
Sanajan ceuk saliwat mah leuwih onjoy tibatan Puncak, kunaon atuh nu nyaraba leuÂwih resep ka Puncak? Sigana tèh salian ti leuwih lila jadi tempat jugjugeun, jadi leuwih kawèntar, promosi atawa pubÂlikasi wewengkon Beulah KuÂlon tèh kurang heuyeub. Tong dibandingkeun jeung Bali atawa Yogyakarta anu geus kaceluk ka awun-awun ka koncara ka janapria, tapi hèbatna Bali jeung Yogya, masih kènèh ngalakonan promosi, diantarana ngaliÂwatan sinètron-sinètron anu disiarkeun dina telepisi swasta.
Sedengkeun Bogor? boh Kota atawa Kabupatèn, rarasaan masih kènèh jarang pisan. Dina ayana ogè mun teu salah kakara di KamÂpung Budaya Sindangbarang. Lamun Bali jeung Yogya bisa diÂjadikeun tempat syuting tur di jerona nyaritakeun rinèka buÂdaya jeung kaèndahan alamna, naha Bogor makè teu bisa (hayÂang)? Padahal jarak ProducÂtion House (PH) jeung artisna anu lolobana di Jakarta, leuwih deukeut ka Bogor, waktuna ogè ukur 45 menit. Geus pasti lamun tèa mah dilaksanakeun di Bogor, pikeun produserna bakal leuwih ngirit anggaran.
Atawa kitu (boh di Bali atawa di Yogya) pamarèntahan satemÂpatna nyadiakeun fasilitas ka maranèhanana? Lain mamatahÂan ngojay ka meri, da anu mangÂku jabatan di kantor èta tèh, lain jalma atah-atah. Pastina ogè leuwih pinter jeung boga pangalaman dina ngurus pancèn anu aya patalina jeung tugasna tèh. Promosi tempat pariwisata ngawengku budaya tèh lain malulu nyieun brosur wungkul, tapi anu visionable atawa makè gamÂbar hirup rarasaan bakal leuwih keuna sasaran.
Anu jadi patanyaan gedè tèh, naha geus aya lèngkah ka paleÂbah dinya kitu? Di urang sabenÂerna loba pisan obyèk pariwisata anu laku dijual, tinggal kumaha mungkus jeung nyuguhkeunana.
Untungna di Kota Bogor mah aya kènèh Kebon Raya, anu teu kudu dipromosikeun ogè, geus pada nyaho. Nu daratangna ogè, lain ngan urang Bogor wungkul, tapi loba anu ti luarna. Lamun tèa mah aya kènèh brosur ngeuÂnaan obyèk pariwisata (boh di kota atawa di Kabupatèn) taya salahna sakali-kali mah dagang brosur wè heula nya. Nyaah pisan, lamun henteu nepi ka kaÂjual tèh nya. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================













