Harita kayaan Karajaan Galuh jeung Sunda keur rada harèng­hèng kusabab kalakuan Dewa Nis­kala. Karajaan Sunda di Bogor di­pasrahkeun ka Prabu Jaya Dewata minangka salah sahiji syarat sang­kan henteu aya pacongcrègan atawa pacengkadan kahareupna.

Maharaja Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal masrahkeun karajaan ka minan­tuna, Prabu Jaya Dewata anu geus mileuleuheungkeun Nyimas Kentring Manik Mayang Sunda. Kètang lain ngan saukur kitu wungkul, Prabu Jaya Dewata ma­sih kènèh ahli waris anu mibanda hak, sabab antara Sunda jeung Galuh masih kènèh sarawayan ti Karajaan Purnawrman.

Di jaman karajaan keur diparèntah ku Sri Baduga atawa Prabu Siliwangi remen dicarita­keun dina kayaan gemuh, putra Mahkotana Prabu Surawisesa, jadi duta Karajaan Pakuan Pa­jajaran. Carita kumaha hèbatna karajaan ieu dicaritakeun ku Tom Pires anu kungsi datang ka Kara­ton Pajajaran di Bogor. Riwayat sèjèn ti para kasepuhan teu jauh bèda. Karajaan Pajajaran ngala­man pareum saentas raja pa­mungkas Raga Mulya Surya Ken­cana, “tilem” di Gunung Gede, teu katèwak ku pasukan Banten.

BACA JUGA :  PENYEBAB PEROKOK DI INDONESIA TERUS BERTAMBAH

Saentas Watu Gilang, tempat paragi pangistrènan para raja dibawa ka Banten sarta diteun­deun di ditu. Mangsa ieu loba anu nyebutkeun Pajajaran Burak. Dayeuh Pakuan ngalaman ko­song nepi ka saabad lilana. Tah, 543 taun ti harita, Kota jeung Ka­bupaten Bogor, ngalaman rupa-rupa kajadian. Pangwangunan di mana-mana, jalan-jalan, gedong jeung nu lianna. Pamingpin ogè geus sabaraha kali ganti, aya anu mulus rahayu, bèrès roes salila marèntah di Bogor, aya ogè anu tisolèdat. pastina ku kalakuanna kènèh. Pikeun èta, kokolot Bogor, Pa Cilong ngingetkeun dina pan­tun Ngadegna Dayeuh Bogor.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Lamun Kabupaten Bogor keur ngalaman tunggara dina pang­wangunan, kusabab pamingpin­na geus diberok, nepi ka silpana gedè pisan, Kota Bogor ogè keur tiis-tiis jahè. Kasus taneuh Angka Hong di Jambu Dua keur disidan­gkeun di Pangadilan Tipikor di Bandung. Naha bakal mawa ka­tunggaraan anyar ? Wallohu alam bissawab. Keun wè , èta mah urusan sèjèn. Bogor dina poè ieu, 3 Juni 2016, keur milangkala ka 534. Wilujeng Milangkala ka 534 Bogor, mugia apanjang apunjung mulus rahayu. Rahayu Bogor. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================