Hariring-Dadang-HPBAHEULA asa aya film anu eusina nèangan èlmu ihlas, mun teu salah judulna tèh “Kiamat Sudah Dekat”. Bèntangna diantarana Andre ”Stnky”  Taulany,  Ayu Pratiwi sarta  Dedy Mizwar.  Fandy anu dilalakonkeun ku Andre, pamaèn band,  budak ngora kènèh, kurang pati wawuh  kana ajaran agama bogoh pisan ka Sarah (Ayu Pratiwi) anakna Haji Romli (Dedy Mizwar), anu keukeuh teu nyatujan anakna jadi pamajikan Andrè.  Bakating ku bogoh, sakabèh kahayang H. Romlli diturutan , ti mimiti kudu bisa shalat sarta nu lianna.

Dibantuan ku Saprol, budak leutik anu jadi sobatna, Fandi ngalaksanakeun kahayang mitohana, diantarana nèangan èlmu ihlas lamun bener-bener hayang ngajodo jeung Sarah. Sakabèh tempat didatangan, kitab-kitab dibukaan, ah pokona sakur anu aya ngaranna ihlas dibaca, tapi keukeuh teu beunang. Haji Romli ogè bingungeun sorangan, sabab èlmu ihlas anu dimaksud èta, ngan saukur saucap-ucapna, ngarah Fandi teu jadi jeung anakna. Haji Romli geus boga niat ngajodokeun anakna jeung anak babaturanna anu harita keur kuliah di Kairo. Lantaran èlmu ihlasna teu beunang-beunang, ahirna Fandi pasrah sumerah, nyarita ka calon mitohana yèn dirina bakal narimakeun lamun Sarah jadi jeung anakna babaturan Haji Romli, bari nyaritakeun nu penting sarah nimu bagya  kitu ogè kulawargana ayeuna mah geus rajin ibadah sarta keur soson-soson neuleuman jeung ngamalkeun agama, anu salila ieu ditinggalkeun.

Ngadèngè jawaban kitu, Haji Romli sadar sabenerna èlmu ihlas anu dimaksud geus beunang ku Fandi sarta boga kayakinan lamun Fandi  bisa ngabagyakeun anakna, Sarah tèa.

Ahirna, Fandi ditarima jadi calon minantuna.

Kecap ihlas, dina kahirupan sapopoè, kawilang pentingna , ti mimiti hudanga sarè nepi ka rèk peureum deui, sabenerna teu leupas tina kecap ieu. Kecap ieu gampang pisan diucapkeun, tapi rada beurat mangsa keur dilaksanakeun. Sabagèan manusa aya anu karingkus ku kecap ihlas (jiga anu enya) padahal sabenerna paripolahna kawilang kurang ihlas. Diantarana mangsa barang bèrè, atawa sidekah ka nu lian, komo bari lob amah.

“Ibu mah ihlas pisan nyumbang saratus juta ka korban musibah di Garut tèh, itung-itung nyiapkeun bekel mangsa èngkè mulang,” ceuk hiji Ibu-ibu pajabat dina riungan arisan. Ihlas anu kitu? Can tangtu. Sabab hukumna ihlas bijilna tina jero hate, malah aya katerangan yèn lamun nu katuhu barang bèrè usahakeun anu kènca teu nyahoeun, komo bari disebutkeun jumlahna mah,  deukeut-deukeut kana riya tah. Kecap ihlas rupa-rupa hartina. Aya anu ngagambarkeun  ihlas tèh ngamurnikeun tujuan pikeun ngadeukeutkeun diri ka Allah, sagèan ulama nyebutkeun ihlas nyaèta enya-enya ngan Allah SWT jadi tujuan ibadahna. Aya ogè anu nyebutkeun mangrupa pangbersihan tina kahayang ke mahluk. Sanggem

Al ‘Izz bin Abdis Salam, ihkas  nyaèta lir   saurang muallaf ngalaksanakeun kataatan ngan saukur pikeun Allah. Dirina  henteu ngaharepkeun pujian jeung panghormatan manusa  ogè miharep mangpaat jeung nolak, Saur Al Harawi, “Ihlas nyaèta ngabersihkeun amal tina kokotor hate.  Nu lianna nyebutkeun ihlas ngan saukur ngaharepkeun karidoan Allah dina ngajalankeun hiji amalan, ngabersihkeun tina sagala tujuan dunyawi. Pikeun  ngawujudkeun ihlas ieu, tètèla lain perkara èntèng, iwal ti jalma-jalma nu mèmang digampangkeun ku Allah. Bakating ku hèsèna salah saurang ulama Yusuf bin Husain Ar Razi  nepi ka negeskeun  yèn salah sahiji anu panghèsèna di dunya nyaèta ihlas. Sanajan geus daria  pisan pikeun ngaleungitkeun riya dina jero hate, sok aya kereteg riya dina wujud anu sèjèn. Pikeun ieu, Kangjeng Nabi Muhammad SAW kantos ngancem  yèn Allah bakal ngasupkeun kana seuneu naraka lamun manusa heunteu meresihan dirina tina hawa nafsu anu kaciri jeung anu nyamuni, meresihkeun niat tina rupa-rupa gogoda nafsu sorangan jeung duniawi  kalayan daria atawa enya-enya, salawasna mere lolongkrang pikeun asupna syètan kana jero jiwa, ngabersihkeun hate tina sifat riya, kasombongan, gèlo jabatan, pangkat, harta pikeun dipamerkeun. Pikeun ngawujudkeun ihlas ieu, saalusna nurutan Rasulullah Shallallahu ‘alaihi wa sallam   jeung tapak lacakna Salafush Shalih  dina amal-amalan jeung taqarrub ka Allah, salawasna ngadangukeun nasèhat manetnna  tur daria kacida  dina megung dorongan nafsu sarta salawasna ngadu’a ka Allah Ta’ala. (tina rupa-rupa sumber)

 

============================================================
============================================================
============================================================