Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

PANINEUNGAN (romantisme) kajayaan karuhun urang di mang­sa katukang, hususna ngeunaan kama.muran, kagemuhan di ja­man Karajaan Sunda Galuh (Pak­uan Pajajaran) wabil husus (jiga ustad waè) ka Prabu Siliwangi anu sarimbag pisan jeung tokoh Sri Baduga Maharaja, teu bisa disinglarkeun yèn sakapeung urang hayang .mindahkeun.ja­man èta ka alam ayeuna. Sana­jan dina hatèna, yakin pisan kaayaan èta geus pasti moal bisa dipulangkeun. Komara Prabu Siliwangi, pikeun sabagèan jal­ma anu ngarasa seuweu-siwina, rarasaan mah moal bisa dipisah­keun tina alam pamikiranana, bakal tetep hirup kumbuh dina hatèna sèwang-sèwangan.

Salah sahiji pikeun ngajaga .ruhna.tetep hirup di Tatar Pasundan, loba organisasi, pa­guyuban kasundaan anu tetep ngayakeun ritual atawa upacara dina raraga nyambungkeun tat­ali batin jeung .alam.baheula. Diantarana macakeun wangsit atawa Uga Siliwangi dina unggal riungan, bari saencana dimimi­tian ku rupa-rupa upacara husus.

Panineungan kana kahè­batan, kasaktian, kawijaksanaan, kagagahan Eyang Prabu èta, sakapeung mah sok kaleuleuwi­hi, malah teu saeutik nimbulkeun kaayaan anu dijieun-jieun, nepi ka nyieuhkeun akal sèhat jeung kanyataan anu sabenerna anu dirojong ku bukti-bukti anu aya. Salah sahijina, anggapan yèn Prabu Siliwangi ngahyang jeung karatonna anu dipercaya ku sa­bagèan masarakat Sunda. Lamun nu ngahyangna Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja, ma­sih kènèh rada .kaakalan.sa­bab di jaman saentasna ogè loba kajadian-kajadian ahèng, mis­alna kungsi kacaritakeun aya nu jadi imam di sababaraha masjid. Malah sejarawan satingkat Prof. Ayat Rohaèdi waè, sakumaha anu ditulis dina buku Nyukcruk Galur Mapay Raratan Siliwangi, nyebutkeun yèn kepercayaan urang Sunda baheula kawas kitu.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Samangsa ditingali ka kamar tempat anjeunna nyepèn (mu­jasmèdi) geus teu aya, ngaelun­git atawa ngahyang tèa.. Aya ogè anu nyebutkeun layonna dibeu­leum, tur lebuna diawurkeun di Rancamaya, tegesna di Badigul. Carita ieu masih kènèh padung­dengan, naha enya kitu ? Tapi dina .sajarah.sèjèn aya ogè anu ngajelaskeun yèn Kian San­tang (Raja Sangara) kungsi ne­pungan apana (Prabu Siliwangi) bari tetep meredih sangkan asup Islam, ngan anjeunna tetep al­imeun. Sabab pindah kayakinan teu kawas malikeun leungeun.

Teu saeutik anu yakin yèn sa­benerna Prabu Siliwangi geus Is­lam, alesanana sawaktu anjeun­na mileuleuheungkeun Subang Larang anu muslim tur murid Syeh Quro anu mazhabna Imam Hanafi geus pasti moal mikeun lamun Sri Baduga henteu ngu­capkeun dua kalimah syahadat. Puguh rada hèsè ngabuktikeu­nana argument-argumèn èta tèh, salian ti kajadianana geus la­was, jeung taya bukti anu nguat­keunana. Hartina bisa enya bisa henteu.

Tapi lamun Prabu Siliwangi anu ngaleungitkeun karatonna mah, matak rada himeng. Alesa­nana, asa can pernah maca jeung kacaritakeun aya dua karaton. Karajaan anu dihijikeun ku Sri Baduga anu harita dirajaan ku Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal, karaton atawa istana tèh ngan hiji ani disebut Sri Bima Punta Narayana Sura­dipati beunang ngadegkeun Ma­haraja Tarusbawa dina taun 670 masèhi. Sakumaha ditulis dina Koropak 406 anu eusina nyebut­keun yèn di dinya urut Karaton, ku Bujangga Sedamanah dinga­ranan Sri Kadatuan Bima Panta Narayana Madura Suradipati, saentas rèngsè tuluy dijiadan (diberkahan) ku Maharaja Tarus­bawa jeung Bujangga Sedama­nah. Ditèangan ka hulu Cipakan­cilan, papanggih Bagawat Sunda Majayati.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka payuneun Maharaja Tarusbawa. Anu satuluyna ku Sri Baduga Maharaja dibalay, sakuri­lingna dijieunan solokan pikeun nguatkeun pertahanan. Lamun tèa mah sakumaha sabagèan kapercayaan masarakat Sunda dileungitkeun ku Sri Baduga (Prabu Siliwangi), dimana Prabu Surawisèsa jeung panerus sèjèn­na neruskeun kakawasaanana. Lamun tèa mah rèk ditarik bena­ng beureumna (dipaksakeun), si­gana tèh leuwih keuna ka Prabu Ragamulya Suryakencana, Raja panungtungan Karajaan Pakuan Pajajaran. Inget ka jaman ba­heula henteu salah, sabab urang ulah nepi ka mohokeun sajarah jeung karuhun sorangan.

Ngan lamun nepi ka nyieuh­keun akal pikiran tur ukur .sarè tibra.ngagugulung lamunan jeung panineungan mulang­keun alam baheula ka ayeuna anu pamohalan kalaksanakeun, rarasaan kudu buru-buru di­hadèan, bisi kajongjonan jeung kalalajoanan. Sabab saèstuna, urang Sunda tèh geus loba katinggaleun ku sèkèsèlèr sèjèn­na. Sakumaha ceuk Doel Sum­bang dina laguna, na kamarana ari urang Sunda. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================