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SARÈATNA lamun taya Kang Saleh Danasasmita, atawa Kang Saleh teu daèkeun uprak-oprèk, ngaguar poè jadi Bogor, sigana bakal bingung iraha mièling miÂlangkalana. Minangka contona Provinsi Jawa Barat mun teu salah kakara dua taun kliwat, mièling poè jadina anu dingaranan De Sukron. Numutkeun pangakuan kulawarga Kang Saleh, kapangÂgihna poè jadi Bogor, mangsa anjeunna keur ngais salah sahiji putrana, Daniarti.
“Umi kapanggih ayeuna mah, poè jadi Bogor tèh,â€saur Kang Saleh ka istrina, ibu Tasrianah ataÂwa Ibu Oneh. Budak orok anu keur dipangku tèh teu sirikna dialungÂkeun kana kasur, bakating ku bunÂgah, pèdah poè jadi Bogor geus kapanggih. Sabab geus sababaraha poè dkotèktak, dikorèhan, angÂger teu kapanggih. Tah ngeunaan milangkala Bogor ieu, sanggeus sababaraha puluh taun dipièling, kakara aya pepeletèkan, yèn saÂbenerna anu ditetepkeun ku alÂmarhum Drs. Saleh Danasasmita tèh salah, kuduna mah poè anu, tanggal anu taun anu.
Ah teu dipalirè ieu, nu “ngagugatna†sarta nyebutkeun salah tèh, lain sasaha, taya karyÂana jeung baktina pikeun Bogor, komo nyieun buku sajarah kaÂwas Kang Saleh anu bukuna dijaÂdikeun kacapangan atawa referÂensi ku balarèa. Dina enyana ogè bisa nyalahkeun, pan sumberna tina buku Kang Saleh ogè. Teu bèda kawas dititah nangtungkeun kulub endog. Mangsa can diconÂtoan, endogna kudu dipeupeuÂskeun heula mah, mani bingung teu manggih tungtung, cruk-crek, hèsè pisan.
“Cik atuh nèangab pasualan mah anu kaharti ku akal, lain anu mustahil,â€pokna tèh. Tapi saentas ditangtungkeun (bari dipeupeuÂskeun) ngacungna tèh mani panÂgheulana, atuh anu kitu mah uing ogè bisa, jawabna tèh. Har !!!
Panangtuan poè milangkala Bogor (Kota jeung Kabupatèn) diÂcokot mangsa Purasaba Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) dipindahkeun ti Kawali Ciamis ka Bogor. Sabada Prabu Jaya Dewata Prana disitrènan pikeun kaduakaÂlina, jadi Maharaja sarta gelarna Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakwan Pajajaran, ngawasaan dua karajaan anu badag, nyaèta Sunda jeung Galuh. Samèmèhna Karajaan Galuh anu purasabana di Kawali dipasrahkeun ti bapaÂna, Rahyang Dewa Niskala.
Harita kayaan Karajaan Galuh jeung Sunda keur rada harèngÂhèng kusabab kalakuan Dewa NisÂkala. Karajaan Sunda di Bogor diÂpasrahkeun ka Prabu Jaya Dewata minangka salah sahiji syarat sangÂkan henteu aya pacongcrègan atawa pacengkadan kahareupna.
Maharaja Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal masrahkeun karajaan ka minanÂtuna, Prabu Jaya Dewata anu geus mileuleuheungkeun Nyimas Kentring Manik Mayang Sunda. Kètang lain ngan saukur kitu wungkul, Prabu Jaya Dewata maÂsih kènèh ahli waris anu mibanda hak, sabab antara Sunda jeung Galuh masih kènèh sarawayan ti Karajaan Purnawrman.
Di jaman karajaan keur diparèntah ku Sri Baduga atawa Prabu Siliwangi remen dicaritaÂkeun dina kayaan gemuh, putra Mahkotana Prabu Surawisesa, jadi duta Karajaan Pakuan PaÂjajaran. Carita kumaha hèbatna karajaan ieu dicaritakeun ku Tom Pires anu kungsi datang ka KaraÂton Pajajaran di Bogor. Riwayat sèjèn ti para kasepuhan teu jauh bèda. Karajaan Pajajaran ngalaÂman pareum saentas raja paÂmungkas Raga Mulya Surya KenÂcana, “tilem†di Gunung Gede, teu katèwak ku pasukan Banten.
Saentas Watu Gilang, tempat paragi pangistrènan para raja dibawa ka Banten sarta diteunÂdeun di ditu. Mangsa ieu loba anu nyebutkeun Pajajaran Burak. Dayeuh Pakuan ngalaman koÂsong nepi ka saabad lilana. Tah, 543 taun ti harita, Kota jeung KaÂbupaten Bogor, ngalaman rupa-rupa kajadian. Pangwangunan di mana-mana, jalan-jalan, gedong jeung nu lianna. Pamingpin ogè geus sabaraha kali ganti, aya anu mulus rahayu, bèrès roes salila marèntah di Bogor, aya ogè anu tisolèdat. pastina ku kalakuanna kènèh. Pikeun èta, kokolot Bogor, Pa Cilong ngingetkeun dina panÂtun Ngadegna Dayeuh Bogor.
Lamun Kabupaten Bogor keur ngalaman tunggara dina pangÂwangunan, kusabab pamingpinÂna geus diberok, nepi ka silpana gedè pisan, Kota Bogor ogè keur tiis-tiis jahè. Kasus taneuh Angka Hong di Jambu Dua keur disidanÂgkeun di Pangadilan Tipikor di Bandung. Naha bakal mawa kaÂtunggaraan anyar ? Wallohu alam bissawab. Keun wè , èta mah urusan sèjèn. Bogor dina poè ieu, 3 Juni 2016, keur milangkala ka 534. Wilujeng Milangkala ka 534 Bogor, mugia apanjang apunjung mulus rahayu. Rahayu Bogor. (*)
Bagi Halaman