Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KOCAP carita baheula, kira-kira 30 atawa 40 taun kaliwat, aya dua urang pamuda ti Sukabumi ngumbara ka Jakarta. Lantaran duanana tÄ—h, gawÄ—na rancagÄ—, daÄ—kan, rajin, teu pernah puÂtus panharepan, yakin sarta dibekelan Ä—lmu agama anu kaÂcida kuatna, duanana suksÄ—s hirup di Jakarta.
Lamun Jaya kana muka saÂblon jeung citakan, EmÄ—n mah leuwih resep muka warung sangu, malah cabangna ogÄ— aya kana tilu puluhna. Kitu ogÄ— Jaya, salian ti narima order citakan ti pamarÄ—ntahan, langÂganan ti partikelir ogÄ— kacida rÄ—ana, Lantaran teu kalayanan, dua bulan kaliwat Jaya muka cabang anyar di Jakarta Utara jeung Jakrta Selatan. Jadi jumÂlah pausahaanna tÄ—h ayeuna mah geus aya tujuhna. Sanajan geus kawilang suksÄ—s, hartan bru bro di juru panto, ngalayah di tengah imah, duanana teu poho ka purwadaksi.
Salian ti ngiriman pikeun pangwangunan di lemburna, Jaya jeung Emen tÄ—h jadi paÂmuntangan urang Sukabumi. Pokona mah lamun aya urang Jakarta anu ngalumbara ka JaÂkarta geus pasti anu pangheulan di datangan tÄ—h dua sobat ieu.
Malah sabagÄ—an gedÄ— karyÂawan Emen jeung Jaya, urang Sukabumi, ti mimiti dulur, batur sasumur, batur salemÂbur nepi batur sa-Sukabumi. Hanjakalna lantaran di jaman harita mah can loba Koran, tipi ogÄ— jarang kÄ—nÄ—h, dua ngaran ieu teu kacatÄ—t dina buku Rusdi. Emen jeung Jaya siga anu boga kasupakatan, yÄ—n balik ka lemÂburna tÄ—h lain dina Lebaran tapi dina unggal 17 Agustus.
“Lain teu hayang Lebaran di lembur, sabab dua minggu samÄ—mÄ—h lebaran ogÄ— geus puasa di lembur. Kunaon kudu lebaran di pangumbaraan? SaÂbab sapopoÄ— giling gisik jeung urang Jakarta, tangtuna nyieun dosa dina kahirupan sapopoÄ—,†tembalna tÄ—h basa ditanya ku babaturanna nu lian. Tapi sanaÂjan kitu ari urusan zakat maal, sidekah pikeun barudak yatim, kaum fakir mah geus dikirimÂkeun ka lemburna samÄ—mÄ—h lebaran. Ah pokona dina uruÂsan ngawangun lemburna Jaya jeung Emen mah saimbang.
Mangsa keur ngawangun jalan dÄ—sa, Jaya nyumbang dua juta, Emen ogÄ— sarua, harianÂneun masjid jeung musholla mah. Malah mangsa dipÄ—nta sumbangan keur ngawangun kantor desa, duanana langsung genjrÄ—ng. Lima juta saurangna tÄ—h. Lima juta dii jaman harita meureun di jaman ayeuna mah, kurang leuwih lima puluh juÂtana tÄ—h. Dina Agustus taun 79-an, Emen di panggil ka kantor desa, dirariung ku Babinmas, Babinsa, pangurus LKMD, toÂkoh masarakat wah pokona mah geunjleung wÄ—.
“Silaing tÄ—h rÄ—k ngawangun nagara anyar, rÄ—k makar,†ceuk Babinsa anyar, anu kakara sabuÂlan di tempatkeun di desa Ä—ta.
“Kė…kė…kė, bapa tentara ulah sambarangan nuduh, Bapa terang teu saha anak abdi jeung kumaha jasana ka lembur ieu,†ceuk Haji Ujang, bapana Emen, teu narima anakna dituduh rėk ngawangun nagara anyar, mėmangna DI/ TII. Tokoh masarakat ogė rada ngabėlaan Emen, sabab inget kana jasana ka lembur ėta.
“Kuring ngomong lain tanpa bukti, tuh spanduk meunang ngalaan kuring ngahunyud, eusina jelas teu ngahargaan nagara nu geus aya. KumaÂha tah jawaban anjeun, Pa Emen,â€tÄ—mbalna bangun anu ambek pisan, nanya ka Emen.
“Yeuh pa Babinsa kuduÂna mah kuring anu nungtut pamarÄ—ntahan dÄ—sa, sabab teu adil ka didi kaula. Kuring jeung EmÄ—n sarua ngumbara, sarua nyumbang ka dÄ—sa ieu, pan sumbangan kuring ogÄ— aya pikeun ngawangun kantor dÄ—sa ieu, sanÄ—s kitu pa Kades, Nu diÂtanya ukur unggeuk. Patanyaan kuring, kunaon kuring jeung Jaya sarua boga jasa, ngan soÂbat kuring wungkul anu diharÂgaan?†ceuk Emen. “Maksud pa Emen?†Babinsa jeung Kades nanya mÄ—h bareng.
“Di gerbang asup, di kanÂtor dÄ—sa di jalan-jalan, loba spanduk anu tulisanna IndoneÂsia Jaya, Jayalah Indonesiaku, Indonesia tetap Jaya. Padahal nu boga jasa tÄ—h lain ngan Jaya wungkul tapi kuring ogÄ—. Naon salahna lamun kuring masang spanduk Indonesia EmÄ—n, EmÄ—nlah Indonesiaku,†tÄ—mbal Emen. Nu aya di dinya pating parelong, sabagÄ—an aya nu teu ngarti, kaasup Ki Tatang, RT Lampu Beureum. (*)
Bagi Halaman