Mangsa keur ngawangun jalan dėsa, Jaya nyumbang dua juta, Emen ogė sarua, harian­neun masjid jeung musholla mah. Malah mangsa dipėnta sumbangan keur ngawangun kantor desa, duanana langsung genjrėng. Lima juta saurangna tėh. Lima juta dii jaman harita meureun di jaman ayeuna mah, kurang leuwih lima puluh ju­tana tėh. Dina Agustus taun 79-an, Emen di panggil ka kantor desa, dirariung ku Babinmas, Babinsa, pangurus LKMD, to­koh masarakat wah pokona mah geunjleung wė.

“Silaing tėh rėk ngawangun nagara anyar, rėk makar,” ceuk Babinsa anyar, anu kakara sabu­lan di tempatkeun di desa ėta.

“Kė…kė…kė, bapa tentara ulah sambarangan nuduh, Bapa terang teu saha anak abdi jeung kumaha jasana ka lembur ieu,” ceuk Haji Ujang, bapana Emen, teu narima anakna dituduh rėk ngawangun nagara anyar, mėmangna DI/ TII. Tokoh masarakat ogė rada ngabėlaan Emen, sabab inget kana jasana ka lembur ėta.

BACA JUGA :  APA ITU PATOLOGI ANATOMIK (PA)

“Kuring ngomong lain tanpa bukti, tuh spanduk meunang ngalaan kuring ngahunyud, eusina jelas teu ngahargaan nagara nu geus aya. Kuma­ha tah jawaban anjeun, Pa Emen,”tėmbalna bangun anu ambek pisan, nanya ka Emen.

“Yeuh pa Babinsa kudu­na mah kuring anu nungtut pamarėntahan dėsa, sabab teu adil ka didi kaula. Kuring jeung Emėn sarua ngumbara, sarua nyumbang ka dėsa ieu, pan sumbangan kuring ogė aya pikeun ngawangun kantor dėsa ieu, sanės kitu pa Kades, Nu di­tanya ukur unggeuk. Patanyaan kuring, kunaon kuring jeung Jaya sarua boga jasa, ngan so­bat kuring wungkul anu dihar­gaan?” ceuk Emen. “Maksud pa Emen?” Babinsa jeung Kades nanya mėh bareng.

BACA JUGA :  PENYEBAB PEROKOK DI INDONESIA TERUS BERTAMBAH

“Di gerbang asup, di kan­tor dėsa di jalan-jalan, loba spanduk anu tulisanna Indone­sia Jaya, Jayalah Indonesiaku, Indonesia tetap Jaya. Padahal nu boga jasa tėh lain ngan Jaya wungkul tapi kuring ogė. Naon salahna lamun kuring masang spanduk Indonesia Emėn, Emėnlah Indonesiaku,” tėmbal Emen. Nu aya di dinya pating parelong, sabagėan aya nu teu ngarti, kaasup Ki Tatang, RT Lampu Beureum. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================