Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR ngarasakeun kumaha ni’matna hiliwir angin di saung sawah, jol Mang Tatang bari ngajingjing cai dina komÂpan. Enya tètèla di wewengkon urang tèh geuning loba pisan kadaharan anu ngarareunah. Malah Kota Bogor kakoncara ku wisata kulinerna, teu saeutik Urang Jakarta anu ngaradon dahar di Bogor. Salian loba restoran anu nyadiakeun rupa-rupa kadaharan anu mangrupa kadaharan beurat, ogè teu saeutik anu mibanda kadaharan husus anu minangka ciri wewengkonÂna. Lamun Garut bogaeun dodol, CiliÂlin Bandung bogaeun wajit, di Bogor (boh kota atawa kabupatèn) ogè aya. Cikarèt bogaeun kuèh ali Situ Gedè bogaeun dodol taleus. Di bulan puasa mah ragemna, mie golosor jeung kuÂrupuk asoy. Di tempat sèjèn, kawas Sumedang jeung tahuna, Bandung jeung peuyeumna, Cianjur ku taucoÂna. Hanjakalna, sawatara waktu boh dodol taleus, atawa kuèh ali can jadi olèh-olèh bawaeun balik kawas di wewengkon sèjèn.
“Cai jamjam tatèh Mang,’ cèkèng tèh ngaheureuyan. Mang Tatang teu nèmbalan kalahka gèk diuk gigireun. Saentas ngahuleng sawatara jongÂjongan der nyaritakeun pangalamana mangsa ulin ka imah dulurna di CianÂjur, malah kungsi diajakan ziarah heuÂla ka Dalem Cikundul sagala cenah.
“Eta anu daratang ziarah ka makam Dalem Cikundul, mani taya eureunna, atuh nu daragang ogè sigana tèh beurang peuting. Komo dina bulan mulud mah mani pinuh pisan, harianeun ari nu daragang kaÂdaharan mah,â€pokna tèh. Dumasar kana buku anu aya jeung carita-carita anu sumebar dina sababarah situs di internet, nami asli Dalem Cikundul tèh nyaèta Radèn. Jayasasana, diangÂkat janten bupatina tèh lain dumasar kana SK ti pihak mana ogè, tapi ku para pamingpin Nagri Cianjur mangÂsa harita, anu disebut musyawarah mufakat tèa. Radèn Jayasasana kaÂsangtukangna, salah saurang ulama anu kacida diajènana, anu linggihna di Kp. Majalaya Cijagang CikalongkuÂlon, anu pernahna di sisi Cikundul. Jujutan kaluhurna ka Prabu Siliwangi, anu awalna ti Kerajaan Talaga MangÂgung, Majalengka. Salah saurang tuÂrunan Prabu Siliwangi nyaèta Prabu Pucuk Umun, gaduheun putra Sunan Parunggangsa saterusna ka Sunan Wanapri puputra Sunan Ciburang sarta puputra deui Radèn Aria Wangsa Goparana anu ngalih ka ke Sagala Herang, Subang. Salah sawios putrana nyaèta Radèn Jayasasana diÂtugaskeun pikeun nyebarkeun agama Islam. Kusabab laku lampah jeung paripolahna kacida alusna, salian ti pinter jeung wijaksana, Radèn Jayasasana kacida kaoncarana di wewengkon Cianjur. Ku Sultan CireÂbon anjeunna dipaparin gelar Radèn Aria Wiratanu, sawatara masarakat di sabudeureunana masihan jujuluk Dalem Cianjur.
“Tah èta tèh hiji kamulyaan anu dipaparinkeun ku Allah ka jalma anu solèh, pan anu ngadu’akeunana ogè mani teu eureun-eureun Mang,â€cèkèng tèh mairan.
“Tah anu kitu tèh keuna kana paribasa maung ompong, kareta kosong, bedil kosong,†ceuk Mang Tatang bari ngomèkeun kopèahna anu dèngdèk.
“Hartosna naon tatèh Mang?â€
“ Enya sanajan geus teu nyekel kakawasaan angger wè dipikasèrab,â€pokna tèh.
“Ih, atuh Dalem Cikundul mah langkung ti kitu Mang, sanaos tos puÂpus ogè angger pada ngadeugdeug, èta mah ciri jalma solèh,â€ceuk kuring kurang panuju.
“Paribasa èta mah lumakuna ka mantèn para pamingpin anu masih kènèh hirup rupina tèh Mang, jinisna aya kènèh, tapi ku masarakat satemÂpat masih diajènan kènèh, sakurangÂna dipènta advisna. Tah biasana anu kitu tèh sawaktu mingpinna wijakÂsana, adil jeung teu korupsi.â€
“Enya nya, teu saeutik di urang anu geus teu nyangking jabatan deui di masarakatna tèh mani teu diharÂgaan pisan, bèrès ngèncagkeun kakaÂwasaanana tèh kalahka jadi pamoyoÂkan jeung dijejelèh.â€
Saentas Mang Tatang pamitan sabab rèk siap-siap tarawèh, kuring jadi ngahuleng salila-lila, teu salah ceuk Mang Tatang, maung ompong, kareta kosong, bedil kosong. KakaÂwasaan di dunya ukur “injeumanâ€, lamun digunakeunna kurang hade, hasilna tangtu gorèng, lamun salila meunang injeuman èta didama-dama, dina panungtunganna bakal alus, khusnul khotimah tèa. Jadi rèk milih nu mana?
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















