Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KOCAP carita baheula, kira-kira 30 atawa 40 taun kaliwat, aya dua urang pamuda ti Sukabumi ngumbara ka Jakarta. Lantaran duanana tėh, gawėna rancagė, daėkan, rajin, teu pernah pu­tus panharepan, yakin sarta dibekelan ėlmu agama anu ka­cida kuatna, duanana suksės hirup di Jakarta.

Lamun Jaya kana muka sa­blon jeung citakan, Emėn mah leuwih resep muka warung sangu, malah cabangna ogė aya kana tilu puluhna. Kitu ogė Jaya, salian ti narima order citakan ti pamarėntahan, lang­ganan ti partikelir ogė kacida rėana, Lantaran teu kalayanan, dua bulan kaliwat Jaya muka cabang anyar di Jakarta Utara jeung Jakrta Selatan. Jadi jum­lah pausahaanna tėh ayeuna mah geus aya tujuhna. Sanajan geus kawilang suksės, hartan bru bro di juru panto, ngalayah di tengah imah, duanana teu poho ka purwadaksi.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Salian ti ngiriman pikeun pangwangunan di lemburna, Jaya jeung Emen tėh jadi pa­muntangan urang Sukabumi. Pokona mah lamun aya urang Jakarta anu ngalumbara ka Ja­karta geus pasti anu pangheulan di datangan tėh dua sobat ieu.

Malah sabagėan gedė kary­awan Emen jeung Jaya, urang Sukabumi, ti mimiti dulur, batur sasumur, batur salem­bur nepi batur sa-Sukabumi. Hanjakalna lantaran di jaman harita mah can loba Koran, tipi ogė jarang kėnėh, dua ngaran ieu teu kacatėt dina buku Rusdi. Emen jeung Jaya siga anu boga kasupakatan, yėn balik ka lem­burna tėh lain dina Lebaran tapi dina unggal 17 Agustus.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Lain teu hayang Lebaran di lembur, sabab dua minggu samėmėh lebaran ogė geus puasa di lembur. Kunaon kudu lebaran di pangumbaraan? Sa­bab sapopoė giling gisik jeung urang Jakarta, tangtuna nyieun dosa dina kahirupan sapopoė,” tembalna tėh basa ditanya ku babaturanna nu lian. Tapi sana­jan kitu ari urusan zakat maal, sidekah pikeun barudak yatim, kaum fakir mah geus dikirim­keun ka lemburna samėmėh lebaran. Ah pokona dina uru­san ngawangun lemburna Jaya jeung Emen mah saimbang.

============================================================
============================================================
============================================================