
Dina taun èta Rasulullah, babarengan jeung 1500 urang kaum Muslim miang ka Makkah pikeun ngalaksanakeun fardhu haji, tapi teu bisa lumangsung kusabab dihalangan ku kaè um Quraisy , anu ahirna ngahasilkÂeun perjangjian Hudaibiah. PerÂjangjian ieu, geus mukakeun jaÂlan pikeun kamajuan Islam sarta dina dina taun ka 7 Hijriah, RaÂsulullah kantos ngalaksanakun Umrah babarengan 2000 urang umat Islam Dina tahun ka 9 Hijrah, Rasulullah nembè tiasa ngalaksanakeun ibadah Haji, bari meruhkeun Sayidina Abu Bakar Al-Siddiq mingpin 300 urang umat Islam pikeun migawè ibaÂdah haji. Kangjeng Rasul
Nabi Muhammad, ngalakÂsanakeun fardhu haji mung sakali salami kumelendang di alam dunya anu dinamian “HijÂjatul Wada’/ Hijjatul Balagh/ HijÂjatul Islam atawa Hijjatuttamam Wal Kamal, kumargi saparanÂtosna ngalaksanakeun ibadah haji, teu sabaraha lami pupus. Mantenna angkat ka Madinatul Munawwarah dina dinten SabÂtu, 25 Zulkaedah tahun 10 Hijrah sareng istri sarta para sahabatna anu jumlahna kirang langkung 90.000 urang.
Tah umat Islam ti sakuliah dunya, ti sababaraha waktu kaÂliwat geus ngadeugdeug Taneuh Suci pikeun ngalaksanakeun Ibadah Haji. Di Indonesia soranÂgan ayeuna mah pikeun miang ngalaksanakeun haji tèh kudu ngadagoan rada lila, aya kana puluh jeung welasan taunna. Anu geus kabagian sarta bakal miang dina taun ieu, nya AlhamÂdulillah, dipaparin kasempetan pikeun migawè rukun Islam anu kalmia. Hartina anu geus ngalaÂkonan rukun anu pamungkas mah, geus sampurna ngalakÂsanakeun sakabèh rukun anu aya. Pikeun anu can kabiruyunÂgan, boh kusabab kasèhatan ataÂwa can manis tatoa, ulah hariÂwang. Sabab, Allah mah Maha Adil, aya ibadah-ibadah anu bisa dilaksanakeun tur pahalana saÂrua jeung ibadah haji. SakurangÂna aya opat amalan nyaèta kaÂhiji kaluar ti imah pikeun shalat fardu di masjid dina kaayan geus boga wudu. Kadua, Shalat berjamaah di masjid sarta diuk jeung zikir nepi ka mucunghul panon poè, diteruskeun ku shalat dua rakaat. Nu katilu diaÂjar atawa ngajarkeun kahadèan di masjid. Nu pamungkas ngalÂaksanakeun shalat fardu/ wajib berjamaah jeung shalat Duha di masjid. Sakumaha hadist RaÂsulullah, sing saha anu kaluar ti imahana dina kayaan geus suci pikeun shalat wajib mangka paÂhalana kawas pahala jalma nu ka haji nu ihram, jeung siang saÂha-saha anu niatna ukur shalat Duha, meunang pahala ibadah Umrah. Jeung shalat saentas shalat taya pagawèan anu taya mangpaatna. (*)
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================















