Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAENTAS sababaraha poe langit salilÂana bèngras, tadi peuting dipaparin hujan, mani asa sono, kana cihujan tèh, sanajan tengah peuting bari jeung asa didodoho ogè. Enya kusabab salila ieu yakin pisan tara turun hujan, nepi ka jas hujan anu biasana digigiwing kamamaÂna tèh, ti saprak “usum halodo†mah, nya ditinggalkeun dina sampayan. Ngan mangsa turun hujan peuting jadi binÂgung lumampah, kapahung ku hujan.
Rèk huhujanan rumasa geus ohir, tong boroning keuna cihujan, sakali mangsa parengan teu make jakèt ogè, pan urusana panjang, lamun teu dikÂerokan ku patih goah, sakujur awak kudu dibalur ku minyak haneut. LaÂmun teu kitu sapeupeuting teu bisa sarè, guling gasahan, sagala karasa. Palebah dinyana mah kudu ngarumaÂsakeun beuki kolot mah, “onderdil†tèh geuning beuki kurang kuat.
Motor onaman bisa diganti ku nu anyar, anu aya jero awak mah rèk kumaha ngagantina. Paling ogè ukur miara jeung mulasara wungkul. Jadi tegesna mah, lumaku tah sadia paÂyung samèmèh hujan, jadi mangsa hujan geus siap-siap pikeun nyanghaÂreupana. Saur Ki Tatang, paribasa saÂdia payung samèmèh hujan tètèla lain ngan saukur pikeun hujan, dina harti sabenerna, cai anu turun ti langit.
Tapi ceuk Ki Tatang mah jero kaÂcida, hususna pikeun sakabèh manuÂsa, hususna anu geus boga kawajiban. Pikeun anu geus akil balèg, tumiba kawajiban ngadegkeun Shalat, nya buru-buru adegkeun, sabab shalat tèh bisa jadi salah sahiji siloka tina payung, jeung amal-amal kahadèan nu lianna. Payung lianna sakumaha disabdakeun ku Kangjeng Rasul Nabi Muhammad SAW, diantarana lamun kahadèan urang dina poè ieu, kurang ti nu kamari, dosa, lamun sarua kaaÂsup jalma anu rugi, nu pangafdolna nya unggal poè kahadèan leuwih loba ti samèmèhna jeung ayeuna.