Nyaèta urusan meutingan ogè, tangtuna .kahayangna. bèda antara nuu ngora jeung geus kolot. Sabab nu jadi salaki palebah dieu mah aya kabeungÂÂbeurat, lamun pamajikan nepi ka nèangan deui .kapuasan. di luar, si salaki tèh bakal dipènta tanggung jawabna. Lamun salaÂÂki anu ngaranyèd mah, pamajiÂÂkan teu pipilueun, dina urusan tanggungjawab tangtuna ogè. Lain deui ceuk, Mama Arief, anu nyebutkeun yèn warna anu alus ceuk urang Sunda ngan ukur tilu nyaèta, hèjo lèho, beureum (jambu) bol, jeung konèng… ah, teu wasa nyebutkeunana. Dina su.al kecap ogè tètèla aya papaÂÂsanganana.
Hideung jeung bodas, malah kecap pamali anu baheuÂÂla bisa dipakè pikeun nyaram sangkan ulah dipigawè ogè aya pasanganana,. pokna basa kaÂÂpanggih di Jalan Julang No. 7. .Naha kumaha kitu?. cèkèng tèh rada teu ngarti, sabab paÂÂmali sanajan kecap nyaram anu lemes bisa dilarapkeun kana saÂÂgala hal. Kawas, pamali ulah cicÂÂing dina panto, pamali lamun tas dahar dawegan, urutna ulah ditangkarakeun, atawa mangsa magrib ulah sok dadapangan (lalanggiran).
sakabèhna nyaram, cicing dina panto sarèatna ngahaÂÂlangan liliwatan, nangkaraÂÂkeun dawegan, bakal nyimpen cai anu satuluyna dijadikeun sayang reungit. Tah waktu Magrib mah kudu shalat berÂÂjamaah lain dadapangan. Tah Pa Mali ogè boga jodo henteu sosorangana,. saurna. Ih, sanès Pa Mali atuh, Ma. LaÂÂmun kitu mah aya Ma Mali, Ceu Mali, Aki Mali atawa Nini Mali. Pamali mah saÂÂnès nami jalmi atuh, Ma,. cèkèng tèh rada kerung. .Puguh aya,. tèmbalna keuÂÂkeuh. Kuring teu nèmbalan, sabab apal pisan kana tabèatna, sok sabulang bèntor, sakapeung mah tara kabadè tungtungna. Ah, mending diantep, lamun diÂÂlawan bisi sarua gèlona.
Tah pamajikan pamali tèh nyaèta Ma Onam, geura wè perÂÂhatikeun, dina ngagunakeun kalimah pamali sok ditungtunÂÂgan ku Ma Onam. Pamali ulah dirumpak bisi kumaonam. Jadi Ma Onam tèh pamajikan Pa Mali,.pokna deui. Tuh enya wè, ngaco, hanas didèngèkeun. Tapi kètang lamun teu kitu moal ramè nya, Ma !