
Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BOGOR, baku ari geus datang jatidiÂrina tèh, sanggeus ti peuting ngaguyÂuran taneuh Pajajaran nepi ka kudu ngalaman ngaringkuk di Masjid AtÂtaqwa tengah peuting, kabulusan saÂbab teu boga jas hujan, isuk-isuk ogè, kapaksa kudu nyirekem deui di goÂwok, ngadagoan langit cangra, sabab girimis geus nyampakeun, mangsa panon kakara beunta.
Bogor tèa atuh, pan kawèntar pisan, Kota Hujan, kota anu teu perÂnah ngalaman kakurangan cai (kuÂduna mah), tapi tètèla bulan kamari mah loba anu tingjarerit, teu kabaÂgèan cai. Cenah mah saat disedotan ku pausahaan cai curah, nepikeun ka caina korèdas. Mangsana datang usum halodo tèh ribut, caina saat. Teu kabayangkeun kumaha jadina, lamun di sumberna waè, katelah loba hujan, wahangan jeung sumber cai, saat, kumaha di tempat sèjèn nya. Nukitu tèh ninggang kana paribasa beurit paèh di leuit tèa meureunan. Tapi kètang, sanajan dimamana ogè, tetep wè aya hukum leuweung, anu kuat ngèlèhkeun anu teu walakaya. Kuat lain dina harti baheula, tukang tarok tukang bobok, tapi loba dunya, beunghar pangabisa, panjang lèngÂkah, loba konèksi.
Biasana, sok lengkep tah, keur mah loba dunya barana, hubungananÂana ogè rèa, dina boga urusan tèh loba anu nulungan. Mangsa di jalma leutik jeung teu boga duit, wayahna wè dina antrian tèh kudu pangtukangna. Lain semet kadinya wungkul deuih, sakaÂpeung mah antrian tèh, kapiheulaan anu pandeuri tèa.
Teu bisa disinglarkeun yèn duit di jaman kiwari geus jadi “berhala†anyÂar anu bisa “naklukeun†kakawasaan, boh ku jalan kasar, mènta proyèk bari jeung ngancam, satengah kasar (bari sandar-sindir), ngigètan yèn nepi ka ayeuna jadi pamingpin atawa inohong tèh baheulana aya campur leungeunna kènèh. Anu lemes, tara loba carita, mangsa aya pagawèan anu kudu dipigawè hèg pamarèntahÂan taya waragadna, nu boga duit mah langsung ngacung ngamanggakeun. Contona jalan tol, terminal jeung nu sèjènna. Lamun geus kitu daèk-teu daèk antara pangusaha anu loba duit jeung pamarèntah tèh jadi sawawa.
Di jaman Orde Baru mah pan loba pangusaha anu diwowoy jeung diogo, dibèrè fasilitas pikeun ngagawèan proyèk-proyèk utama, ayeuna mah duka tèh teuing. Mugia wè tender proyèk anu enggeus, eukeur jeung bakal dilaksanakeun tèh bener-bener murni, teu cueut ka nu hideung ponÂtèng ka nu konèng.
Baheula keur jaman Warkop jumÂeneng kènèh, kungsi nyieun film drama komedi itu bisa diatur anu dikaluarkeun dina taun 1984, kalayan disutradaraan ku Arizal sarta dibintangan ku Aminah Cendrakasih. Eusina nyaritakeun , Tilu sobat nyaèta Dono, Kasino, Indro anu meunang kapercayaan muka restoran. Heureuyna dimimitian ti restoran èta, diantarana teu ngahaja ka borgol, bari koncina euweuh. Kakuatan film komèÂdi ieu, saujratna ku kaahlian tilu angÂgotana, sanajan kalimah itu bisa diatur anu jadi judul teu ngagambarkeun eusi carita anu sabernerna, atawa saluyu jeung judulna. Ngan kabèhdieunakeun kalimah sagalana bisa diatur tèh bet jadi gorèng hartina.
“Tenang wè pa, sagalana tiasa diatur,†ceuk hiji pajabat bari imut. Anu diajak ngomongna tèh surti kana maksud kalimah ieu. Biasana sok aya “balas jasa†boh di samèmèh bèrès, atawa saentasna. Bisa diatur, bisa alus bisa gorèng, kari kumaha situasina.
Padahal anu pangpentingna mah lain, kudu bisa diatur jeung teu daèk diatur. Tapi kudu bisa ngatur soranÂgan sarta saluyu jeung aturan anu geus ditangtukeun. Anu kitu tèh ngaranna ngarti atawa komo lamun bisa surti mah. Di jaman kiwari, anu diperlukeÂun tèh lain semet ngan ngarti wungkul, tapi leuwih ti èta. Lamun sakabèhna geus bisa nempatkeun dirina dina surti (tangtuna dina harti nu alus), rarasaan bakal merenah. Lamun tèa mah anu ngarala cai surti, moal nepi ka mèakeun cai nepi batur kasaatan, ataÂwa dina widang sèjènna. Kitu ogè anu naluaran kai di leuweung, anu nyekel pamarèntahan, organisasi atawa naon waè diperlukeun sikep surti. Teu gamÂpang mèmangna ogè, sabab sakurangÂna perlu nyaho kabutuh batur. (*)
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















