Hariring-Dadang-HPAYA hanjakalna puguh  ogè mangsa ngadèngè pangajaran Basa Sunda ngan saukur nepi ka SLTP wungkul, sabab di SLTA mah basa ieu tèh geus taya mata pangjaranna. Puguh wè moal laju bisaeun kana basa Indungna tèh. Keur mah jamna ngan saeutik, katambah nu ngajarna ogè lain ahlina. Bisa jadi ukur ngagugurkeun kawajiban wungkul. Malah aya harèwos bojong anu nepi kana ceuli, asal urang Sunda, dititah ngajar Basa Sunda. Teuing bisaeun  teuing henteu tah. Saha anu kudu disalahkeun? Pamarèntah Jawa Barat atawa Pusat. Hèsè puguh ogè mapay raratanna. Fakultas Sastra Universitas Pajajaran teu loba ngahasilkeun Sarjana Sastra, sabab mèmang nu asupna ogè ngan saeutik. Pasualanna, Sarjana ti fakultas ieu mah hèsè diangkat jadi pagawè nagri, jaman harita mah taya perhatian pisan ka guru-guru Basa Sunda. Salila mangpuluh-puluh  taun ngan jadi tanaga honor waè, teu salah lamun lulusanna ngan saeutik, sabab teu bisa ngajamin kahirupan kahareupna, jadi guru tetep atawa guru PNS upamana. Lulusan ti Fakultas Sastra ahirna loba anu jadi pangarang, panulis buku-buku mata pangajaran Basa Sunda. Numatak mangsa Gubernur Jawa Barat mangsa harita, Kang Danny Setiawan ngawajibkeun pangajaran Basa Sunda di sakola dasar jeung di SMP, loba anu ripuh teu pupuguh, nu penting aya guruna anu daèkeun. Sabagèan diantarana aya guru basa Sunda anu urang Jawa, pèdah geus lila cicing ti Taneuh Pasundan. Guru urang Sunda anu ogè lain ahli basa Sunda kapaksa ngajar Basa Sunda, hasilna nya saaya-aya.

Padahal Basa Sunda  mah, saur Tèh Euis  Komariah salah saurang Pangawas SD  di Kacamatan Bogor Tengah, rèa pisan unak-anikna. Ti mimiti cara maca jeung  nulisna ogè bèda jeung Basa Malayu atawa Basa Indonèsia. Aya undak-usuk basa, guguritan jeung sajabana. Lain ngan semet ka dinya wungkul, Guru Basa Sunda anu bener mah kudu ngawasaan 17 Pupuh, sok sanajan anu diajarkeun di sakola ukur sababaraha, diantarana  Kinanti, Asmarandana, Sinom jeung Dangdanggula.

Anu inget kènèh nepi ka jaman ayeuna ukur Kinanti anu rumpakana kieu :

Budak leutik bisa ngapung, Babaku ngapungna peuting

Ngurling kakalayangan, nèangan nu amis-amis

Sarpuning bubuahan, naon waè nu kapanggih…Jstna..

Rumpaka pupuh Kinanti ieu ngagagmbarkeun  hiji sato anu disebut  kalong, anu baheula mah loba tinggarantung dina tangkal kai di Kebon Raya Bogor ngan ayeuna mah geus rada arang. Lomba macakeun atawa ngawih pupuh mah, geus remen pisan, malah mun teu salah dina taun ieu, salah saurang murid SD Negeri Polisi 4 jadi juara pupuhu sa-Jawa Barat. Milu reueus ka palebah dinyana mah. Kasenian ieu tètèla lain ngan saukur bogana urang Priangan wungkul, tapi urang Bogor anu cenah heuras cokor heuras genggerong geuning bisa ngèlèhkeun anu lian, anu dina  kahirupan sapopoèan pinuh ku lentong.

Anu acan tèh ngalaksanakeun lomba nyieun pupuh tina anu opat anu diajarkeu di sakola, sangkan anu dipakè conto Kinanti ulah ngan Budak Leutik Bisa Ngapung wungkul, tapi rumpaka sèjènna beunang barudak sakola atawa bisa ogè beunang guru Basa Sunda. Kulantaran  pangajaran Basa Sunda ngan ukur nepi ka SLTP, nya meureun anu miluan tèh ukur budak SMP wungkul. Salian ti bakal ngahangkeutkeun kanyaah kana Budaya Sunda, ogè pikeun ngurangan kana dunya pangulinan  (games) nu kacida maceuhna dina HP jeung computer. Taun kamari pan anu ramè tèh Pokèmon, nepi ka aya gegedèn anu ngingetan bisa pokemon asup ka  tempat-tempat rusiah nagara. Teuing  tah kahareupna bakal aya kaulinan naon deui. Sabenerna harepan nu kacida alusna mah, nagara urang ulah ngan saukur “ngimpor” kaulinan bangsa deungeun anu can tangtu cocok. Ahli computer atawa naon waè sebutanna kudu bisa nyiptakeun  kaulinan urang lembur kayaning  ègrang, sorodot gaplok sarta nu lianan  jadi  animasi jeung kaulinan anu bisa diulinkeun dina HP atawa computer. Lamun bangsa deungeun waè bisa maenya nu palinter di urang teu bisa nyieun nu kitu sarta diekspor ka luar nagri. Sok der ah !