Lamun tas ngalaksanakeun puasa sabulan, tapi pagawèan anu hade ditinggalkeun, sarta balik deui ka jaman “jahiliyah” dina harti ngajalankeun deui pagawèan gorèng, bisa dihar­tikeun puasana gagal. Kitu ogè sikep korupsi boh leutik atawa gedè, anu mangsa keur puasa mah rada dipahing, dipigawè deui, ku jalan ngahèsèkeun pagawèan anu sabenerna gampang, sangkan aya lolongkrang pikeun ngorèhan kauntungan pikeun pribadina, beunang disebutkeun puasana kurang sampurna.

Sabulan ngalaksanakeun puasa, sakuduna mah jadi titi­mangsa pikeun ngomèan diri, atawa malik saratus dalapan puluh darajat, hijrah tina gorèng ka nu alus, lain sabalikna. Jadi kakarèn puasa tèh lain ngan saukur neruskeun amal ibadah anu alus wungkul, tapi ogè hi­jrah ti nu gorèng ka nu alus. Ka­karèn sèjènna nya kadaharan, sakurangna kuèh lebaran, sabab sabangsaning kadaharan anu gancang basi mah kayaning, ku­pat, opor ayam geus èrèp dina lebaran kadua.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Ari kuèh lebaran kawas na­star, putrid salju, sirop jeung rupa-rupa inumen mah, pas­tina loba kènèh. Komo ka umat Kangjeng Rosul anu ngalak­sanakeun puasa nyawalan mah. Dina Hadist Riwayat Muslim, Abu Dawud, At-Tirmidzi, An- Nasa’i jeung Ibnu Majah, dise­butkeun sing saha anu puasa di bulan Ramadhan sarta diter­uskeun ku puas salila 6 poè dii­na bulan Syawal hartina manèh­na geus puasa sataun landung.

Hal èta dijèntrèkeun deui ku Kangjeng Rasul, anu eusina genep poè ngalaksanakeun puasa saentas Iedul Fitri, geus ngalaksanakeun salila sataun, sarta unggal kahadèanna di­ganjar sapuluh kali lipet. Tapia nu pangutamana dina sakabèh kawajiban tèh nyaèta shalatna sakumaha dawuhan Rasulullah Shalallahu ‘Alaihi Wassalam : Amal inadah anu pangheulana diitung atawa dipariksa dina poè kiamat nyaèta shalatna.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Dawuhan Allah SWT ka para malaikat, sedengkeun Manten-NA Nu Maha Uninga, sangkan mariksa ibadah shalat hamba-hamba-NA , naha sam­purna atawa kurang. Lamun sampurna Allah marèntahkeun malaikat, disina mariksa shalat sunnahna, lamun kurang bisa ditutupan ku shalat sunnah èta, kitu ogè jeung amal-amalan iba­dah liana. HR. Abu Daud. Jadi kakarèn Lebaran tèh nya bisa is­tiqomah dina shalat berjamaah anu pahalana 27 darajat, tibatan sosorangan anu pahalana ngan sadarajat, kitu ogè lamun ba­caan fatihahna bener. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================