
Di jaman kiwari mangsa sagaÂla usaha geus loba saingan, palayÂanan anu matak nyugemakeun ka palanggan atawa anu meuli tèh kacida pentingna. Malah beuÂnang disebutkeun statègi pikeun meunangkeun persaingan,jeung lain ngan saukur anu dilayanana sugema atawa mere perhatian wungkul, tapi ogè ngawuwuh kana ngarèspon atawa merhaÂtikeun kahayang konsumèn sangÂkan nimbulkeun katineung atawa peunteun anu alus. Saratna tèh kudu dirojong ku kualitas sumber daya manusa anu cukup, sarta bisa mekarkeun strategina sangÂkan leuwih onjoy ti nu sèjènna. Anèhna, anu kitu tèh, rata-rata suksès dikembangkeunana ku piÂhak partikulir atawa swasta..
Contona dina palayanan ka pasèn rumah sakit, sanajan kudu mayar mahal, di rumah sakit swasta mah pasèn tèh teu welèh merul. Panyababna cenah di rumah sakit plat beureum mah, parawatna tèh jararudes, teu kaop salah saeutik wani nyarèkan ka pasèn atawa nu maturanana. Sanajan teu pernah kaalaman ku sorangan, ceuk pikiran mah, moal aya haseup lamun taya seuneuna.
Salah sahiji gorèngna palayÂanan tèh nyaèta lobana mini marÂket atawa swa layan anu ayeuna geus ngaranjah ka lembur-lemÂbur, sarta loba diantarana nepi ka maèhan warung leutik bogana bangsa pituin. Di Kota Bogor waè nepi ka ratusan jumlahna, encan di Kabupatèn, boa di Depok, CianÂjur atawa Sukabumi ogè, kaayaÂnana tèh teu jauh bèda. Hèbatna tèh, loba diantarana teu baroÂgaeun izin. Nu jadi patanyaan, pan meureun mangsa keur ngaÂwangun atawa rèk ngamimitian dibuka tèh, kanyahoan. Kunaon mangsa keur diwangun kènèh henteu aya tegoran, kakara kanyaÂhoan geus ngajenglèng jeung geus jaralan nya? Mangsa aya masalah tèh, hayoh silih salahkeun, banÂgun anu embung tanggungjawab. Barang dipaluruh tètèla aya bèda pamahaman antara aturan anu hiji jeung nu sèjènna. Lamun kitu carana cilaka, nangtukeun hiji pamasalahan ku dua pamahaÂman anu bèda, terus lumpatna ka mana. Lamun duanana keukeuh peuteukeuh yèn pihakna ngarasa bener duanana.
Saur Ki Madi, kajadian lobana mini market atawa villa anu loba diwangun bari jeung teu baroga izin ogè, salah sahiji ciri yèn widang pangawasan di pamarenÂtahan satempat kurang bener, atawa sakurangna koordinasi koÂmunikasi diantara instansi anu boga wewenang jeung kawajiban menerkeun henteu jalan. Atawa mèmang aya nanaonna di sajeÂroeun èta? Teu kudu ambek, angÂgursi geura dibenahan, ambèh di mangsa hareup teu kaalaman deui nya. Prung ah!. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















