Ucang-ucang Anggè

Kaduana loba anu misah­keun asih antara incu jeung akina, komo jalma-jalma mod­ern anu beunghar hèg kurang didikan agama mah, nitipkeun kolotna ka panti jompo, geus mangrupakeun hiji kabiasaan anu umum. Sawatara ngeunaan muncang anu jadi eusi lagu teu kapanggih raratanana, kunaon make muncang, naha dipur­awakantikeun akan uncang-uncangna, atawa pèdah harita mah loba anu marulung mun­cang, anu mangrupa salah sahiji samara dapur.

Muncang atawa kemiri (Al­eurites moluccana), nyaèta hiji tatangkalan, anu sikina loba di­mangpaatkeun pikeun sumber minyak jeung bungbu atawa samara. Tangkal muncang ma­sih sakulawarga jeung sampeu kaasup kana golongan suku Euphorbiaceae. Di Indonèsia sorangan muncang loba pisan ngaranna, nyaèta kembiri, gam­biri, hambiri (Batak), kemili (Gayo); kemiling (Lamp.); buah kareh (buah keras, Mink.; Nias); keminting (Dayak), dèrèkan, pidekan, miri ( Jawa.) kamèrè, komèrè, mèrè (Madura).

BACA JUGA :  HARUSNYA ORANG INDONESIA PERILAKUNYA SESUAI DENGAN SILA-SILA YANG ADA DI PANCASILA

Keun lah su’al ètana mah, anu jelas sakurangna, ku lagu uncang-uncang anggè bari jeung naplokeun budak dina suku tèh, sakumaha anu sok dilaksanakeun ku para kolot ba­heula, tètèla teu samanèa, pas­tina aya hartina. Mangsa keur orok kènèh, indung baheula sok ngawihan anakna, ku nèng nèlèngkung, geura gedè geura jangkung geura sakola ka Band­ung, geura bisa nulung indung.

Kawih atawa ucapan naon waè anu kaluar tina biwir ind­ung (komo dibarengan ku hate) bari jeung tuluy-tumuluy man­grupa du’a. Numatak kudu ati-ati pisan tah. Ulah nepi ka ngawih atawa nyarita teu para­ruguh. Pan indung-indung nu ngarora ayeuna mah, mangsa nyarèkeun budakna tèh ku lagu Bang Toyib anu teu balik-balik tèa, atawa ku lagu nina bobo, la­mun teu sarè dicocoan reungit.

BACA JUGA :  Bogor Kota, Sudahkah Tertata?

Beuh kumaha atuh. “Tah anu awakna parèndèk tèh ba­heulana mah tara dikawihan ku lagu nèngnèlèngkung ku ind­ungna, sabab teu didu’akeun jangkung,” ceuk Mang Tatang bari seuri. Ah, ari Mang Tang ku aya-aya wè, su’al jangkung hen­teuna mah salian ti gizi jigana tèh kusabab aya turunan atuh mang.

Halaman:
« 1 2 » Semua

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================