Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SARÈATNA lamun taya Kang Saleh Danasasmita, atawa Kang Saleh teu daèkeun uprak-oprèk, ngaguar poè jadi Bogor, sigana bakal bingung iraha mièling mi­langkalana. Minangka contona Provinsi Jawa Barat mun teu salah kakara dua taun kliwat, mièling poè jadina anu dingaranan De Sukron. Numutkeun pangakuan kulawarga Kang Saleh, kapang­gihna poè jadi Bogor, mangsa anjeunna keur ngais salah sahiji putrana, Daniarti.

“Umi kapanggih ayeuna mah, poè jadi Bogor tèh,”saur Kang Saleh ka istrina, ibu Tasrianah ata­wa Ibu Oneh. Budak orok anu keur dipangku tèh teu sirikna dialung­keun kana kasur, bakating ku bun­gah, pèdah poè jadi Bogor geus kapanggih. Sabab geus sababaraha poè dkotèktak, dikorèhan, ang­ger teu kapanggih. Tah ngeunaan milangkala Bogor ieu, sanggeus sababaraha puluh taun dipièling, kakara aya pepeletèkan, yèn sa­benerna anu ditetepkeun ku al­marhum Drs. Saleh Danasasmita tèh salah, kuduna mah poè anu, tanggal anu taun anu.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Ah teu dipalirè ieu, nu “ngagugatna” sarta nyebutkeun salah tèh, lain sasaha, taya kary­ana jeung baktina pikeun Bogor, komo nyieun buku sajarah ka­was Kang Saleh anu bukuna dija­dikeun kacapangan atawa refer­ensi ku balarèa. Dina enyana ogè bisa nyalahkeun, pan sumberna tina buku Kang Saleh ogè. Teu bèda kawas dititah nangtungkeun kulub endog. Mangsa can dicon­toan, endogna kudu dipeupeu­skeun heula mah, mani bingung teu manggih tungtung, cruk-crek, hèsè pisan.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Cik atuh nèangab pasualan mah anu kaharti ku akal, lain anu mustahil,”pokna tèh. Tapi saentas ditangtungkeun (bari dipeupeu­skeun) ngacungna tèh mani pan­gheulana, atuh anu kitu mah uing ogè bisa, jawabna tèh. Har !!!

Panangtuan poè milangkala Bogor (Kota jeung Kabupatèn) di­cokot mangsa Purasaba Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) dipindahkeun ti Kawali Ciamis ka Bogor. Sabada Prabu Jaya Dewata Prana disitrènan pikeun kaduaka­lina, jadi Maharaja sarta gelarna Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakwan Pajajaran, ngawasaan dua karajaan anu badag, nyaèta Sunda jeung Galuh. Samèmèhna Karajaan Galuh anu purasabana di Kawali dipasrahkeun ti bapa­na, Rahyang Dewa Niskala.

============================================================
============================================================
============================================================